Kacida riweuhna nya jigana, upama istilah dina hiji basa "haram"
ditarjamahkeun kana basa sejen.
Jiga "shaum" tina basa Arab, teu kaci disaruakeun jeung "puasa" dina basa
Nusantara.

Kungsi rame di Bandung asana perkara "toilet" jeung "wc".

Mun urang teu kaci narjamahkeun istilah hiji basa ka basa sejen, boa-boa mun
aya bule neangan "cat",
hayoh beungeutna kalah "dipulas" hejo. Hehehe

2011/7/24 Tukang Giribig <[email protected]>

> **
>
>
> ** Pernah ngadenge, cenah lain puasa keur muslim mah tapi syaum, sabab ari
> puasa mah tina kecap pawasa nu hartina nyiksa diri keur ngudag kahayang,
> contona hileud teu dahar nginum sakitu waktu mun hayang jadi kukupu, oray
> megar, ngalap elmu jrrd. Ari syaum mah lain teu nyiksa diri
>
> Tapi duka éta ge cenah, heu
>
> Powerid bay hape uing, tah ieu hapena oge
> ------------------------------
> *From: * [email protected]
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Sun, 24 Jul 2011 04:46:30 +0000
> *To: *<[email protected]>; kisunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [Urang Sunda] PUASA
>
>
>
> ** Puasa teu sami sareng shaum ?
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Abbas Amin <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Sun, 24 Jul 2011 12:43:39 +0800 (SGT)
> *To: *kisunda<[email protected]>; urangsunda<
> [email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *[Urang Sunda] PUASA
>
>
>
> Cek basa Indonesia Puasa adalah menahan diri dari segala sesuatu yang
> membatalkannya; dari sejak terbit fajar sampai terbenam matahari.
>
> Cik uang coba sundakeun : Puasa nyaeta nahan nafsu tina sagala rupa nu
> ngabatalkeunana ti fajar nepi ka panonpoe surup ( ampir sarua jeung Bharata
> Yudha ).
>
> SAGALA RUPA hartina lain ngan ukur dahar jeung nginum wungkul.
> Jadi eta nu ngabedakeun Puasa budak jeung puasa kolot teh.
>
> Puasa budak mah cukup nepi ka teu dahar teu nginum. Tapi mun teu diajar
> deui sanggeusna kitu, engkena teh keukeuh we ngan ukur eta tah PUASA teh.
> Masing geus kolot ge.
>
> Naon wae tyh ny kydy ditahan teh ? Ngarah enya2 puasana ?
>
> Salian ti dahar jeung nginum oge NGOBROL nu teu guna kudu ditahan.
> Ari kitu mah meunang meureu nya bulan2 sejenna mah ngaburaong ?
>
> Nya eta saenyana Puasa teh latihan jadi jalma Shalih; supaya di bulan biasa
> oge kalakuan bulan puasa teh dilaksanakeun.
>
> Jinah atawa korupsi mah lain bulan Puasa oge jelas dilarang !
> Tapi saresmi jeung bojo lamun beurang dilarang salila bulan puasa.
> Tah ieu masalahna naon sababna bulan PUASA ngan ukur sabulan !
> Da meureun mun diteruskeun Puasa mah RIWEUH KACIDA tah !
> Ari wungkul dahar inum mah meureun teu pati jadi urusan.
>
> Ambek ! Tahieu ge sajatina mah ngabatalkeun PUASA !
> Atuh ari kitu mah sabar teh ngan ukur keur bulan puasa wungkul !?
> Ih teu kitu cek si abah ge bulan puasa bulan latihanl mun bisa mah tah soal
> SABAR ieu sapanjangna dilakonan; lain ngan ukur bulan Puasa wungkul.
>
> Jadi lamun jalma Islam ngalaksanakeun sagemblengna ibadah puasa bakal jadi
> mangfaat keur dirina jeung lingkunganana.
>
> Naha atuh sakitu geus lilana paruasa tetep we urang Islam teh saperti kieu
> !?
> Tah eta hartina Puasana teu pati bener.
>
> Parunten ah ka sadayana.
>

Kirim email ke