HIs..., puguh eta kelebihanana di urang mah. Tong matak jadi leutik hate . Da memang hate hayam mah leutik batan hate sapi. Tapi aya oge anu ngagedekeun hate .Nu matak sapiudin mah sok rada mahiwal, sapertos kulawarga udin sanesna, nyaeta juragan Nazaruddin.
________________________________ From: Abbas <[email protected]> To: [email protected] Sent: Sunday, August 21, 2011 11:04 PM Subject: Re: Bls: [kisunda] Makam Qin Shi Huang Di, piramid Cina Hahahaha ! mani galak kitu eta kang jalak ! Emh memang pikasediheun................ --- In [email protected], Jalak Pakuan <jalakpakuan@...> wrote: > > Eta di China 200 SM, di urang 2011 masih ulukutek jalan lingkar Nagreg..... > tah eta bandinganana nu kedah dilenyepan. > >  > jp > > > ________________________________ > Dari: Irpan Rispandi <mr.rispandi@...> > Kepada: [email protected] > Cc: [email protected] > Dikirim: Senin, 22 Agustus 2011 11:51 > Judul: [kisunda] Makam Qin Shi Huang Di, piramid Cina > > Lalajo acara di Metro TV, malem minggu kamari jeung dua minggu katukang, > jam 21:30. Acarana ngeunaan lalakon hirup Kaisar Cina nu mimiti, nu > ngarana Qin Shi Huang (259 SM â€" 210 SM), alus pisan euy. > > Nyaritakeun lalakon manehna timimiti diangkat kaisar, terus "perang > penyatuan", perang nalukeun nagara sabudeureuna, anu ahirna ngawujudkeun > nagara gede. Waktu nyaritakeun perang, dibahas oge ngeunaan persenjataan > anu dipake, cara doktrinasi, jsb. Dina jaman 200-an SM, di Cina geus > miboga kaweruh pikeun nyieun Crossbow, senjata panah anu siga bedil. > Salian ti eta, pedang para prajuritna disepuh krom, sahingga teu > taihiangan. Di pulo jawa beulah kulon, khususna taun sakituan, siga > kumaha nya kaayaanana? ^_^ > > Lalakon diteruskeun deui. Nyaritakeun lajuning lakuna pamarentahan > Kaisar, sanggeus manehna hasil ngahijikeun wilayah Cina. Manenha anu > marentahkeun yieun Tembok Besar Cina, anu sabenerna nyambungkeun > tembok-tembok anu geus aya. Panjangna teu kira-kira, 7000 km leuwih. > Tembok eta dijieun pikeun nahan serangan bangsa-bangsa nomad ti kaler. > > Manehna oge nyiptakeun mangrupa-rupa standar anu dipake dina perdagangan > jsb. Sahingga dina wilayah karajaan anu sakitu legana teh, ukuran barang > sarua dimanawae oge. > > Ngan hanjakal, kakawasaan anu sakitu gedena teh sigana mah 'teu > kaawakan' ku manehna he..he..he.. manehna katerap kasakit megalomania > jeung psycho paranoid. Sing sarwa sieun jeung curiga. Saking paranoidna, > nepi ka tukang ngepel di karaton dianggap mata-mata terus dipaehan > sapada harita. > > Lantaran sieun paeh, manehna ahirna marentahkeun ahli-ahli sihir jeung > ahli kimia pikeun nyieun ramuan hirup abadi. Si tukang sihir jeung ahli > kimia tea nyieun ramuan anu didominasi ku merkuri, terus diinum ku > Kaisar. Atuh sarua jeung ngaracun maneh lalaunan, sanggeus geuring cukup > lila, ahirna Kaisar mangkat. > > Dina bagian akhir, dibahas ngeunaan makam manehna. Anu oge mangrupa > piramid. Kompleks sabudeureun eta piramid dijaraga ku tentara tina tanah > liat anu populer disebut Terracota. Ayeuna piramid makam teh ngawujud > mangrupa pasir, panasaran lamun digali siga kumaha nya wujudna eta piramid? > > Kira-kira isu piramid di gunung lalakon tea, sarua kitu makam "seseorang"? > > > ------------------------------------ > > Yahoo! Groups Links > > > >   http://docs.yahoo.com/info/terms/ >
