Assalamu'alaikum wr wb. Wirehing dumugina sasih siam, sim kuring ngahaturkeun pangwilujeng ka sadaya wargi Kisunda anu seja ngalakonan ibadah di sasih ieu, mugia dipaparin kakiatan sareng kasabaran dina enggoning ngajalankeunnana, amiiin....
Oge teu hilap sim kuring nyuhunkeun sih hapunten tina samudaya kalepatan, kalelepatan, sareng kaluluputan, boh bilih aya ucap kaserat anu matak ngagurat manah, mugia tiasa dilubarkeun. Hatur nuhun, Deni
