Aya kadaharan atawa samodel kueh; anu baheula mah sok aya wae
unggal bulan Puasa teh; tapii kaayeunakeun ampir leungit; misalna
SARIKAYA; baheul mah mani asa reueus mun di imah buka ku sarikaya.
Ayeuna mah ku sabab geus loba pisan kadaharan ; jadi we sarikaya teh
dipopohokeun.

Komo deui bubur sumsum mah duka kamana tah ?

korma ge ayeuna mah ampir teu jadi kadaharan poko TAJIL !

Untung Cangkaleng mah; masih tetep diayakeun ari buka teh.

Da memang cangkalengna ge loba ! Mun henteu mah..............
Wah tangtu bakal ngalaman NASIB nu sarupa jeung sarikaya !

Soal Kueh2 Ramadhan sigana Balikpapan mah pang hebatna !
Lantaran aya pasar Ramadhan tea. Mangkning nu jadi tukang 
masakna teh pastina ge : 1. Bugis  2. Banjar  3. Jawa !!!

Jadi sagala masakan aya !

Ngan lamun urang neangan Gorengan Hurang model Kroya moal aya !

Kadaharan keur buka Puasa atawa sok disarebut TAJIL; penting pisan
lantaran muru maghrib ulah lapar teuing tapi ulah eungap teuing; nya
kudu aya cara khas supaya bisa buka; bisa shalat jste.

Lamun urang ngagedekeun dahar sangu waktu buka; model barudak leutik;
tangtu shalat maghrib rada katunda atawa kurang bener lantaran seubeuh teuing.

Tapi mun dahar ditunda engke sanggeus shalat; maka eta teh mungkin ngaganggu
konsentrasi keur shalat; lantaran inget ka na beuteung lapar jeung dahareun.

Jadi TAJIl teh kacida pentingna; supaya ulah lapar teuing;
matak hukum TAJIL SUNAT.

Akhirna nu penting nya eta Pardu kasambut, sunat kalampahkeun.






Kirim email ke