Tah ku margi kitu satiap tahun asal bulan Ramadhan , paling saeutik  si abah 
narima amplop kira2 tilu mah mun teu ti pasantren. nya ti yayasan; biasa menta 
sumbangan.

Ku sabab make amplop pastina ge kudu rada gede;nya di lurjeunkeun we; da boro2 
ka mere gede; teu mere ge hirup teh geus hese, hehehehe. Masih untung masih 
bisa mayar zakat Fitrah ! Da ari Zakat mal mah pimanaeun.

Tapi mun nu mamawa list keur ngawangun masjid; dibere we sarebu2 we mah.
Kadang kala, si abah hayang nyaho; terus we sina asup diajak ngobrol. Ari pek 
teh eta nu menta sumbangan teh ngawangun masjid di Sulsel ! Wah akhirna si abah 
mapatahan" yeuh didaerah ieu ge nu deukeut keur ngawangun masjid; can kelar 
nepi ka ayeuna ge; mun kula boga duit meureun disumbangkeun ka masjid nu 
deukeut; lain ka nu jauh mela melu di Sulsel ! Cing atuh urang Islam teh sing 
palinter ulah bodo katotoloyoh ! Ma enya jauh2 ti Sulsel menta sumbangan ka 
dieu ? ( harita masih di Balikpapan )
Bari saenyana mah si abah teh geus teg yen eta duit sumbangan paling ge keur 
bagikeuneun maranehna; masjidna mah rek jadi rek henteu sigana teu penting ! Nu 
penting DUIT !!!!

Jadi urang Islam ge mirucaan eu bener; bari cek sangkaanana mah ah Islam ieuh 
PASTI DIHAMPURANA Tobat we engke !!!! Padahal cek SAHA Islam teh !? Kapan 
kakara aku akuab cek manehna ! Mun teu diaku ku Gusti mah nya ksluar Islamna !




Kirim email ke