teu kudu dikait2keun lah
nyiar2 pipaseaeun
nu enggeus mah enggeus, teu kudu diguar2. tuh kahareup tingali mah ulah 
ningalian wae ka tukang

--- In [email protected], "Roza R. Mintaredja" <roza.kalasunda@...> wrote:
>
> NAHA IEU APLIKASI usaha TINA KALIMAT ANU DITOLAK DI PPKI' DENGAN KEWAJIBAN
> MENJALANKAN SYARIAT ISLAM BAGI PEMELUKNYA"? KACIPTA LAMUN DISALUYUAN , PASTI
> BEUKI MOTAHNA NYIEUN ATURAN2 MAKE DALIL AGAMA TEH. hampura isun. hn*R3M
> 
> 2011/8/17 Roza R. Mintaredja <roza.kalasunda@...>
> 
> > KE ANGKUHAN DIWANGUN KU EGO TINGGI, ALIAS KAMPUNGAN! PIKIRAN CUPET, NYIEUN
> > ATURAN MAKE KEDOK AGAMA. PADAHAL TANGTUNGAN AGAMA MAH SEJA KEUR SADIRIEUN.
> > CUKUP KU NYIAR KAHADEAN KA SASAMA.  BOGA HAK TIMANA MAEHAN USAHA JELEMA ANU
> > HALAL, LEUHEUNG MUN MERE ALTERNATIFNA. KIWARI kaayaan EKONOMI urg BEUKI
> > WALURAT. KUMAHA REK NGAJENAN AGAMA LAMUN BEUTEUNG LAPAR.........NAHA BISA
> > MARABAN RAKYAT SAANGGEUS DITUTUP USAHANA??? RAHAYAT SABAGIAN GEDE LAIN
> > PAGAWE NAGRI, ANU PASTI MEUNANG GAJIHAN UNGGAL BULAN, KOMPLIT JEUNG
> > KORUPSINA, JABA MEUNANG PANGSIUN SAGALA. SING INGET! PAGAWE NAGRI JUMLAHMA
> > NGAN LIMA PERSEN, PAGAWE SWASTA ANU GEDE LIMA PERSEN, SWASTA LEUTIK MANDIRI
> > LIMA PERSEN, SESANA GAWE NAON?,  JADI TKW TKI KA MANCANAGARA?. MALAH JADI
> > PAHLAWAN DEVISA. NAHA BANGGA?, DIBARUNG KURANG PERHATIAN TI PAMARENTAH.
> > ATURAN2 MAKE KEDOK AGAMA TAPI TEU MAKE 'RASA' AGAMANA. LAMUN SWEEPING KU
> > PIHAK KATILU, PAMARENTAH KUDU TEGAS NGANTISIPASINA, NU AYA ? PEMBIARAN
> > CENDERUNG NYALUYUAN...BOA2 BAKAL DI PERDAKEUN?
> > KUMAHA TANGTUNGAN PEMDA KEUR ANTISIPASINA? EMANGNYA GW PIKIRIN???hampura
> > isun. hn*R3M
> >
> >
> > 2011/8/9 Mang Kabayan <dkabayan@...>
> >
> >> **
> >>
> >>
> >> Lain euy asa araraneh di urang mah... Nempe di media loba daerah utamana
> >> mah tatar sunda anu ngalakukeun sweeping warung beurang pas bulan puasa.
> >>
> >> Ari pamikiran kuring mah naha bet warung dahar bet ditutup? Atawa dilarang
> >> buka? Pan laina di daerah eta teh teu sakabehna puasa lin? Loba oge anu teu
> >> paruasa aya anu lain Islam, aya awewe nu keur halangan, gering, jrrd...
> >> Ceunah ngaganggu? Ah ma enya? Nganganggu belahmana na ari geus niat puasa
> >> mah bisina disuguhan sangu tutug oncom + gurame bakar + jamal roti + 
> >> karedok
> >> moal kagoda ujug-2 kudu buka pan henteu lin?
> >>
> >> Ceuk kuring lamun nu ngarana daerah wisata komo wajiiib buka warung
> >> kadaharan, pan loba nu datang teu paruasa aya bule, aya non Islam, jrrd...
> >> Siga kuring pernah nganteur bule bulan puasa sales call... Beres presentasi
> >> ku kuring dianteur ka rumah makan dan ngeus meujeuhna dahar... Tah kuring
> >> mah kusabab puasa nya nungguan weh. Sori ceuk kuring teh kuring keur puasa
> >> sok weh kadinyah dalahar, nu mayarna kuring hehehe.
> >>
> >> Soalna pan eta warung/ rumah makan pan meureun boga karyawan lin? Kudu
> >> mayar THR lamun di sweeping kitu mah pan asa teh teu merenah euy. Disisi
> >> lain manehna boga kawajiban ngabiayaan karyawan tapi rek usaha keur neangan
> >> duit kalahka ditutup.
> >>
> >> Teuing bener teuing henteu... Tapi ari ceuk kuring mah lamun jelema ngeus
> >> niat puasa mah godaan naon wae oge moal ngaruh :D.
> >>
> >> Geus kitu nu nga razia jeung sweeping na teh aya Jawara, aya ormas,
> >> jrrd... Asa ku teu merenah euy...
> >>
> >> powered by dkabayan.com
> >>  
> >>
> >
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke