Perkara Sastra Sunda 2011 Abdullah Mustappa Salasahiji kagiatan anu diayakeun dina Kongres Basa Sunda tahun 1988 di Cipayung Bogor nyaeta Pameran Buku Sunda. Nu dipamerkeunana rupaning buku boh anu heubeul boh anu anyar. Patalina jeung buku-buku heubeul memang henteu sagala aya lantaran kawatesanan ku anu nyampak jeung anu kaidinan dipamerkeun ku anu kagunganana. Umumna anu dipamerkeun teh mangrupa kopianana. Tadina midangkeun buku-buku heubeul dina eta pameran teh tujuanana susuganan bakal bisa ngahudang deui katineung ka nu geus kaalaman dina mangsa-mangsa ka tukang. Ari pek leuwih ti kitu. Lain hiji dua anu menta dipangopikeun. Henteu saeutik deuih anu nyebutkeun eta kopian buku-buku heubeul teh engkena bakal disanggakeun ka "pun bapa" atawa "pun biang". Waktu sababaraha bulan ti harita eta pameran buku dituluykeun di Hotel Panghegar Bandung, kajadianana nya kitu deui bae. Buku-buku heubeul teh jadi pangjugjugan, tur lain ngan sakadar ditingali atawa dibukaan. Buku-buku heubeul anu jadi pangjugjugan dina pameran teh umumna mah aya dua rupa. Nyaeta buku-buku anu kungsi dibaca di sakola dina jamanna kayaning Rusdi jeung Misnem, Gandasari, Sumber Arum jeung Panyungsi Basa; jeung buku-buku bacaan (sastra) bangsaning Mantri Jero, Pangeran Kornel, Burak Siluman. Beda jeung buku-buku bacaan di sakola entragan Rusdi jeung Misnem anu masih keneh citakan heubeul kaasup ejahanana, buku-buku sastra mah umumna geus dicitak ulang tur ejahanana oge geus ejahan kiwari. Ngabandungan kumaha tarikna perhatian masarakat kana buku-buku Sunda dina Kongres Basa Sunda harita, aya sangkaan bakal milu ngajurung penerbit pikeun medalkeun buku-buku Sunda, boh anu heubeul boh anu anyar, dina jumlah anu leuwih rea. Tapi eta sangkaan teh henteu meneran. Para penerbit, babakuna Rahmat Cijulang jeung Geger Sunten anu harita ulukutekna dina buku-buku Sunda, biasa-biasa bae. Henteu rea buku-buku anu dipedalkeun sabadana teh. * Mun diitung ayeuna, eta kajadian teh geus lumangsung tilu likur taun ka tukang. Ayeuna, penerbit Rahmat Cijulang, nu harita buku-bukuna rea pisan, geus teu aktif deui. Sabada Rachmat M. Sas. Karana pupus, hanca garapanana teu aya anu neruskeun. Atuh Geger Sunten, ayeuna-ayeuna mah produksina geus henteu pati katembong. Penerbit anu kiwari mayeng nerbitkeun buku-buku Sunda, babakuna buku-buku bacaan jeung sastra, tinggal Kiblat Buku Utama anu dina mangsa lumangsungna Kongres Basa Sunda taun 1988 tacan ngadeg. Dina katalogna, anu dikaluarkeun taun 2010 kacatet aya 165 judul buku dina basa Sunda anu geus diterbitkeun ku KBU. Eta teh rupa-rupa widang, kaasup buku-buku pangajaran, pulitik jeung agama. Nu mangrupa bacaan atawa sastra, aya 79 judul. Bacaan barudak jumlahnya aya 30 judul. Jumlah judul buku sakitu teh ngurung waktu salila sapuluh taun. Meh saparona mangrupa citak ulang buku-buku anu samemehna diterbitkeun ku penerbit sejen, kaasup karya-karya Moh. Ambri jeung Memed Sastrahadiprawira anu sasat jadi bagean tina cikal bakal sastra Sunda moderen. Penerbit anu nerbitkeun buku-buku Sunda memang lain hiji-dua. Waktu Balai Pengembangan Bahasa Daerah Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat ngayakeun kagiatan nitenan buku-buku bacaan jeung buku pangajaran dina basa Sunda, jumlah penerbit teh leuwih ti 50. Ari buku nu diasongkeunana leuwih ti 700 judul. Lamun nilik kana reana judul buku anu terbit dina kurun waktu tilu likur taun sabada Kongres Basa Sunda taun 1988, sigana perkara medalna buku-buku dina basa Sunda teh (iwal buku pangajaran) beunang disebutkeun tacan matak bungah. Memang nerbitkeun buku dina basa Sunda teh lain perkara gampang, lantaran di jerona pabeulit antara urusan cita-cita jeung urusan usaha. Pabeulitna eta perkara teh geus karasa jeung geus ditabeuh leuwih ti satengah abad lilana, tapi keukeuh tacan manggihan jalan pikeun ngungkulanana. Mimiti aya anu meredih sangkan basa Sunda diajarkeun deui di sakola. Tapi sanggeus eta usul dijalankeun salila puluhan taun, pakuat-pakaitna jeung pangaresep kana maca (lantaran buku teh kudu dibaca, kakara bakal aya alaeunana) tacan katembong. Tapi di sagigireun rupaning perkara anu jadi ganjelan tea, aya dua rupa perkara anu pantes lamun dipikiran ku urang sarerea. Kahiji perkara pasar. Kiwari umumna buku basa Sunda, komo anu sastra, tacan aya anu beak sarebu dina jero sataun. Eta jadi salasahiji alesan naon sababna henteu rea buku Sunda anu terbit. Perkara anu kadua nyaeta beuki hesena naskah babakuna anu ditulis kaayeunakeun. Dina obrolan-obrolan jeung sababaraha penerbit mindeng dikedalkeun cenah henteu rea naskah-naskah anyar pibukueun anu katarima ku penerbitna teh. Dina ayana oge, kawilang rea anu tacan nyumponan patokan-patokan naskah anu pantes dibukukeun. Salasahiji anu nonggerak pisan nyaeta dina ngagunakeun basana. Anu kaalaman ku majalah ge memang kitu. Lamun diukur dina jumlahna, naskah-naskah carita pondok anu katarima ku majalah (di dieu contona Majalah Mangle) beuki dieu beuki saeutik. Tina jumlah anu teu pati rea teh, naskah anu katimbang bisa langsung dimuat (dina harti henteu pati hese ngeditna) ukur hiji dua. Biasana naskah-naskah anu kitu teh anu ditulis ku pangarang anu geus biasa nulis. Sakapeung mah memang sok matak ngahuleng. Ongkoh di sakola teh, babakuna di tingkat SD jeung SLTP, aya pangajaran basa Sunda. Pajar cenah tina diajar basa teh ka dituna bakal bisa nyarita jeung resep nulis. Tapi dina perkara basa Sunda mah henteu kitu. Boh dina nyarita boh dina nulis, kaasup guru-guruna, salang surupna metakeun kecap dina kalimah bae mindeng misalah. Komo deui pikeun nyusun carita. Majalah Mangle upamana kungsi ngayakeun pasanggiri nulis novel. Tadina mah kalawan harepan tina pasanggiri tea bakal meunang sababaraha naskah anu engkena bakal nungtut dimuat dina majalah. Harepan kitu teh kajurung ku kanyataan sapopoe tea, hese meunang naskah anu henteu hese ngarucatna. Tapi eta harepan teh dina emprona mah henteu kajadian. Dalah tina jumlahna bae, matak hemeng. Nu katarima ku panitia teh jumlahna ngan 14 naskah. Padahal eta pasangggiri diumumkeun salila genep bulan. Waktu ahirna dewan juri netepkeun teu aya anu bisa dipilih jadi juara kahiji, kapanasaran teh beuki nambahan. Tangtu teu mustahil aya sabab-sabab sejen anu jadi alesan pangna pasanggiri harita henteu pati loba anu miluanana. Tapi sigana di lebah dieu aya perkara anu teu bisa diculkeun kitu bae. * Patalina jeung sastra, hiji-hijina nu bisa dipake patokan ayeuna nyaeta Hadiah Sastra Rancage. Ari Hadiah Sastra LBSS, anu ngajenan carita pondok, sajak jeung esey, kadieunakeun henteu mayeng unggal taun. Waktu roman Panganten beunangna Deden Abdul Azis dileler Hadiah Sastra Rancage taun 2004 aya sangkaan eta hadiah teh bakal ngahatean pangarang-pangarang, babakuna entragan anu beh dieuna, nepi ka leuwih sumanget dina nulis tur bakal murudul karya-karya pangarang saentragan Deden atawa sahandapeunana anu terbit. Tapi henteu kitu. Karya-karya anu dileler Hadiah Sastra Rancage dina taun-taun sabadana umumna mah beunangna pangarang entragan samemeh Deden. Sakumaha kajadianana beh ditu beh ditu, sastra Sunda pangipukanana memang dina majalah atawa koran. Lantaran Hadiah Sastra Rancage diajangkeunana pikeun karya anu geus terbit mangrupa buku, rereana mah samemehna kungsi dimuat heula dina majalah. Diantarana aya oge anu samemehna kapilih unggul dina pasanggiri. Peran media cetak kayaning majalah jeung koran dina milu miara jeung ngahirupkeun sastra Sunda memang gede pisan hartina. Dalah dina mangsa-mangsa teu aya penerbit anu nerbitkeun buku basa Sunda, majalah jeung koran mah terus medalkeun rupaning karya tulis, babakuna dina wangun carita pondok jeung puisi. Alesanana oge henteu luhur-luhur teuing, lantaran carita pondok masih keneh jadi bacaan utama di masarakat urang. Salasahiji kesan umum anu sok mindeng dikedalkeun dina obrolan sapopoe ge apan lamun carita anu dimuat dina majalah tea rame atawa sabalikna. Kritik kana eusi Majalah Mangle kiwari ge nyokona di dinya, caritana teu rame. Lain teu alus tapi teu rame! Pangaresep urang Sunda kana maca carita teh sigana bisa dipake jadi modal utama dina ngararancang rupa-rupa upaya anu aya patalina jeung sastra atawa pabukon. Salila ieu perkara eta teh tara pati dianggap ku sikep anu daria. Balukarna, jadi ngan semet silih pasangka-sangka. Dina urusan kudu kumaha ngabalakanana oge mindeng patuding-tuding. Nu matak munasabah lamun nepi ka poe ieu, hesena naskah anu asup ka majalah teh sajalan jeung hesena naskah anu dikirimkeun ka penerbit. * Lamun dipatalikeun deui jeung kandelna katineung kana buku-buku bacaan heubeul, sakumaha anu kaalaman dina sababaraha kali pameran buku tilu likur taun ka tukang, sigana mah perkara ngagunakeun basa teh henteu bisa dianggap enteng, lantaran ka dituna aya pakuat-pakaitna jeung pangaresep kana maca anu engkena bakal ngamuara jadi pangaresep kana sastra, boh macana boh nulisna. Aya dua masalah anu beda antara entragan harita jeung entragan ayeuna. Urang Sunda entragan harita di sakolana narima pangajaran basa Sunda. Dina prakna, basa Sunda teh lain ngan sakadar diajarkeun tapi dipake dina kahirupan sapopoe. Sanggeus lulus ti sakola aranjeunna rapekan narulis carita sarta terus diumumkeun dina media anu bisa kabaca ku balarea, kaasup ku anu di sakolana henteu kungsi narima pangajaran basa Sunda. Ngan lantaran carita-carita anu aya dina media tea pikaresepeun, kalawan henteu langsung milu nepakeun pangaresep kana basa Sunda. Malah di antarana aya hiji dua anu terus nurutan tulas-tulis dina basa Sunda tur ka dituna nerus manjang jadi bagean penting tina lalakon hirupna. Nya ku cara kitu, di antarana, anu jadi salasahiji sabab bacaan dina basa Sunda rada panjang lalakonna, dina harti aya anu mikaresepna jeung aya anu narulisna. Di sagigireun eta urang Sunda entragan harita oge aya kasempetan anu laluasa pikeun ngabeungharan batinna lantaran dideudeul ku kaayaan lingkunganana. Nyalametkeun orok aya keneh marhaba, nyunatan aya keneh kendang penca, atuh anu nanggap wayang masih keneh rea. Malah sanajan geus rada langka, aya keneh bae anu sok nanggap beluk atawa pantun, kitu deui anu ngawihkeun lalakon tina wawacan. Suasana saperti kitu teh bisa ninggalkeun tapak anu jero. Dalah pantar Godi Suwarna, pangarang entragan beh dieu, kalawan tandes nyebutkeun yen lingkungan kolotna anu resep tetembangan jeung kakawihan gede pisan pangaruhna kana proses kreatifna. Lingkungan atawa hirup kumbuh anu saperti kitu teh geus lila leungit. Dina ayana oge geus beda wandana. Salasahiji diantarana, wayang golek anu dipintonkeun ku Asep Sunandar Sunarya. Asep teh lain ngan sakadar dalang biasa, tapi inovator anu kreatif. Nya ku alpukahna Asep pintonan wayang golek anu mehmehan leungit dihirupkeun deui ku jalan direka nepi ka saluyu jeung pameredih jaman. Lalajo wayang anu dipintonkeun ku Asep teh memang matak resep. Ngan kalawan teu sadar, keur anu lalajo mah sabenerna aya anu leungit. Wayang golek anu samemehna leuwih loba mercayakeun lalakonna kana wacana, ku Asep dirobah jadi visual. Anu jadi ciri hasna upamana, wayang Asep mah bisa utah emih. Saluyu jeung mekarna teknologi, visualisasi carita teh memang bisa matak leuwih pogot ka anu lalajona. Tapi ku cara kitu teh sabenerna aya anu leungit, nyaeta kasempetan urang pikeun ngumbar imajinasi. Lamun samemehna dina wangwangan urang bisa mapantes naon-naon anu ditataan ku dalang, dina lalajo wayang golek nu dipintonkeun ku Asep Sunandar mah teu bisa kitu lantaran imajinasi geus kasungkeret ku visualisasi tea. Padahal lamun dipakaitkeun jeung kagiatan nulis sastra, nu ngaranna imajinasi teh kacida pentingna. * Sabada nitenan kaayanana saperti kitu, aya sababaraha usul anu katimbang perlu jadi perhatian urang sarerea. Kahiji, kudu aya upaya ngawanohkeun deui kabeungharan basa, sastra jeung seni Sunda ka barudak. Dina perkara maca jeung nyarita upamana anu ayeuna meh kapopohokeun teh lentong jeung lapal. Ku kamajuan teknologi jaman kiwari sabenerna lain perkara hese nepikeunana teh. Ku jalan dibere CD anu eusina bagean tina carita lentong jeung lapal teh geus bisa diturutan. Ngan hadena, carita anu dibacana kudu sempalan tina carita anu geus panceg (kanonik). Alusna mah aya imbangan antara wangun dongeng, pantun, wawacan jeung sastra moderen. Eta teh pikeun sakalian ngawanohkeun. Kadua, kudu aya buku-buku sastra edisi murah anu disebarkeun ka balarea. Pentingna, supaya bukuna bisa kabaca, keun bae bukuna babari ruksak ge. Katilu, ngingetkeun peran media (majalah, koran, radio, televisi) katimbang masih keneh gede pangaruhna kana kamekaran sastra (copelna, semet mikaresep) aya alusna upama perkara sastra Sunda teh ditarekahan deui kalawan leuwih ti samemehna. Sikep media anu salila ieu pasif kudu terus ditarekahan supaya bisa leuwih aktif. Kaopat, kumaha carana sangkan sina karasa ku sarerea yen potensi sastra Sunda kiwari masih keneh punjul mun dibandingkeun jeung sastra-sastra basa daerah sejenna di sakuliah Indonesia. Lamun bisa nepi ka kitu, sastra bakal jadi pangabutuh sapopoe.
Bandung, 1 Juli 2011 --- Catetan MJ: Abdullah Mustapa, pangarang sunda, , kungsi jadi koresponden Tempo di Bandung, kungsi jadi redaksi Pikiran Rakyat, kungsi dileler hadiah Rancage, ayeuna redaksi Mangle jeung Pemred majalah Karsa
