Di Tanah Abang kaki lima; Urang Arab masang poster gede pisan di na luhureun sarung daganganana; cenah : "Dijamin Tidak Luntur" laku oge daganganana teh; arbi tea atuh; soal dagang sarung mah ; nya kapeto oge ku nu mareuli teh.
Sanggeus aya ka na tilu poena jol we aya bapa bapa bari haruhah harehoh ngadatangan ka si arab bari mamawa bungkusan eusina sareung beureum : terus we tutunjuk ka si arab jeung sarungna; bari tipopolotot !:"Heh Arab sia nipu nya !? cenah dijamin tidak luntur; mani gede2 kapan nulisna ! Tapi buktina boleak siah ! Tuh baju uing nu bodas jadi tarotol beureun; ayeuna gntian siah duit uing nu geus dibalanjakeun kadieu !" Si Arab teu eleh geleng :" sabaar .......................sabaar................. ieu bulan Fuasa...... ente HARUS sabar..............te menang ngumbar amarah......................... sok sabar sabar...." "Ah sabar sabar tujuhpuluh ! Nu puguh aing rugi kudua kutilu ! Siah deuleu ! Geus rugi duit ! ngaruksak baju u barodas ! bari jeung dibaeudan ku si jikan ! Tilu poe teu nanya da cenah beunang dibobodo ku ente, siah Arab !" Arab rada keuheul oge terus ngajawab :" Naha da ana te leupat.......!? Naon kaleupatan ana....................... sok !? tong waka ngambeuk kitu atuh...............eta sarung berem teh kapan sakitu alusna baik seukali kafan!" "Ah alus2 dedeleh sia................ tah maneh nipi ! Pajarkeun dijamin tidak luntur!?" Si Arab rikat ngajawab :"Eh ente salah baca.................... ana tidak salah................... Arab kan bacanya dari kanan................ kitu tah................... jadi sabar we atuh lah." Si Bapa mikir enya we nya ? da kapan urang Arab mah macana ti katuhu ka kenca ? Luntur Tidak Dijamin ! Euh enya geuning ! atuh kitu mah aing nu bodo....................... ???????????????????????????
