---------- Forwarded message ---------- From: Remi <[email protected]> Date: 2011/8/4 Subject: [Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda bau Arab? To: [email protected]
Aya nu protes lantaran kuring make judul di luhur. Tapi da kumaha, nempo kaayaan kabasan mah keukeuh we urang Sunda teh bau Arab. Teu bisa dibalikeun, urang Arab bau Sunda. Boa urang Arab mah MOAL nyahoeun yen di kolong dunya aya nu disebut urang Sunda? Mun rek ngabaun batur, urang na kudu apal kana bau sorangan. Ngan lebah bangsa Sunda mah, asa leuwih apal kana bau batur geuning? Budaya Sunda leuwih dibauan ku budaya batur. Conto sejen anu nagleg? Urang Sunda oge bau Jawa. Buktina? Undak Usuk Basa! Iraha atuh urang Sunda bisa ngabuan batur? Aya anu apal kana bukti yen budaya urang pernah mangaruhan budaya batur? Prak geura pedar! ------------------------------------ http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
