Dihaja disalah ketikkeun ! Kapan urang arab nu ngomong ! hehehehe
--- In [email protected], "Jelan" <qodir_jaelani@...> wrote:
>
> Hahaha.. tapi asa rea salah ketik kitu Bah. Oge dina tulisan Abah anu sanes
> oge asa aya wae cigana. Hehehe.. punten ah..
>
> --- In [email protected], Abbas Amin <abas_amin08@> wrote:
> >
> > Di Tanah Abang kaki lima; Urang Arab masang poster gede pisan di na
> > luhureun sarung daganganana; cenah : "Dijamin Tidak Luntur" laku oge
> > daganganana teh; arbi tea atuh; soal dagang sarung mah ; nya kapeto oge ku
> > nu mareuli teh.
> >
> > Sanggeus aya ka na tilu poena jol we aya bapa bapa bari haruhah harehoh
> > ngadatangan ka si arab bari mamawa bungkusan eusina sareung beureum : terus
> > we tutunjuk ka si arab jeung sarungna; bari tipopolotot !:"Heh Arab sia
> > nipu nya !? cenah dijamin tidak luntur; mani gede2 kapan nulisna ! Tapi
> > buktina boleak siah ! Tuh baju uing nu bodas jadi tarotol beureun; ayeuna
> > gntian siah duit uing nu geus dibalanjakeun kadieu !"
> >
> > Si Arab teu eleh geleng :" sabaar
> > .......................sabaar................. ieu bulan Fuasa......
> > ente HARUS sabar..............te menang ngumbar
> > amarah......................... sok sabar sabar...."
> >
> > "Ah sabar sabar tujuhpuluh ! Nu puguh aing rugi kudua kutilu ! Siah deuleu !
> > Geus rugi duit ! ngaruksak baju u barodas ! bari jeung dibaeudan ku si
> > jikan ! Tilu poe teu nanya da cenah beunang dibobodo ku ente, siah Arab !"
> >
> > Arab rada keuheul oge terus ngajawab :" Naha da ana te leupat.......!? Naon
> > kaleupatan
> > ana....................... sok !? tong waka ngambeuk kitu
> > atuh...............eta sarung berem teh
> > kapan sakitu alusna baik seukali kafan!"
> >
> > "Ah alus2 dedeleh sia................ tah maneh nipi ! Pajarkeun dijamin
> > tidak luntur!?"
> >
> > Si Arab rikat ngajawab :"Eh ente salah baca.................... ana tidak
> > salah...................
> > Arab kan bacanya dari kanan................ kitu tah...................
> > jadi sabar we atuh lah."
> >
> > Si Bapa mikir enya we nya ? da kapan urang Arab mah macana ti katuhu ka
> > kenca ?
> > Luntur Tidak Dijamin ! Euh enya geuning ! atuh kitu mah aing nu
> > bodo.......................
> > ???????????????????????????
> >
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/