Tiasa wae disambungkeun, sapertos waktos HBH di Pasantren di ....Garut (tempat 
kang Deny Suwarja). Pan harita oge ngondang kasenian sareng ngadongeng peta 
tea. Hartosna Kang Ganjar mung sakadar bubuka ngadongeng ketak Unpad kapayun. 
Diskusi paling sakedap, teu kedah aya presentasi pemakalah atanapi penanggap 
sagala. Paling heunteu, ngabuka wawasan urang sadaya. tina obrolan eta nembe 
dirumuskeun kanggo ngadamel proposal kagiatan anu rada serieus.
Sabab mung sakadar ngobrol wae anu teu puguh alang ujurna bari jeung 
barangtuang, ceuk kuring mah kontra produktif.
atanapi aya alternatif sanesna kieu. Para moderator milis kisunda/urangsunda 
ngulas sacara umum perkembangan eusi milis teras ngadamel rencana kapayun, 
kinten-kintenna topik naon wae anu bade janten bahasan di milis. Siga ayeuna 
nuju rame perkawis pasantren. Kuring ngabayangkeun di milis tiasa diayakeun 
seminar sacara online, anu topikna tos ditangtoskeun ku moderator. Misalna aya  
makalah anu dialungkeun ka milis. Para anggota milis dipasihan tempo tilu 
dinten kanggo menanggapi via milis, teras tilu dinten deui pemakalah menanggapi 
tanggapan eta. Dinten katujuh, dirangkum/disimpulkeun hasil tanggapan sareng 
jawaban pemakalah. Model seminar sapertos kieu sering diayakeun ku milis 
tatanggi. Jadi masing-masing anggota milis tiasa hare-hare di tempat damel, 
tapi masih tiasa ngabandungan "lalu lintas" seminar. Dina perkawis ieu penting 
pisan peranan moderator milis.

baktos,

mrachmatrawyani



________________________________
From: "[email protected]" <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, August 25, 2011 6:41 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: HBH...di Bandung


  
Kedah dibedakeun HBH raraga silaturahim nya der2 we umumkeun dimana irahana. 
Ari rek bari ngobrol seurieus wayahna kudu misah acarana, ceuk kuring mah urang 
can biasa "multitasking" kudu hiji2 dileukeunan. Lamun campur teu kaditu teu 
kadieu.
Powered by Telkomsel BlackBerry®
________________________________

From:  Ki Hasan <[email protected]> 
Sender:  [email protected] 
Date: Fri, 26 Aug 2011 09:16:24 +0800
To: <[email protected]>
ReplyTo:  [email protected] 
Cc: Ki Sunda<[email protected]>
Subject: [kisunda] Re: HBH...di Bandung
  
Rada nyambung tah rencana teh jeung obrolan Kang Oman, Kang Jalak kamari  


2011/8/26 MRachmat Rawyani <[email protected]>

 
>  
>Usul ti Abdi, HBH taun ieu, "back to basic" diayakeun di Bandung, sateuacan 
>kaping 5 September.
>Sederhana wae. Paniciana urang Bandung. Sakantenan salametan doktor Mang Jamal 
>sareng loncing  majalah GEOMAGZ, ulang tahun anu kalahiran sasih sepetember. 
>Tempat, pami teu di ITENAS, Cihideung, nya di Kantor Geologi. Atanapi di Wisma 
>Unpad pengkereun gedong sate. Acara sanesna, nya ngondang pupuhu Unpad (Prof. 
>Ganjar), kumaha ketak Unpad kapayun, naon kinten-kintena sumbangsih milis 
>urangsunda sareng kisunda. "Kembalikan Unpad  sebagai motor kemajuan Budaya 
>Sunda".
>
>
>Atanapi alternatif sanesna diayakeun ahir september dinten saptu atanapi 
>minggu, tapi tempat masih tetep di (sekitar) Bandung.
>
>
>Wassalam,
>
>
>mrachmatrawyani
>
>
>
>________________________________
>
>

 

Kirim email ke