Baraya sadaya,

Neruskeun jeung ngalengkepan informasi ti Mh, ngaliwatan ieu email si kuring
seja ngulem baraya sadaya anu pas waktuna jeung itu ieuna, kana riungan
"siduru isuk", minangkana mah HBH bari tepung sono silaturahim ku geus lawas
teu ruang-riung, dihaturanan kasumpinganana di/dina:

Poe/Tanggal       : Saptu, 3 September 2011
Waktu               : Pk 13.00 nepi ka rengse (ancer-ancer pk 17.30)
Tempat              :

Wisma Geologi, Jl. Taman Cempaka No 1 Bandung (lebet ti Jl. Gandapura, Jl.
Gandapura tiasa disorang ti Jl. Riau atawa Jl. RE.Martadina lebet tipayuneun
Taman Pramuka. Wisma Geologi henteu tebih ti Stadion Persib Jln Aceh. Ka anu
apalna ktr Geologi di Jl Diponegoro, teu nanaon, wartosan wae panitia (Kang
Agus Roche, HP: 02292166111) upama geus nepi ka di Jl Diponegoro.

Agenda:
Silaturahim, rarancang ngadegkeun paguyuban Raksa Citarum, jsb.

"Siduru isuk" hartina acara sederhana wae, kalayan, ceuk Mh tea mah, anu
penting patepung-lawungna, henteu pati ngagegedekeun kana sabangsaning
konsumsi jeung rarangken acara sejenna. Bisi panitia henteu sanggup
nyadiakeun konsumsi, patali jeung waktu persiapan ieu acara anu kawilang
ngadadak & samporet, wayahna mawa sewang-sewangan tea :).


-------------

Mang Kabayan, abah Aqis, Kang Tirta, Kang Rachmat Rawyani, Kang Ilen, Abah
Abbas, Kang Dudi, kang Ndud oge nu sanesna mangga diantos kasumpinganana
dina waktosna. Kang Agus Roche ti distro Sunda bade mawa balad aya 10 urang,
saurna. Oge aya sababaraha balad ti Paguyuban Raksa Citarum anu seja hadir.
Teu kakantun, Ceui Ida ti JRSP insya Alloh hadir dina waktuna.


Ka anu bade hadir, mangga diantos konfrimasina
baktosna,
pun
manar

Kirim email ke