---------- Forwarded message ----------
From: mj <[email protected]>
Date: 2011/7/19
Subject: [Urang Sunda] (makalah KBS ix bogor) Ketak komunitas daina
Ngamasarakatkeun Sastra, Acep Zamzam Noor
To: [email protected]
**
**
*Ketak Komunitas *
*dina Ngamasarakatkeun Sastra*
* Acép Zamzam Noor*
*DINA* taun 1980-an katompérnakeun loba kacida komunitas sastra nu muncul
méh di unggal wewengkon. Kaayaan siga kieu téh ngajadi ciri yén kagiatan
sastra geus teu museur deui di kota-kota gedé kayaning Jakarta, Bandung,
atawa Yogyakarta. Tingpucunghulna komunitas-komunitas sastra di daérah siga
kitu téh ditandaan ku hangkeutna kagiatan tulis-tinulis, maca sajak jeung
diskusi nu dilakukeun ku sakumna nu ngarojong éta komunitas, bari
diteruskeun ku nerbitkeun buletin atawa kumpulan sajak nu ditarékahan ku
maranéhannana sorangan. Buletin-buletin sastra, naha nu mangrupa potokopi
atawa nu dicitak, medal di Lampung, Jambi, Palembang, Padang, Pekanbaru,
Denpasar, Makassar, Banjarmasin ogé di kota-kota leutik nu aya di wewengkon
pulo Jawa. Majalah Sastra* Horison* nu nepi ka taun 1980-an masih
ngarupakeun* tolok ukur* keur** kamekaran Sastra Indonésia ngan jadi
salah-sahiji (lain hiji-hijina) média sastra nu jadi udagan (oriéntasi) para
pangarang nu ngarora. Jurnal* Citra** Yogya* ti Yogyakarta,* Cak* ti
Denpasar,* Kolong Budaya* ti Magelang,* Menyimak* ti Riau,* Lingkar* ti
Serang atawa* Puitika* ti Tasikmalaya misalna, sanajan rupana masih basajan,
tapi mibanda “wibawa” nu cukup nepi ka loba panyajak ti daérah-daérah séjén
nu ngarasa reueus mun sajak-sajakna dimuat di dinya téh.
Lain ngan ukur buletin atawa jurnal, tapi kumpulan sajak ogé loba kacida nu
ditalerbitkeun ku komunitas-komunitas sastra ti daérah téh. Di Lampung
misalna, terbit kumpulan sajak nu teu kawilang saeutik jumlahna, pon kitu
deui di Palembang, Padang, Malang, ogé di Denpasar. Péta “kepenyairan
nasional” ogé teu ngan dipinuhan ku ngaran-ngaran nu asalna ti Jakarta,
Bandung atawa Yogyakarta, tapi aya ogé ti Ngawi, Malang, Gresik, Cirebon,
Tasikmalaya, Magelang, Sumenep, Makassar nepi ka Denpasar. Kamekaran nu
kawas kieu téh geus tangtu matak nyugemakeun kusabab wilayah kasusastraan nu
salila ieu ngan aya di kota-kota gedé nu aya fakultas sastrana, éstu jadi
sumebar ka wewengkon-wewengkon séjén nu saméméhna mah teu kairong. Tétéla,
horéng ayana fakultas sastra téh teu ngajadi hiji ukuran pikeun ramé jeung
henteuna kasusastraan di hiji daérah.
Teu kawas téater anu sipatna komunal, sipat aktivitas kasusastraan mah
sabenerna leuwih individual. Hiji panyajak atawa panyarpon misalna, dina
barang gawéna teu gumantung kana kagiatan kelompok atawa komunitasna. Hiji
panyajak bisa waé nulis sajakna téh éstu nyorangan baé di kamerna, terus
dikirimkeun ka koran atawa ka majalah. Sanajan kitu, sabenerna ajén
kapanyajakan ogé teu sasederhana kawas kitu. Ajén kapanyajakan lain ngan
saukur nuliskeun pipikiran jeung pangrasa wungkul, lain ngan saukur
ngébréhkeun eusining haté (curhat) wungkul. Kapanyajakan éstu kudu
“bersentuhan” jeung lingkungan kahirupan nu leuwih lega. Ongkoh kacida
lobana panyajak-panyajak nu ngabogaan bakat ti unggal daérah téh, tapi terus
tirem kitu waé alatan teu meunang pangrojong infrastruktur ti
sabudeureunnana. Nu dimaksud infrastruktur di dieu lain hartina sarana,
fasilitas, atawa bantuan pamaréntah, tapi hiji lingkungan* pergaulan* nu
ngarojong kana ayana kreativitas, lian ti persaingan nu séhat di antara para
panyajak sorangan. Atmosfir samodél kitu téh tangtuna ngan baris aya dina
hiji komunitas anu kawilang séhat ogé.
Cararemna para panyajak ngora nu ngabogaan bakat gedé, teu saeutik
dilantarankeun ku tayana komunikasi di antara sasama panyajak sorangan,
atawa ku euweuhna komunitas nu ngajadi hiji* kanal* pikeun kreativitas
maranéhannana. Ogé teu saeutik panyajak ngora nu kabéngbat ku widang séjén
nepi ka pohona kana kasusastraan ku alatan euweuhna babaturan nu daék maca
kana karya-karyana, atawa alatan teu boga batur keur diskusi, euweuh nu
merhatikeun kréativitasna atawa euweuh nu ngadorong sangkan manéhna terus
sumanget berkarya. Teu saeutik ogé panyajak nu* pangsiun* tina ngahasilkeun
karya ku alesan ékonomi, terus milih jadi supir angkot atawa jadi tukang
ojeg misalna.
Sigana lebah dieu pisan pentingna komunitas pikeun ngaronjatkeun
kamotékaran hiji panyajak téh. Lebah dieu pisan pentingna hiji iklim nu
ngamungkinkeun ayana hiji gésékan kréativitas. Naha rék jadi guru, penyiar
radio, salés, wartawan, padagang kakilima, ibu rumah tangga atawa pamajikan
bupati nu kasakieu upamana, sabenerna teu matak ngahalangan kana gawé salaku
panyajak mah. Malah, ongkoh sajak téh masih kénéh bisa ditulis kalayan maké
inténsitas nu gedé sok sanajan urangna bari ngalakonan profési salaku lurah,
camat, kapala dinas, guru, dosén, padagang, atawa ulama, misalna.
Hartina komunitas rada béda jeung kelompok, sanggar atawa grup nu ngan
saukur dideudeul ku para anggahotana. Komunitas ngabogaan harti nu leuwih
lega batan kelompok, sanggar atawa grup, kusabab dina komunitas mah teu ngan
saukur aya para anggahota wungkul, tapi ogé aya publikna, simpatisannana,
atawa aya ogé nu ngarasa boga kapentingan kana kasusastraan, saperti murid
sakola, mahasiswa, guru atawa dosén. Ku kituna karya-karya nu dihasilkeun ku
para panyajakna ogé aya nu mikaresepna, aya nu ngalap mangpaatna, lian ti
aya ogé balaréa nu merhatikeunnana. Mun téa mah aya panyajak nu sumangetna
rada ngendoran atawa galideur “iman” dina jihad kapanyajakannana, dina
komunitas mah baris bisa “kahudangkeun” deui ku ayana dorongan ti babaturan,
simpatisan atawa balarea. Atawa bisa waé kusabab kapanasan ku ayana
“persaingan” nu séhat na jero éta komunitas kénéh.
***
* JAWA BARAT* ngabogaan posisi nu unik dina péta kapanyajakan
nasional. Bisa jadi ku sabab deukeut ka puseur (Jakarta jeung Bandung),
komunitas-komunitas sastra di ieu wewengkon rada elat munculna mun
dibandingkeun jeung Sumatera atawa Bali mah. Para panyajak nu dumuk di
Depok, Bekasi, Bogor atawa Tangerang katingalina téh ngan miboga udagan
(oriéntasi) ka Jakarta, antukna jadi ngabogaan imej salaku panyajak ibukota.
Pon kitu deui wewengkon-wewengkon di sabudeureun Bandung, méh kabéh ngiblat
ka Bandung. Kakara dina dékadeu 1990-an ngadeg komunitas-komunitas sastra nu
nunjukkeun aktivitasna di Tasikmalaya, Cirebon, Majalengka, Kuningan,
Ciamis, Sukabumi jeung Cianjur. Sok sanajan kitu, komunitas-komunitas téater
mah sabenerna geus leuwih ti heula ayana. Ongkoh ti komunitas-komunitas
téater pisan daratangna nu mikaresep kana maca sajak nu sok nelah ku
sesebutan déklamator téh. Taun 1980-an kabeneran kuring sok rajeun dipéntaan
tulung keur jadi girang pangajén (juri) lomba maca puisi di Bandung. Harita
loba pisan para pamilon nu asalna ti Garut, Ciamis, jeung Kuningan nu baroga
tehnik maca sajak nu aralus kacida. Maranéhannana téh lain ti komunitas
sastra tapi ti komunitas téater.
Awal dékadeu 1990-an basa Godi Suwarna pindah ka Ciamis, sakumna nu
mikaresep kana sastra nu aya di Tatar Galuh mimiti ngelembeng, utamana nu
mikaresep kana maca sajak. Saméméhna mah nu mikaresep kana sastra téh
ngarumpulna dina kelompok-kelompok téater, kayaning Téater A-I-U, Téater
Awal, Téater Korsi, Téater Jagat jeung sajabana, nu mémang geus nanjeur ti
taun 1980-an kénéh. Sakumna nu mikaresep kana sastra, naha ti réngréngan
pangarang atawa nu maca, ahirna ngahariji (marengkeut karep) dina komunitas
KGB (Kulawarga Galuh Budaya). Ieu komunitas téh ngabogaan pangaresep nu
leuwih jembar kana kabudayaan, kaasup kana kasenian tradisi.
Kitu deui di Tasik, munculna komunitas téater leuwih ti heula (ahir
taun 1970-an) ngaliwatan Téater Epos jeung Sanggar Prasasti, saterusna
disusul ku Téater Ambang Wuruk jeung Téater Dongkrak dina awal taun 1990-an.
Di ieu komunitas téater téh loba pisan nu mikaresep kana sastra nepi ka
ngabarogaan agénda nyalagarakeun lomba maca puisi unggal tauna téh.
Komunitas sastra muncul ditandaan ku ngadegna SST (Sanggar Sastra Tasik)
dina taun 1996, najan prosésna mah geus dimimitian ti dua taun saméméhna
kénéh. Antara téater jeung sastra téh ngabogaan hubungan nu layeut, ongkohna
ampir sakur aktor téater téh apanan sakaligus ogé déklamator. Ku kituna
munasabah mun kahirupan sastra di daérah-daérah mah mimiti digerakkeunana
téh nya ku para aktivis téater pisan.
Di Garut komunitas téater geus cukup lila éksisna. Para sutradara,
aktor, deklamator nu kasebut mahér loba nu asalna ti kota dodol ieu.
Kalolobaannana kelompok téater nu aya di Garut patali jeung sakola-sakola
atawa kampus, nu matak kelompok-kelompok téater di Garut mah bisa manjang
umurna tur ngabogaan pangrojong nu geus karuhan. Di Garut urang geus lila
wanoh ka Sanggar Limanov, Téater Lentéra, Téater Awal jeung nu séjénna.
Kituna téh leuwih dikuatan deui ku medalna Himpunan Seni Drama Garut
(Hisdraga) nu jadi papayung pikeun kelompok-kelompok téater nu kasebut tadi.
Dadéng Supraji jeung Saéful Anwar ngarupakeun penggerak téater ti Garut nu
geus nelah tur kacida militanna.
Rada béda jeung Tasikmalaya nu loba ngalahirkeun panyajak, Garut mah
leuwih kacatet alatan para aktor jeung para déklamatorna nu sok*
ngaraja*méh dina unggal lomba maca puisi nu dicalagarakeun di unggal
daérah, kaasup
Bandung jeung Jakarta. Hal ieu téh ngalantarankeun tumuwuhna pangaresep kana
maca sajak (hususna keur dina pasanggiri) nu kacida gedéna, lian ti teu
eureun-eureun sok diayakeun “pembinaan” nu kasebut seurieus ti para guru
kasenian atawa ti para aktivis téater. Nu disebut Lomba Maca Puisi boh di
lingkungan sakola, di tingkat kacamatan atawa kabupatén ongkohna sok
dicalagarakeun sacara rutin di kota dodol mah.
Méh unggal aya lomba maca puisi nu dicalagarakeun ku SST ogé
contona, jumlah para pamilon nu asalna ti Garut sok kacida lobana, boh keur
tingkat SLTP, SMA, mahasiswa atawa umum. Ongkohna deuih arinyana mah sok
ngadominasi waé dina babak final téh, malah sok jaradi juara. Mun pareng aya
pamilon nu teu asup kana babak final, pasti sok langsung jadi bobotoh pikeun
balad-baladna, nu matak suasana lomba sok remen jadi haneuteun tur ramé
kacida. Tukang maraca sajak nu hadé ti Garut mah sigana moal aya béakna.
Kabuktiannana, nalika generasi nu ngalaman kajayaan dina ahir taun 1990-an
geus ngiles, kiwari muncul deui para déklamator ngarora nu garedé bakatna.
Ongkoh nu matak hélok mah, pangrojong keur maranéhna téh datangna teu ngan
saukur ti para pelatih téater, guru-guru kasenian atawa pihak sakola, tapi
ogé ti kolotna séwang-séwangan anu mémang dina jaman keur ngarorana ogé
mikaresep kana seni maca puisi. Tangtuna ogé éta para sepuh téh baris
ngarasa sugema mun pareng anakna jaradi juara téh.
***
* PATALI* jeung kahirupan sastra Sunda, naon baé nu dipedar di luhur
ngeunaan komunitas sastra tangtu gede pisan patula-patalina. Di wewengkon
Tasikmalaya misalna, nu ditarulis ku para panyajak lain ngan ukur sajak
Indonesia, tapi ogé sajak Sunda. Saéful Badar, Nazarudin Azhar, Sarabunis
Mubarok, Yusran Arifin, Amang Hidayat, Irvan Mulyadie sarta sababaraha
ngaran séjéna nu leuwih ngarora, ti anggalna kénéh geus ngarondisikeun
karep narulis dina éta dua basa. Pon kitu deui dina perkara nu aya
patula-patalina jeung ngamasarakatkeun sastra, boh sajak Sundana atawa sajak
Indonésiana sok aya pakuat-pakaitna. Ti dekade 1990-an kénéh Téater Dongkrak
sacara rutin sok ngayakeun lomba maca puisi Sunda sa-Jawa Barat, nu
saterusna ti taun 2000-an dituluykeun ku Téater Kappas SMA Pasundan 2
Tasikmalaya. Malah Téater Kappas mah ngayakeun lombana téh teu ngan ukur
sa-Jawa Barat, tapi Sa-Tatar Sunda.
Kitu deui nu dilakukeun ku SST. Najan ngan ngayakeun lomba maca puisi
Indonésia, tapi SST gé loba icikibung mantuan kagiatan nu dicalagarakeun ku
Téater Dongkrak jeung Téater Kappas, kaasup kagiatan Dinas Pendidikan nu aya
kalana sok ngayakeun Lomba Maca Puisi Sunda tingkat SD. Sedeng kader-kader
SST nu kabeneran boga posisi di média massa ogé ngabuka kasempetan pikeun
ngamuat sajak atawa carpon Sunda. Saéful Badar nu kapeto jadi redaktur tamu
tur ngasuh rohang budaya di koran* Radar Tasikmalaya*, sabulan sakali sok*
* ngamuat puisi jeung carpon Sunda. Pon kitu deui Nazaruddin Azhar dina* Kabar
Priangan*.
Salian ti éta, nu matak ahéng dina kagiatan sastra di Tasikmalaya mah nyaéta
ayana siaran sastra di radio kalayan nu mikaresepna kawilang loba kacida.
Malahan saméméh ayana koran-koran lokal nu kasebut tadi, média nu
pangutamana keur ngayakeun aprésiasi sastra, nya radio pisan. Geus ti taun
1996 kénéh SST gawé bareng jeung RSPD FM ngagelar acara Cakrawala Sastra
Kita (CS Kita). Dina éta siaran sastra téh kalan-kalan sok diselang ku*
talk-show* budaya. Lian ti RSPD FM, sababaraha radio séjén saperti Martha FM
ogé ngalakukan hal nu sarua. Perlu oge dicatet di dieu, yén
kelompok-kelompok téater nu aya di Tasikmalaya geus milu icikibung
ngamasarakatkeun sastra Sunda, di antarana baé ku remenna mintonkeun
naskah-naskah drama nu maké basa Sunda.
Kagiatan sastra di Ciamis atmosfirna teu pati béda jeung Tasikmalaya, malah
para panyajak Ciamis jeung Tasikmalaya lir geus lebur ngajadi hiji. Boh dina
perkara prosés kréatif boh dina ngalaksanakeun kagiatan aprésiasi, para
panyajak ti wewengkon Sukapura jeung Galuh sok silih rojong. Pon kitu loba
panyajak katurunan Ciung Wanara nu aub dina kagiatan-kagiatan di
Tasikmalaya, sabalikna oge teu saeutik panyajak katurunan Wira Dadaha nu aub
dina kagiatan-kagiatan sastra di Ciamis. Sababaraha panyajak Ciamis nu geus
mulai moyan oge nulis dina dua basa saperti Toni Lesmana, Eddy Rusyana Noer,
Angie Sri Wilujeng, Dadang Q. Mosh, Pandu Radéa, Unang Sumarna, Kidung
Purnama, jeung Jaro X. Yus. Ngan baé keur sababaraha ngaran mah nulis sajak
Sundana katingali leuwih kuat, meureun hal ieu téh alatan pangaruh ti Godi
Suwarna salaku nu dipikolot di Ciamis.
Kitu deui dina kagiatan aprésiasi saperti* Nyiar Lumar* jeung* Riak Ramadhan
*, warna kasundaannana karasa leuwih kentel. Kabéhdieunakeun hal éta téh
karasa gedé pangaruhna ka Banjar nu kawilang kuat dina warna kasundaanana.
Banjar nu can kungsi lila misahkeun karep ti Ciamis ngabogaan kagiatan
sastra nu méh sarua jeung Ciamis sarta loba ngamangpaatkeun alam keur
patempatan kagiatanana. Abah Sarjang, panyajak nu nulis ogé dina basa
Indonésia jeung Sunda, kaasup salah saurang nu ngagerakkeunnana.
Dina ieu tulisan nu ku kuring hayang digurat-handapan rada kandel nyaéta
soal ketak komunitas dina ngahirup-huripkeun kagiatan sastra di
tengah-tengah masarakat. Mun dibandingkeun jeung daérah nu para panyajakna
ngan nulis dina basa Sunda wungkul, daérah nu para panyajakna nulis dina dua
basa saperti Tasikmalaya, Ciamis atawa Banjar, kagiatan sastrana karasana
leuwih onjoy, leuwih hirup tur leuwih ramé. Buktina, kagiatan taunan masih
terus dilakukeun, sedeng kagiatan nu sipatna sporadis ogé dijalankeun tug ka
kiwari pisan.
Di Tasikmalaya upamana, méh unggal minggu aya kagiatan sastra nu
dicalagarakeun ku komunitas-komunitas “anyar” saperti Teater Bolon,
Komunitas Cermin, Komunitas Aksara, Téater 28, Teater Tangga atawa Beranda
27, ngalengkapan diskusi mingguan nu rutin diayakeun SST. Jeung hal ieu téh
ngarupakeun inisiatif nu datangna ti para aktivis komunitasna sorangan, anu
geus ti dékadeu 1990-an kénéh sacara méntal jeung spiritual geus
dikondisikeun sangkan salaku mujahid sastra jeung kesenian bisa gerak sacara
kreatif, tulus sarta mandiri.
Mun aya nu nanyakeun kumaha ketakna pamaréntah dina perkara aprésiasi
sastra ieu, keur kuring mah rada hésé ngajawabna. Sigana lain kulantaran ku
euweuhna pisan kontribusi, tapi dina ayana gé kareremenannana sok nimbulkeun
pasualan anyar atawa malah jadi* kontraproduktif* téa. Dina perkara ieu,
kuring sapuk jeung Gus Dur nu kungsi ngécéskeun yén perkara kabudayaan téh
urusan masarakat, lain malulu urusan pamarentah. Kabudayaan baris hirup di
hiji daérah mun masarakatna masih ngabutuhkeun. Ku ayana pangabutuh
masarakat (kana kabudayaan) tinangtu kabudayaan téh bakal terus dipiara,
dihirup-huripkeun jeung disegerkeun. Pon kitu deui jeung sastra.
Urang saréréa pada-pada apal mun di unggal daérah téh aya Dinas Pariwisata
dan Kebudayaan (Disparbud) atawa Dinas Pendidikan (Disdik) nu masih kénéh
aya gantar kakaitannana jeung sastra, najan dina seuhseuhannana mah geuning
teu sakabéh daérah bisa miara kahirupan jeung kamekaran sastrana. Jeung
tangtuna gé teu sakabéh daérah bisa ngalahirkeun panyajak, komo deui
panyajak nu pinunjul mah. Ku kituna jadi kanyahoan kalawan écés, yén nu
salila ieu ngabogaan ketak dina perkara miara, ngamekarkeun, jeung
ngahirup-huripkeun sastra téh horéng lain pamaréntah. Sababna pamaréntah
(daérah) mah paling ogé ngan saukur ngajalankeun program karepna sorangan,
nu kalan-kalan mah dina prak-prakanana ogé sok tara béja tara carita, anu
balukarna geus tangtu teu pisan baris méré kontribusi nu langsung keur
kahirupan sastra nu aya dina lingkungan hirup kumbuh masarakat téh.
Mun kitu pisan kanyataannana, terus sabenerna lebah mana atuh posisi
pamaréntah téh dina sual kahirupan sastra éta? Kuring teu hayang apal
sabaraha jumlahna waragad (anggaran) pamaréntah daérah pikeun kagiatan
sastra. Kuring ogé teu rék loba harepan ka pamaréntah dina perkara
ngaronjatkeun sumanget kahirupan sastra. Ngan hiji nu dipiharep ku kuring
mah, kumaha carana sangkan pamaréntah, tegesna mah Disbudpar jeung Disdik,
sangkan bisa ngarobah sikep, tegesna ngarobah sikep méntalna sorangan.
Kumaha carana sangkan maranéhannana mampuh ngagunakeun panénjona yén
kagiatan sastra atawa kagiatan kasenian séjénna téh lain proyék, komo deui
dianggap lahan keur ngalakukeun “kateueucreugan” kayaning* gacrit* atawa
korupsi mah. Geus kacida remenna kuring ngadéngé laporan ti para seniman
tradisi anu cenah tong boro dihormat-hormat salaku seniman, malah salaku
manusa ogé aya kalana tara dipaliré.
Can kungsi lila antarana, hiji kelompok kasenian tradisi ti kabupatén
Tasikmalaya meunang pangajén salaku salah sahiji juara dina kagiatan
féstival seni helaran tingkat Jawa Barat. Ieu kelompok téh salian ti meunang
trofi jeung piagem dilélér hadiah nu mangrupa duit ogé. Tapi kumaha ketak
dinas nu aya pakaitna jeung hal éta? Horeng, hadiah nu mangrupa duit téh
majar dipotong ku oknum ti éta dinas. Kajadian samodél kieu téh asa geus
ilahar ayana, boh keur di wewengkon kota atawa wewengkon kabupatén
Tasikmalaya mah. Orokaya méré bonus ka kelompok nu ngabogaan préstasi mawa
seungit ngaran daerah, ieu mah kalah hadiah nu resmina ogé dipotong, ku
alesan keur ngurus administrasina cenah.
Lain ngan kitu wungkul goréng patutna peta pamaréntah daerah téh. Sabab
kabéjakeun ogé honor latihan jeung pelaksanaannana ogé ongkoh cenah
“disunat” nepi ka jumlahna téh jauh sahandapeun UMR buruh pabrik. Jadi, mun
taya parobahan sikep méntal ti para pajabat atawa pagawe dinas terkait mah,
tinangtu sakumaha gedéna ogé anggaran nu aya keur kagiatan sastra atawa
kasenian séjénna asa moal matak aya mangpaatna jang masyarakat mah.
Mangpaatna téh paling ngan saukur keur nu ngokolakeunnana wungkul.
Ku mibanda méntal nu hadé, nu mampuh niténan hiji perkara lain tina kulitna
wungkul, nu mampuh ngabédakeun mana kagiatan sastra jeung mana proyék,
mampuh mimilih mana kagiatan nu baris ngahasilkeun angka jeung mana nu
ngahasilkeun niley keur kamanusaan, nu mampuh nempatkeun ugeran lain ngan
saukur mangrupa hasil ahir nu sipatna nominal tapi ogé ngajénan kana prosés,
tangtuna ketak pamaréntah téh baris leuwih karasa di masarakat. Da tugas
pamarentah nu sabenerna mah kumaha nyiptakeun atmosfir kreativitas di
tengah masyarakat, jeung kumaha ngarojong supaya kreativitas masyarakat teh
hirup. Lain malah parebut kegiatan jeung seniman atawa ngajadikeun karep
salaku EO nu ngalaksanakan rupa-rupa program sorangan, nu ceuk istilah
ayeuna mah “jeruk dahar jeruk” tea. Malah jerukna oge didahar jeung
cangkang-cangkangna.
Mun euweuh wae perubahan kitu mah, sakumaha gedéna ogé anggaran, moal aya
hartina samasakali pikeun tarékah ngamekarkeun jeung ngamasarakatkeun sastra
téh. Ku hal éta pisan, meureun kaguam atawa ketak pamaréntah téh angger wé
suwung alias enol jebrog. Ongkohna deuih, ceuk panenjo kuring mah, anggaran
téh lain “kecap konci” pikeun tarékah ngamekarkeun jeung ngamasarakatkeun
sastra, tapi sawadina kudu dibarung ku léngkah nu hadé, sikep méntal nu
payus, ugeran sarta udagan (oriéntasi) nu alus, jeung tangtuna deuih kudu
dibarung ogé ku paniatan jeung lampah nu bener ti para pajabat jeung pagawe
dinas terkait téh. Mun siga kitu kaayaanana mah tangtu waragad (anggaran)
sok sanajan teu sabaraha gedé jumlahna nu dikaluarkeun pamarentah téh baris
keuna tur panceg kana sasarannana. Sakitu rupina ti kuring mah. Cag! []