Baraya,

Kasus parebut lahan SMAK Dago di Jl. Ir. H. Juanda (ti heula: Jl. Dago)
kamari, ngerakeun pisan. Ngerakeunana teh eta nepi ka buk-bek silih babuk
jeung silih tonjok di pakarangan sakola jeung di Jl Dago, jajalaneun jelema
rea di Kota Bandung anu nelah kota Asia-Afrika, kawentar ku Dasasila
Bandung-na anu ngahalakeun katengtreman.

Naha nya eta lahan nepi ka diparebutkeun ku dua golongan? Tetela geuning di
Bandung oge loba preman anu bisa dihucuhkeun pikeun nyingsieunan sangkan
kahontal hiji tujuan (ngarebut lahan)? Kunaon henteu make jalur pengadilan?
Asa kacida teuing deui dua kelompok anu garelut teh loba preman siga
garelutna dua kelompok geng preman di Jakarta anyar-anyar ieu. Naha rek
diekspor ka Bandung kitu perang model preman di Jakarta anu umumna
diluluguan ku urang sebrang teh? Beu...bakal cilaka ka hareupna Bandung
lamun bibit peperangan model preman kieu rek diwanohkeun di Bandung. Kudu ti
ayeuna keneh dihulag.


manar

Kirim email ke