Lalajo acara di Metro TV, malem minggu kamari jeung dua minggu katukang,
jam 21:30. Acarana ngeunaan lalakon hirup Kaisar Cina nu mimiti, nu
ngarana Qin Shi Huang (259 SM – 210 SM), alus pisan euy.
Nyaritakeun lalakon manehna timimiti diangkat kaisar, terus "perang
penyatuan", perang nalukeun nagara sabudeureuna, anu ahirna ngawujudkeun
nagara gede. Waktu nyaritakeun perang, dibahas oge ngeunaan persenjataan
anu dipake, cara doktrinasi, jsb. Dina jaman 200-an SM, di Cina geus
miboga kaweruh pikeun nyieun Crossbow, senjata panah anu siga bedil.
Salian ti eta, pedang para prajuritna disepuh krom, sahingga teu
taihiangan. Di pulo jawa beulah kulon, khususna taun sakituan, siga
kumaha nya kaayaanana? ^_^
Lalakon diteruskeun deui. Nyaritakeun lajuning lakuna pamarentahan
Kaisar, sanggeus manehna hasil ngahijikeun wilayah Cina. Manenha anu
marentahkeun yieun Tembok Besar Cina, anu sabenerna nyambungkeun
tembok-tembok anu geus aya. Panjangna teu kira-kira, 7000 km leuwih.
Tembok eta dijieun pikeun nahan serangan bangsa-bangsa nomad ti kaler.
Manehna oge nyiptakeun mangrupa-rupa standar anu dipake dina perdagangan
jsb. Sahingga dina wilayah karajaan anu sakitu legana teh, ukuran barang
sarua dimanawae oge.
Ngan hanjakal, kakawasaan anu sakitu gedena teh sigana mah 'teu
kaawakan' ku manehna he..he..he.. manehna katerap kasakit megalomania
jeung psycho paranoid. Sing sarwa sieun jeung curiga. Saking paranoidna,
nepi ka tukang ngepel di karaton dianggap mata-mata terus dipaehan
sapada harita.
Lantaran sieun paeh, manehna ahirna marentahkeun ahli-ahli sihir jeung
ahli kimia pikeun nyieun ramuan hirup abadi. Si tukang sihir jeung ahli
kimia tea nyieun ramuan anu didominasi ku merkuri, terus diinum ku
Kaisar. Atuh sarua jeung ngaracun maneh lalaunan, sanggeus geuring cukup
lila, ahirna Kaisar mangkat.
Dina bagian akhir, dibahas ngeunaan makam manehna. Anu oge mangrupa
piramid. Kompleks sabudeureun eta piramid dijaraga ku tentara tina tanah
liat anu populer disebut Terracota. Ayeuna piramid makam teh ngawujud
mangrupa pasir, panasaran lamun digali siga kumaha nya wujudna eta piramid?
Kira-kira isu piramid di gunung lalakon tea, sarua kitu makam "seseorang"?
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/