hahah...muhun mang Willy...kumaha pangabutuh....puasa geus 17 poe...geus dua 
kali kuring ribut jeung jelema...pertama jeung pulisi di puncak, mobil kuring 
disetop pedah nincak marka jalan ceunah....dicarek ku uing. Ceuk manehna 
(dalilna) untung manehna sabar ceunah lantaran keur saum mun heunteu mah uing 
rek dilawan......tungtung2na tetep menta duit....250 rebu....piraku urang batal 
nyarekan nu kieu mah....hahah...padahal samobil euweuh nu puasa...ngan kuring 
hungkul.
 
Salasa kamari nyarekan deui jelema lantaran dahar jeung ngaroko ditempat nu 
terbuka....daek teu kudu ditegor...piraku urang ngahormat jelema anu teu hormat 
ka urang
...apa teu tibalik...mun rek dahar ditempat nu katutup ceuk uing oge...uing mah 
lain ngalarang puasa atanapi heunteu na...tapi daharna ulah dimana 
mendi....alhamdulillah ayeuna euweuh nu dahar dihareupeun uwing.
 
Kadang leuwih gampang mere nyaho nu ngarti tibatan nu pinter mah....jigana 
leuwih ngarti urang amerika tibatan urang sunda mun ditegor dahar dimana mendi 
di bulan puasa...manehna mah lain iman tapi disiplin jeung ngahargaan batur.
 
Jadi maksud kuring mah nu kieu ulah dipolemik keun...keun wae keur nu nyaram 
mah sina nyaram...piraku nu nyaram nyarekan ka urang anu bener...itulah 
dunia...hahah..."nu sok neungeul pasti diteunggeul deui...."

Mun FPI jadi "Bemper"na atuh urang jadi "setir"na...bemper mah kumaha 
setir...haha
 
TM
--- Pada Rab, 17/8/11, Waluya <[email protected]> menulis:


Dari: Waluya <[email protected]>
Judul: [kisunda] Re: Sweeping Warung Pas Puasa
Kepada: [email protected]
Tanggal: Rabu, 17 Agustus, 2011, 3:40 PM


  



> Akang Tajimalela <tajimalela2009@...> wrote:
> Ceuk uing ieu mah....naha geus nyaho bulan puasa, loba nu puasa masih > keneh 
> dagang atuh?....saha nu rek meuli? nu meuli paling oge anu teu 
> puasa anu jumlah na leuwih saeutik.....hahaha.Ayeuna kudu kumaha 
> atuh?...kudu teu puasa kitu...hahahah.

Ih .... ari taeun teh, warung makan di bulan puasa teh peryogi. Salian ti nu 
musafir, oge nu teu puasa kulantaran aya halangan. Kulantaran di imah euweuh nu 
masak da mayoritas paruasa jeung demi efisiensi, leuwih hade nu saurang meuli 
we ka warung makan. 

Tapi ayeuna mah situasi jeung kondisina cenderung warung makan teu meunang buka 
ti beurang, tepi ka di sweeping ku satpol PP sagala sanajan warung makan eta 
geus make kelir panutup. Tah kulantaran kitu, kumaha lamun salila bulan puasa, 
diberlakukeun we "LIBUR NASIONAL" ...hehehe. Atawa ativitas jelema dipindahkeun 
jadi ti peuting. Ti beurang mah sina sarare we.

WLY






Kirim email ke