Cek basa Indonesia Puasa adalah menahan diri dari segala sesuatu yang membatalkannya; dari sejak terbit fajar sampai terbenam matahari.
Cik uang coba sundakeun : Puasa nyaeta nahan nafsu tina sagala rupa nu ngabatalkeunana ti fajar nepi ka panonpoe surup ( ampir sarua jeung Bharata Yudha ). SAGALA RUPA hartina lain ngan ukur dahar jeung nginum wungkul. Jadi eta nu ngabedakeun Puasa budak jeung puasa kolot teh. Puasa budak mah cukup nepi ka teu dahar teu nginum. Tapi mun teu diajar deui sanggeusna kitu, engkena teh keukeuh we ngan ukur eta tah PUASA teh. Masing geus kolot ge. Naon wae tyh ny kydy ditahan teh ? Ngarah enya2 puasana ? Salian ti dahar jeung nginum oge NGOBROL nu teu guna kudu ditahan. Ari kitu mah meunang meureu nya bulan2 sejenna mah ngaburaong ? Nya eta saenyana Puasa teh latihan jadi jalma Shalih; supaya di bulan biasa oge kalakuan bulan puasa teh dilaksanakeun. Jinah atawa korupsi mah lain bulan Puasa oge jelas dilarang ! Tapi saresmi jeung bojo lamun beurang dilarang salila bulan puasa. Tah ieu masalahna naon sababna bulan PUASA ngan ukur sabulan ! Da meureun mun diteruskeun Puasa mah RIWEUH KACIDA tah ! Ari wungkul dahar inum mah meureun teu pati jadi urusan. Ambek ! Tahieu ge sajatina mah ngabatalkeun PUASA ! Atuh ari kitu mah sabar teh ngan ukur keur bulan puasa wungkul !? Ih teu kitu cek si abah ge bulan puasa bulan latihanl mun bisa mah tah soal SABAR ieu sapanjangna dilakonan; lain ngan ukur bulan Puasa wungkul. Jadi lamun jalma Islam ngalaksanakeun sagemblengna ibadah puasa bakal jadi mangfaat keur dirina jeung lingkunganana. Naha atuh sakitu geus lilana paruasa tetep we urang Islam teh saperti kieu !? Tah eta hartina Puasana teu pati bener. Parunten ah ka sadayana.
