Sok atuh geura paheutkeun tanggal & tempatna, pami sateuacan ping 5 September mah didieu ge bisa miluan. Komo mun di Cihideung mah, tinggal ngagorolong we.
________________________________ From: MRachmat Rawyani <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Friday, August 26, 2011 10:30 AM Subject: Re: [kisunda] Re: HBH...di Bandung Tiasa wae disambungkeun, sapertos waktos HBH di Pasantren di ....Garut (tempat kang Deny Suwarja). Pan harita oge ngondang kasenian sareng ngadongeng peta tea. Hartosna Kang Ganjar mung sakadar bubuka ngadongeng ketak Unpad kapayun. Diskusi paling sakedap, teu kedah aya presentasi pemakalah atanapi penanggap sagala. Paling heunteu, ngabuka wawasan urang sadaya. tina obrolan eta nembe dirumuskeun kanggo ngadamel proposal kagiatan anu rada serieus. Sabab mung sakadar ngobrol wae anu teu puguh alang ujurna bari jeung barangtuang, ceuk kuring mah kontra produktif. atanapi aya alternatif sanesna kieu. Para moderator milis kisunda/urangsunda ngulas sacara umum perkembangan eusi milis teras ngadamel rencana kapayun, kinten-kintenna topik naon wae anu bade janten bahasan di milis. Siga ayeuna nuju rame perkawis pasantren. Kuring ngabayangkeun di milis tiasa diayakeun seminar sacara online, anu topikna tos ditangtoskeun ku moderator. Misalna aya makalah anu dialungkeun ka milis. Para anggota milis dipasihan tempo tilu dinten kanggo menanggapi via milis, teras tilu dinten deui pemakalah menanggapi tanggapan eta. Dinten katujuh, dirangkum/disimpulkeun hasil tanggapan sareng jawaban pemakalah. Model seminar sapertos kieu sering diayakeun ku milis tatanggi. Jadi masing-masing anggota milis tiasa hare-hare di tempat damel, tapi masih tiasa ngabandungan "lalu lintas" seminar. Dina perkawis ieu penting pisan peranan moderator milis. baktos, mrachmatrawyani ________________________________ From: "[email protected]" <[email protected]> To: [email protected] Sent: Thursday, August 25, 2011 6:41 PM Subject: Re: [kisunda] Re: HBH...di Bandung Kedah dibedakeun HBH raraga silaturahim nya der2 we umumkeun dimana irahana. Ari rek bari ngobrol seurieus wayahna kudu misah acarana, ceuk kuring mah urang can biasa "multitasking" kudu hiji2 dileukeunan. Lamun campur teu kaditu teu kadieu. Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 26 Aug 2011 09:16:24 +0800 To: <[email protected]> ReplyTo: [email protected] Cc: Ki Sunda<[email protected]> Subject: [kisunda] Re: HBH...di Bandung Rada nyambung tah rencana teh jeung obrolan Kang Oman, Kang Jalak kamari 2011/8/26 MRachmat Rawyani <[email protected]> > >Usul ti Abdi, HBH taun ieu, "back to basic" diayakeun di Bandung, sateuacan >kaping 5 September. >Sederhana wae. Paniciana urang Bandung. Sakantenan salametan doktor Mang Jamal >sareng loncing majalah GEOMAGZ, ulang tahun anu kalahiran sasih sepetember. >Tempat, pami teu di ITENAS, Cihideung, nya di Kantor Geologi. Atanapi di Wisma >Unpad pengkereun gedong sate. Acara sanesna, nya ngondang pupuhu Unpad (Prof. >Ganjar), kumaha ketak Unpad kapayun, naon kinten-kintena sumbangsih milis >urangsunda sareng kisunda. "Kembalikan Unpad sebagai motor kemajuan Budaya >Sunda". > > >Atanapi alternatif sanesna diayakeun ahir september dinten saptu atanapi >minggu, tapi tempat masih tetep di (sekitar) Bandung. > > >Wassalam, > > >mrachmatrawyani > > > >________________________________ > >
