Bah AA, pasar Ramadhan teh katelahna "Pasar Wadai Ramadhan".

Enya ieu teh tradisi taunan urang Borneo, unggal bulan puasa, sabulan pinuh
aya pasar kaget, "Pasar Wadai" alias Pasar Kueh.

Ari uing mah Bah AA, sok ngulincer ka jongko Arab, nu sayagi rupa-rupa
katuangan daging embe, itung-itung panineungan kana MARANGGI ega embe di
lembur. Hehehe

2011/8/22 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
> Aya kadaharan atawa samodel kueh; anu baheula mah sok aya wae
> unggal bulan Puasa teh; tapii kaayeunakeun ampir leungit; misalna
> SARIKAYA; baheul mah mani asa reueus mun di imah buka ku sarikaya.
> Ayeuna mah ku sabab geus loba pisan kadaharan ; jadi we sarikaya teh
> dipopohokeun.
>
> Komo deui bubur sumsum mah duka kamana tah ?
>
> korma ge ayeuna mah ampir teu jadi kadaharan poko TAJIL !
>
> Untung Cangkaleng mah; masih tetep diayakeun ari buka teh.
>
> Da memang cangkalengna ge loba ! Mun henteu mah..............
> Wah tangtu bakal ngalaman NASIB nu sarupa jeung sarikaya !
>
> Soal Kueh2 Ramadhan sigana Balikpapan mah pang hebatna !
> Lantaran aya pasar Ramadhan tea. Mangkning nu jadi tukang
> masakna teh pastina ge : 1. Bugis  2. Banjar  3. Jawa !!!
>
> Jadi sagala masakan aya !
>
> Ngan lamun urang neangan Gorengan Hurang model Kroya moal aya !
>
> Kadaharan keur buka Puasa atawa sok disarebut TAJIL; penting pisan
> lantaran muru maghrib ulah lapar teuing tapi ulah eungap teuing; nya
> kudu aya cara khas supaya bisa buka; bisa shalat jste.
>
> Lamun urang ngagedekeun dahar sangu waktu buka; model barudak leutik;
> tangtu shalat maghrib rada katunda atawa kurang bener lantaran seubeuh
> teuing.
>
> Tapi mun dahar ditunda engke sanggeus shalat; maka eta teh mungkin
> ngaganggu
> konsentrasi keur shalat; lantaran inget ka na beuteung lapar jeung
> dahareun.
>
> Jadi TAJIl teh kacida pentingna; supaya ulah lapar teuing;
> matak hukum TAJIL SUNAT.
>
> Akhirna nu penting nya eta Pardu kasambut, sunat kalampahkeun.
>
>
>
>
>
>
>  
>

Kirim email ke