Wa'alaikum salam wr wb.,
Kang Deni oga baraya sadaya, katampi, hatur nuhun. Sawangsulna, sim kuring sok sanajan telat teu kakantun, neda dihapunten samudaya kalepatan sareng ngawilujengkeun ka salira oge ka sadayana warga milist, wilujeng ngalaksanakeun ibadah shaum. Dina sasih anu diagungkeun, dimulyakeun, disaekeun, sareng diutamakeun tinimbang sasih sejenna, anu urang sadaya diwajibkeun ibadah saum di lebetna; sasih ramadan anu di lebetna parantos diturunkeun Al Qur'an anu jadi pituduh pikeun manusa, katerangan ngeunaan eta pituduh, jeung pamisah (anu hade ti anu goreng) jeung anu dijadikeun (dina satiap kadatangan ieu bulan) di lebetna malem kamulyaan (lailatul qadr) anu (mibanda potensi) leuwih hade tinimbang 1000 bulan; mugia urang dibebaskeun tina ancaman naraka; sareng mugia kalebet jalmi-jalmi anu kenging rahmat, barokah, sareng magfiroh. Di akhir bulan sareng satutasna, mugia kataqwaan urang sadaya anu parantos ngalaksanakeun ibadah shaum ieu ngaronjat. Nun Gusti anu Maha Luhur, anu Maha Agung, anu Maha Ngahampura, anu Maha welas, Pangeran anu Maha Agung anu teu aya anu nyaruaan ka AnjeunNa jeung AnjeunNa anu Maha Ngupingkeun sareng Maha Uninga. Ku hakna Muhammad sareng kulawargana. Allohumma sholli 'alaa Muhammad wa aali Muhammad. Amin ya robbal alamin. manar 2011/7/31 Deni Indra Kelana <[email protected]> > ** > > > Assalamu'alaikum wr wb. > > Wirehing dumugina sasih siam, sim kuring ngahaturkeun pangwilujeng ka > sadaya wargi Kisunda anu seja ngalakonan ibadah di sasih ieu, mugia > dipaparin kakiatan sareng kasabaran dina enggoning ngajalankeunnana, > amiiin.... > Oge teu hilap sim kuring nyuhunkeun sih hapunten tina samudaya kalepatan, > kalelepatan, sareng kaluluputan, boh bilih aya ucap kaserat anu matak > ngagurat manah, mugia tiasa dilubarkeun. > > Hatur nuhun, > Deni > > > >
