---------- Forwarded message ---------- From: mj <[email protected]> Date: 2011/7/19 Subject: [Urang Sunda] (Makalah KBS IX Bogor) Geologi Vulkanologi, Prof Adjat Sudradjat [1 Attachment] To: [email protected]
** [Attachment(s) <#131401b6c4c12193_TopText> from mj included below] NARATAS ISTILAH BASA SUNDA DINA ÉLMU GEOLOGI JEUNG VULKANOLOGI (THE EXPLORATION OF SUNDANESE TERMINOLOGY IN GEOLOGY AND VOLCANOLOGY) Ku: Adjat Sudradjat Fakultas Téknik Géologi Universitas Padjadjaran INTISARI Ku lantaran Tatar Sunda merenahna di wewengkon anu pibahlaeun ku rupa-rupa mamala alam, saperti gunung bitu, lini jeung tsunami, masarakat perelu digeuing sing caringcing pageuh kancing sarta hirup kumbuh saluyu sabilulungan jeung kaayaan alam. Sosialisasi ka sakola jeung pasantrén sarta balaréa di palemburan, bakal leuwih munel lamun ditepikeun dina basa Sunda anu dipaké gunem catur sapopoé ku masarakat. Ku kituna perelu ditaratas istilah basa Sunda dina widang géologi jeung vulkanologi anu aya patula-patalina jeung mamala alamiah. Buku "Didodoho Lahar" alhamdulillah ngarangkum leuwih ti 70 persén istilah Sunda anu diperelukeun pikeun bahan dina éta sosialisasi. Kecapkonci: Tatar Sunda, mamala, géologi, vulkanologi, caringcing, istilah Sunda ABSTRACT Tatar Sunda is located in an area prone to various types of natural disasters, among others volcanic eruption, earthquake and tsunami. It is therefore a socialization suggested to enhance the people's preparedness against natural disasters and to live in harmony with the nature. The socialization both through schools and religious education institutions, and general community would be most convenient if it was delivered in the Sundanese language, which is spoken by the people in the rural area. For this purpose, the geology and volcanology terminology related to natural disaster should be explored. A book entitled "Impended by Mudflow" seems to cover more than 70 percent of the Sundanese terminology needed for the above mentioned socialization. Keywords: Tatar Sunda, natural disaster, geology, volcanology, preparedness, Sundanese terminology BUBUKA Ku mindengna ngalaman mamala nu aya patalina jeung réngkah polahna alam, istilah géologi geus ilahar dipaké dina komunikasi. Sababna, cék ahli géologi cenah méh kabéh mamala alamiah téh dilantarankeun ku kaayaan géologi. Bumi tempat urang hirup kumbuh saenyana teu cicing. Kulit bumi ngarayap aya kana genep séntiméterna dina sataun. Ku kabeneran, Tatar Sunda merenahna nampeu kana tempat paadu-huluna kulit bumi Ustralia jeung Asia di Laut Kidul. Ku kituna geus pasti Tatar Sunda didodoho lini, tsunami jeung gunung bitu. Menggahing mamala alam, teu bisa dipungpang atawa dihalang-halang. Sakabéh manusa teu walakaya. Ku kituna, kapaksa kudu caringcing pageuh kancing (preparedness), saluyu sabilulungan (in harmony) jeung kaayaan alam. Pikeun ngahontal éta perkara, perelu ayana panuduh jalan (sosialisasi) pikeun balaréa supaya dina aya mamala, saréréa bisa nyingkah. Lamun diitung tina legana, méh 60 persén urang Sunda nyicingan palemburan anu merenahna di wewengkon bahaya, boh bahaya lini, boh tsunami atawa gunung bitu. Ku lantaran basa nu dipaké sapopoé di palemburan mah basa Sunda, tinangtu sosialisasi téh bakal leuwih munel lamun ditepikeun dina basa Sunda, moal nepi ka asup kana babasan nya picung nya hulu maung. Ku kituna karaos peryogina nyalin istilah géologi jeung vulkanologi kana basa Sunda, sumawonten kanggé bahan pangajaran di sakola jeung pasantrén. Pribados ngahaturkeun nuhun laksa keti kabingahan ka Panitia Kongrés Basa Sunda, wa bil khususan ka pangersa Bapa Dr. Dingding Haérudin, M.Pd., Bapa Drs H. Idin Baidillah, M.Pd, sareng pangersana Bapa Us Tiarsa ti LBSS anu parantos ngulem pribados dina ngareuah-reuah Kongrés. Salajengna pribados ngaraos kahutangan budi ku Bapa Rahmat Taufiq Hidayat anu parantos ngajurung laku énggoning ngiring jabung tumalapung, seja tumapalang dina ieu Kongrés. Ka pangersa Bapa Réktor Universitas Padjadjaran, Bapa Dékan Fakultas Sastra sareng Bapa Dékan Fakultas Téknik Géologi, teu hilap pribados ngahaturkeun panuhun ku sadaya pangdeudeulna. NYUSUD SUNGAPAN KECAP Saméméh nyalin kecap basa Indonesia kana basa Sunda, perelu disusud heula sungapan kecapna. Istilah dina widang élmu géologi, siga ilaharna dina élmu pangaweruh séjénna, asupna kana basa Indonésia teh ngaliwatan basa Walanda. Ku lantaran kitu istilah géologi mah méh kabéh asalna tina basa Walanda ku jalan naturalisasi. Nyalin kecap tina basa Walanda kana basa Indonésia diatur ku pakem ditulisna, lain dibacana, contona kecap géologi asalna tina geologie atawa vulkanologi tina vulkanologie. Aya ogé sabaraha kecap anu sacéréwéléna diindonésiakeun, sanajan henteu merenah ngalarapkeunana. Contona breuk, anu diindonésiakeun jadi patah atawa patahan. Ku kituna teu pati kaharti, lamun aya istilah upamana taneuh ngulapés, potong jiga balung. Ieu kecap dina basa Inggrisna fault atawa gagal. Untung baé éta istilah henteu nyutat tina basa Inggris, jadi salamet henteu nepi ka jadi taneuh gagal. Ka béhdieunakeun basa Inggris jadi lulugu dina élmu pangaweruh. Kitu deui dina bagbagan géologi. Sababna, lantaran Jerman kaléléd ku Sekutu. Katug-turug sanggeus Walanda ku urang diusir, urang Amérika jul-jol daratang. Baheula mah di universitas anu geus maroyan, anu ngalajar téh urang Amerika. Basa panganteur diganti tina basa Walanda kana basa Inggris. Salian ti éta loba bangsa urang anu disakolakeun ka Amérika. Kitu deui buku bacaan basa Inggris meuweuh; buku Amérika wedalan Asia harita mah hargana murah. Ku kituna élmu géologi kapaksa ngindung ka dua basa nya éta Inggris jeung Walanda. Nepi ka kiwari, aya dua istilah ngeunaan gunung seuneuan, nya éta vulkanologi anu maké aksara u jeung volkanologi anu maké o. Nu kahiji nyutat tina basa Walanda vulkanologie, ari anu kadua tina basa Inggris volcanology. Duanana padegeng-degeng, euweuh nu daék ngéléhan. Dilarapkeunana pabeulit bari jeung teu ngarti asal-usulna sarta ogé henteu ajeg (consistent) makéna, lantaran dicampur disamarutkeun. Dina prakprakanana nyalin tina basa deungeun kana basa Indonésia, lamun euweuh padananana, sok ngoréhan tina basa daérah. Loba kecap anu diinjeum tina basa Sunda atawa basa Jawa. Dina palebah dieu kaharti sabab loba kecap basa Sunda anu nyangkaruk dina basa Indonésia. Pangersana Bapa Satjadibrata dina buku Kamus Indonésia-Sunda (1952), nyerat kieu: "Dina basa Indonésia téh kawas dina basa-basa séjén baé, loba kecap anu asal tina basa daérah atawa basa asing, malah loba nu asal tina basa Sunda ogé". Anjeunna ngabéréndélkeun teu kurang ti 300 kecap anu uni jeung hartina sarua. Ku lantaran kitu loba kecap basa Indonésia anu geus sadia padananana dina basa Sunda, upamana waé lempung boh dina basa Sunda, boh dina basa Jawa sarua uni jeung hartina nya éta clay dina basa Inggris atawa klei dina basa Walanda. Aya ogé kecap anu dicutat tina basa Banjar, Kalimantan nya éta gambut anu dina basa Inggrisna disebut lignite. Malah cenah, urang Malaysia ogé bireuk ngalarapkeun éta kecap, lantaran mémang euweuh dina basa Malayuna. Nurutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia (2005), gambut téh "tanah lunak dan basah terdiri atas lumut dan bahan tanaman lain yang membusuk (biasanya terbentuk di daerah rawa atau di danau yang dangkal)". Ku hangkeutna adu-rényom basa antara bangsa urang jeung Malaysia, basa Walanda beuki kapapalérkeun. Urang Malaysia nyusud sungapan kecapna tina basa Inggris. Loba basa Inggris anu disalin kana basa Malaysia ku jalan naturalisasi kalawan maké pakem sakumaha dikedalkeunana. Upamana waé bulan Julai anu nyutat tina basa Inggris July. Ayeuna bangsa urang ogé loba anu nyalin kecap Indonésia saujratna tina basa Inggris, bari balik deui maké pakem basa Walanda. Contona kolaborasi tina collaboration, padahal aya kecap basa Indonesia anu geus maneuh nya éta kerjasama. Kitu deui korporasi tina corporation anu hartina dina basa Indonesia perusahaan. Éta kecap geus heubeul nyangkaruk dina basa Indonesia. GÉOLOGI JEUNG VULKANOLOGI DINA BASA SUNDA Dina nyalin istilah géologi kana basa Sunda, dilulugukeun kecap anu geus maneuh. Saterusna lamun kudu nginjeum basa deungeun, disusud heula sungapanana. Kakara ti dinya dilarapkeun pakem naturalisasi. Tapi saméméhna, kudu ngoréhan heula padanan tina basa daérah séjénna. Ku kituna istilah élmu géologi jeung vulkanologi ngaracik opat sungapan nya éta Walanda, Inggris, Malayu atawa Indonésia pituin, jeung basa daérah. Ngeunaan kecap vulkanologi, kabeneran dina basa Indonesia geus aya kecap karéta api anu saluyu jeung hukum DM. Ku sabab kitu vulkanologi disalin kana basa Indonésia jadi gunung api, nulisna aya nu dipisah aya ogé nu dihijikeun. Tapi katompérnakeun, bisa jadi ieu kecap téh kurang gagah, nya balik deui kana vulkanologi. Katurug-turug éta kecap téh kiwari dipaké ngaran kantor Pamaréntah anu ngurus perkara gunung, ku kituna geus dianggap resmi. Aya sababaraha kecap dina basa Sunda ngeunaan gunung anu lamun dilarapkeun, leuwih merenah batan basa Indonésia. Upamana baé kecap tutugan anu dina basa Indonésiana disebut kaki, sarua jeung basa Inggris foot. Dina nyalin kana basa Sunda leuwih merenah maké kecap tutugan, tibatan suku saperti disalin tina basa Indonésia. Salian ti kecap gunung, aya deui kecap pasir jeung hunyur anu nétélakeun ukuran muncugugna taneuh ti nu panggedéna ka nu pangleutikna. Saterusna aya kecap geger nyaéta gugunungan anu manjang. Gunung anu henteu muncrut tapi lega jeung jumlahna loba sok disebut ngunung-ngunung. Palebah dieu katangar basa Sunda leuwih punjul ti batan basa Indonésia. Dina basa Indonésia perkara gunung ngan aya dua kecap, nyaéta gunung jeung bukit ditambah hiji kecap rarangkén nya éta pegunungan. Dina basa Walanda ngan aya dua kecap nyaéta berg jeung heuvel anu duanana nuduhkeun gunung nu laleutik sanajan nu hiji leuwih jangkung. Dina basa Inggris aya tilu kecap ngeunaan gunung nyaéta mount, hill, ridge jeung hiji kecap rarangkén nya éta mountain. Ari kecap vulkaan (Walanda) atawa volcan (Inggris) mah sarua jeung urang, nginjeum tina basa Latin, nyaéta Vulcan ngaran Déwa Seuneu anu ngancik di Gunung Vulkan, Italia. Kulantaran teu cukup kecap pikeun nyalin perkara gunung kana basa Indonésia, Purbo-Hadiwidjoyo (1994) kapaksa nginjeum kecap igir nu asalna tina basa Jawa, pikeun nyalin kecap ridge. Dina basa Sunda ogé aya nya éta geger. Dina perkara gunung tangtu kaharti pangna basa Sunda pinunjul, sabab basa Indonésia akarna tina basa Malayu anu dipitutur ku urang laut. Geus tangtu urang Malayu moal wanoh kana perkara gunung. Kitu deui dina bagbagan géologi, lantaran di laut mah teu aya batu. Dina basa Walanda ogé sarua, lantaran méh sakabéh wewengkonna rata atawa handapeun cai laut. Di dinya euweuh batu sahulu-hulu acan. Ku lantaran kitu dina widang géologi, istilah-istilah basa Walanda nginjeum tina basa Jerman anu leuwih wanoh kana gunung. Ku lantaran urang Jerman éléh perang, kiblat pangaweruh pindah ka Amérika anu ngalulugukeun basa Inggris. Ku kituna nyalin kecap kana basa Sunda, leuwih hadé nyukcruk sungapanana tina basa Inggris. Kecap Inggris mount, hill, ridge jeung mountain aya padananana dina basa Sunda nyaéta gunung, pasir, geger jeung ngunung-ngunung. Malah mah leuwih, ku ayana gundukan taneuh anu ukuranana pangleutikna nya eta hunyur. Tétéla lamun nyusudna tina basa Indonésia geus tangtu moal kaudag, lantaran dina basa Indonésia mah perkara gunung téh ngan aya dua kecap. NGAGUAR BUKU DIDODOHO LAHAR Ku maksud rék milu ulubiung dina sosialisasi bahaya gunung bitu, itung-itung dogdog pangréwongna, simkuring nyobian nyerat perkara gunung anu dirarangkénan ku carios panjang atanapi roman anu judulna "Didodoho Lahar". Lamun dikhususkeun perkara gunung, tangtu piboseneun jeung bisi kaasup kana buku ajar anu jadi hancengan para guru. Ku tabah kana perkara gunung, dina kabeneran bituna, insya Alloh moal jadi mamala. Gunung di Tatar Sunda dina keur ayem tengtrem, ngarojong kana kajatnikaan, sabab gemuk anu nyuwuk tatanén dibudalkeun tina kawah gunung. Cék para ahli géologi, cenah kulit bumi Ustrali jeung Pasifik téh babarengan ngahompét kulit bumi Asia di wewengkon urang. Kulit bumi Ustrali paadu-hulu jeung kulit bumi Asia di Laut Kidul, pernahna kira-kira 150 kilométér kiduleun basisir Pulo Jawa. Ari kulit bumi Pasifik neumbrag kulit bumi Asia di wewengkon Maluku jeung Sulawesi. Kulantaran kitu, bumi di wewengkon urang téh karasa eundeur. Éta anu disebut lini téktonik. Lini nu pernahna di dasar sagara, sok dibarengan ku ngagibegna cai laut nepi ka ombakna mudal ngeueum basisir. Banjir sarupa kitu disebut tsunami saperti kajadian anu kamari di Acéh jeung Pangandaran. Salian ti éta, paaduna kulit bumi téh ngaluarkeun panas siga tina seuneu anu ngagugudag, nepi ka batu di jero taneuh téh lééh jadi magma. Ieu magma nyelesep kana rongga-rongga dina jero batu, antukna asup kana tikoro (diatrema) gunung. Saterusna éta magma téh bijil tina liang kawah, tuntungna gunungna bitu ngaburakeun batu panas, kayaning koral (pyroclastics) jeung lebu (ash). Sakapeung anu kaluar teh ngalémbéreh jiga gulali anu disebut lava. Lebu anu mesat ka awang-awang nepi ka puluhan kilométér luhurna. Lamun gunungna geus reureup, batu panas anu ngendek dina lamping gunung katinyuh ku cai hujan bakal jadi banjir lahar. Saterusna dicutat tina buku "Didodoho Lahar" kaayaan lamping gunung bitu saperti kieu: "Taneuh di reuma kakubur ku lebu méh kana 10 séntina. Koral anu remuk saukuran siki suuk anu dingaranan lapilli, pacampur jeung lebu. Lamun dikumkeun hujan batu saperti kitu téh disebutna hujan koral panas (pyroclastic fall). Kaharti, da reuma téh kaasup kana Daérah Bahaya I, nya éta wewengkon anu baris kahujanan batu panas. Bisa jadi ukuran batuna ogé galedé, malah aya nu sagedé hulu kalapa, anu disebut bom (bomb)". "Lain waé ku hujan batu, Daérah Bahaya I ogé aya bahan kalindes ku ngagolontorna batu panas (pyroclastic flow). Ieu batu panas téh mangrupa adonan gas, lebu jeung keusik. Ku lantaran beurateun ku eusina, gas téh ti batan ngapung kalah ka ngagolontor (flowing) mapay-mapay lamping. Ti kajauhan katempona teu pati béda jeung méga anu buburialan. Lamun beurang kacirina geuneuk meuleukmeuk, tapi lamun peuting mayakpak ruhay. Ku lantaran kitu, éta batu panas teh disebut méga ruhay (glowing cloud atawa nueé ardénte)." "Tatangkalan jeung padumukan geus pasti géhéng lamun kasapu ku méga ruhay. Di Gunung Peleé, Karibia, korban anu maot disapu méga ruhay dina bitu taun 1902, aya kana 30 rébu jalmana". Kaayaan dina jero beuteung gunung, dipintonkeun ku impian Drs. Irsanad anu ku temen-temenna nalungtik gunung, nepi ka gunung téh kaimpi-impi. "Anu disebut tikoro (diatrema) ku Aki téh liang jeroeun kawah atawa genggerong téa. Kawah téh bisa dianggap sungutna tikoro. Najan panas sakitu ngahéabna, Aki teu réngrot-réngrot, malah tetep mésem" "Ari sababna Irsanad sesek mah éta lantaran rupa-rupa gas anu pacampur jeung haseup, kayaning CO, CO2, gas walirang, jeung khlor. Sabenerna CO jeung CO2 mah teu ngabahayakeun, malah alus pikeun pepelakan. Tapi pikeun jelema mah lamun kaseuseupna rada loba, bisa malik jadi racun. Disebutna ngaleuwihan wates wangen (batas ambang) jeung lila teuing nyeuseupna (exposure). Komo gas CO mah, sabab ieu gas téh nyedot oksigén anu diperelukeun ku bayah urang". "Tah ieu téh kantong magma (magma pocket), ukuranana teu pati gedé. Ayeuna urang kakara turun kira-kira 3 kilométér di jero beuteung Galunggung. Engké beuki jero, kira-kira 10 kilométér, bakal manggihan deui magma anu ukuranana leuwih gedé. Tempat magma anu disebut ku Aki téh, nya éta kamar magma (magma chamber). Boh kantong magma, boh kamar magma, sok disaruakeun disebutna téh dapur magma, sigana ngarah gampang lantaran duanana ogé ngebul jiga dapur." "Cék Aki cenah panasna téh leuwih ti 1800° Célcius. Ku Aki ngahaja dialungan lamak, ngan sajorélat lamak téh hurung, terus ancur lebur kana adonan batu anu ngabulak-bulak téa. Gep Aki nyokot batu anu aya dina titincakanana, lung dialungkeun deui, sarua ngan sajorélat batu téh geus lebur. Mimitina kaduruk siga diléntab seuneu, tuluy lééh ngalelep kana adonan batu anu ruhay téa. Kacipta mun awak manusa digebruskeun ka dinya, kitu pikir Irsanad". PAMUNGKAS Tatar Sunda kaasup kana wewengkon bahaya ku rupa-rupa mamala alamiah, saperti gunung bitu, lini jeung tsunami. Ku lantaran kitu perelu diayakeun sosialisasi, boh di sakola atawa pasantrén, boh di masarakat pikeun balaréa. Sosialisasi dina basa Sunda keur urang palemburan mah tinangtu bakal leuwih sumelesep kana sanubarina. Ku kituna simkuring ketekal-ketekil nyobian naratas istilah élmu géologi jeung vulkanologi dina basa Sunda anu aya patula-patalina jeung mamala alamiah téa. Alhamdulillah, langkung ti 70 persén ku raraosan mah, istilah maneuh anu aya dina basa Inggris anu janten lulugu basa panganteur élmu pangaweruh jaman kiwari, tiasa disalin kana basa Sunda. Insya Alloh dina bagbagan géologi sareng vulkanologi mah, basa Sunda tiasa diandelkeun. DAPTAR PUSTAKA Lembaga Basa & Sastra Sunda (LBBS), 1995, Kamus Umum Basa Sunda, Citakan ka 9, Penerbit Taraté, Bandung, 568 kaca Purbo-Hadiwidjoyo, M. M, 1994, Kamus Kebumian, Glossary of Geosciences and Geotechnology, Grasindo, Jakarta, 253 kaca Pusat Bahasa Depdiknas, 2005, Kamus Besar Bahasa Indonesia, Édisi Ka Tilu, Balai Pustaka, Departemén Pendidikan Nasional, Jakarta, 1382 kaca Satjadibrata, R., 1952, Kamus Indonésia-Sunda, Penerbit Kebangsaan, Percetakan Rakyat N.V., Djakarta, 304 kaca Sudradjat, Adjat, 2010, Didodoho Lahar, Lalakon Galunggung Bitu, Kiblat Buku Utama, Bandung, 246 kaca Riwayat Hirup Prof Dr Ir Adjat Sudradjat, MSc Tasikmalaya, 14 Januari 1942 ITB taun 1965 (Ir Géologi), Délft, Nagri Walanda taun 1971 (MSc Aerial Survey), ITB taun 1982 (Doktor, Géologi) Gurubesar Fakultas Téknik Géologi, Universitas Padjadjaran (ti ngawitan taun 1997), kantos nyepeng kalungguhan Diréktur Vulkanologi sareng anu sanésna di lingkungan Departemén Pertambangan Buku : 6 di antawisna hiji dina basa Inggris, hiji dina basa Sunda Seratan ilmiah kirang langkung 100 Seratan popilér dina koran sareng majalah kirang langkung 120 Kantos diulem masihan kuliah di Universitas Tokyo (Jepang), Universitas Utrécht (Belanda) sareng Universitas Durham (Inggris) Anggota Ikatan Ahli Géologi Indonesia Padumukan Jalan ir H Juanda 329 Bandung, sms 0811859833, [email protected]
