Da masih dipake atuh ajengan ge Ngan ayeuna mah dina pandangan masyarakat, makin saeutik nu pantes make gelar eta. Da lain khayang ajengan disebut ajengan teh, tapi biasana kusabab masyarakat nu ngahormat make cara nerapkeun gelar ajengan ka salah saurang nu dianggap pantes
Nambahan, di Jawa, kiyai sok dipake oge jang mere ngaran keris/pakarang Sent from BelekBek® -----Original Message----- From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 25 Aug 2011 22:29:08 To: Ki Sunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Cc: Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Basa - Ajengan? Neruskeun padungdengan gelar hormat "ajengan". Mun noong di sababaraha tempat, gelar hormat pikeun tokoh kaagamaan, jiga kieu: 1. Tuan Guru, dipake di Borneo oge Lombok 2. Kiayi, dipake di daerah Jawa. Malah lain ukur keur jalma, oge keur kebo. 3. Tok Guru, dipake di Malaya 4. Ajengan, dipake di Tatar Sunda Jadi aya hadena mun urang ngabiasakeun gelar hormat "ajengan" tinimbang gelar lianna. Cing sugan aya gelaran lain. Ari di Banten naonnya?
