Nuhun kang kiriman timbel uteuk. Urang sunda prestasi sosoranganan mah tos teu 
diperdebatekun ngan sabage mass, etnik, teamwork kuring mah tetep meunteun 
Moyodok. Lamun upacara DR HC make basa sunda eta sae, hade ngan can jadi jempol 
da tacan massal ka paguron sejen. Pami urang sunda kompak rek bener kang ERH 
dipasihan kasempetan ngawangun kpk daerah ti urang sunda keur urang sunda di 
tatar sunda. Jadi kumaha meunteun urang sunda as an etnic????
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 3 Aug 2011 00:01:39 
To: [email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Cc: urangsunda urangsunda<[email protected]>
Subject: [kisunda] Ceuk Saha Urang Sunda MOYODOK?

Sawatara waktu kapengker, kuring pendak jeung Mang Ayip dina
acara nikahkeun putra bungsu (alm) Mang Ayat di Depok. Bagja temen, harita
kuring dipasihan buku memoar Mang ayat  “65=67
Cat at an Acak-acakan dan Cacat an Apa Adanya”  anu diterbitkeun ku Balai 
Pustaka sasih
Januari 2011. Buku anu kandelna 600 an kaca teh nyarioskeun ”memoar” sacara
ringkes “perjalanan” Mang Ayat   ti awit
lahir dugi ka taun 2005, dimana mang  Ayat ngawitan pangsiun. Seuseurna eusi 
buku teh nyarioskeun sabagean
sajarah UI ti awit 1959, dimana mang ayat nembe lebet janten mahasiswa UI. Aya
bagian-bagian anu moal mendakan ti buku sanes, “semacam” kesaksian pribadi.

MAng Ayip oge harita teh ngobrol  perkawis  doctor honoris causan dugi ka 
kongres basa Sunda anu nembe kalangkung.
Munelna eta obrolan teh asana teh moal tiasa di pendakan di media. Contona,
kumaha Mang Ayip usaha satekah polah sangkan teu jadi dibenum doctor honoris
causa. Harita the mang Ayip dugi ka ngajeukeun sarat, “daek dileler doctor 
honoris
causa, asal tata upacarana make basa Sunda.” Eh…ari kitu the Kang Ganjar, rektor
Unpad nedunan kahoyong mang Ayip eta. Ku kituna jigana acara promosi doktor 
honoris  causa mang Ayip, hiji-hijina anu upacara dugi
ka biantarana  ngangge ‘basa Indung.’
Kedahna mah lebet rekor MURI atawa Rekor dunia dimana upcara akademis ngangge
basa indung.

Mang ayip oge masihan wartos,
bade ngawangun perpustakaan Ali Sadikin di Jalan Garut Bandung. Eusina? Koleksi
buku-buku Mang Ayat sareng buku-buku Prof. Edi S Ekajati. Harita teh mang Ayip
masihan gambar maket wangunan perpustakaan. Kunaon ngangge name perpustakaan
Ali Sadikin. Pangeling-ngeling ka Ali Sadikin anu seueur jasana dina migeuykeun
kabudayaan.

Mang Ayip oge ngadongeng, aya
urang sunda anu disuhunkeun ku PBB pikeung ngawangun lembaga anti korupsi di
nagri Afghanistan. Saha? Teu aya sanes Kang Eri Riyana Hardjapamekas, salah
sawios anu ngarintis ngawangun KPK. Upami di Indonesia KPK na “dikempesan”, di
nari deungeun mah geuning kakarek diwangun KPK. Urang Sunda deuih anu
ngarintisna. Jigana wae salian ti angklung anu tos mentas sacara global, aya
oge geuning Urang Sunda anu “icikibung” di pentas dunya, diakui prestasina ku
dunya internasional. Jadi  ceuk saha
Urang Sunda MOYODOK?

mrachmatrawyani

Kirim email ke