leres pisan bah, nu kitu teh kadang2 jadi "menodai" nilai2 islam ngamangpaatkeun nilai2 amal islam ku cara nipu make nilai2 islam oge komo ayeuna mah sok dibahas di tivi oge yen eta teh aya komplotan nu ngordinir kegiatan eta
--> JeBe <-- ________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Sunday, 24 July 2011 3:08 PM Subject: [kisunda] sasih siam kanggo amal Tah ku margi kitu satiap tahun asal bulan Ramadhan , paling saeutik si abah narima amplop kira2 tilu mah mun teu ti pasantren. nya ti yayasan; biasa menta sumbangan. Ku sabab make amplop pastina ge kudu rada gede;nya di lurjeunkeun we; da boro2 ka mere gede; teu mere ge hirup teh geus hese, hehehehe. Masih untung masih bisa mayar zakat Fitrah ! Da ari Zakat mal mah pimanaeun. Tapi mun nu mamawa list keur ngawangun masjid; dibere we sarebu2 we mah. Kadang kala, si abah hayang nyaho; terus we sina asup diajak ngobrol. Ari pek teh eta nu menta sumbangan teh ngawangun masjid di Sulsel ! Wah akhirna si abah mapatahan" yeuh didaerah ieu ge nu deukeut keur ngawangun masjid; can kelar nepi ka ayeuna ge; mun kula boga duit meureun disumbangkeun ka masjid nu deukeut; lain ka nu jauh mela melu di Sulsel ! Cing atuh urang Islam teh sing palinter ulah bodo katotoloyoh ! Ma enya jauh2 ti Sulsel menta sumbangan ka dieu ? ( harita masih di Balikpapan ) Bari saenyana mah si abah teh geus teg yen eta duit sumbangan paling ge keur bagikeuneun maranehna; masjidna mah rek jadi rek henteu sigana teu penting ! Nu penting DUIT !!!! Jadi urang Islam ge mirucaan eu bener; bari cek sangkaanana mah ah Islam ieuh PASTI DIHAMPURANA Tobat we engke !!!! Padahal cek SAHA Islam teh !? Kapan kakara aku akuab cek manehna ! Mun teu diaku ku Gusti mah nya ksluar Islamna !
