Sawatara waktu kapengker, kuring pendak jeung Mang Ayip dina acara nikahkeun putra bungsu (alm) Mang Ayat di Depok. Bagja temen, harita kuring dipasihan buku memoar Mang ayat “65=67 Cat at an Acak-acakan dan Cacat an Apa Adanya” anu diterbitkeun ku Balai Pustaka sasih Januari 2011. Buku anu kandelna 600 an kaca teh nyarioskeun ”memoar” sacara ringkes “perjalanan” Mang Ayat ti awit lahir dugi ka taun 2005, dimana mang Ayat ngawitan pangsiun. Seuseurna eusi buku teh nyarioskeun sabagean sajarah UI ti awit 1959, dimana mang ayat nembe lebet janten mahasiswa UI. Aya bagian-bagian anu moal mendakan ti buku sanes, “semacam” kesaksian pribadi.
MAng Ayip oge harita teh ngobrol perkawis doctor honoris causan dugi ka kongres basa Sunda anu nembe kalangkung. Munelna eta obrolan teh asana teh moal tiasa di pendakan di media. Contona, kumaha Mang Ayip usaha satekah polah sangkan teu jadi dibenum doctor honoris causa. Harita the mang Ayip dugi ka ngajeukeun sarat, “daek dileler doctor honoris causa, asal tata upacarana make basa Sunda.” Eh…ari kitu the Kang Ganjar, rektor Unpad nedunan kahoyong mang Ayip eta. Ku kituna jigana acara promosi doktor honoris causa mang Ayip, hiji-hijina anu upacara dugi ka biantarana ngangge ‘basa Indung.’ Kedahna mah lebet rekor MURI atawa Rekor dunia dimana upcara akademis ngangge basa indung. Mang ayip oge masihan wartos, bade ngawangun perpustakaan Ali Sadikin di Jalan Garut Bandung. Eusina? Koleksi buku-buku Mang Ayat sareng buku-buku Prof. Edi S Ekajati. Harita teh mang Ayip masihan gambar maket wangunan perpustakaan. Kunaon ngangge name perpustakaan Ali Sadikin. Pangeling-ngeling ka Ali Sadikin anu seueur jasana dina migeuykeun kabudayaan. Mang Ayip oge ngadongeng, aya urang sunda anu disuhunkeun ku PBB pikeung ngawangun lembaga anti korupsi di nagri Afghanistan. Saha? Teu aya sanes Kang Eri Riyana Hardjapamekas, salah sawios anu ngarintis ngawangun KPK. Upami di Indonesia KPK na “dikempesan”, di nari deungeun mah geuning kakarek diwangun KPK. Urang Sunda deuih anu ngarintisna. Jigana wae salian ti angklung anu tos mentas sacara global, aya oge geuning Urang Sunda anu “icikibung” di pentas dunya, diakui prestasina ku dunya internasional. Jadi ceuk saha Urang Sunda MOYODOK? mrachmatrawyani
