Baraya,

Wilujeng boboran shiam, neda hapunten samudaya kalepatan. Dina sababaraha
poe anu masih dina mingguan lebaran ieu mugia urang kenging ampunan Alloh,
salawasna ngagungkeun AnjeunNa oge tos napak nyorang jalan kataqwaan ka
AnjeunNa.

Hatur nuhun Mh, laporan acara HBH - na. Enya, sok sanajan riung mungpulung
saeutikan, Alhamdulillah HBH anu rencanana ngadadak teh tos lumangsung. Anu
hadir sakumaha ditataan ku MH, jumlah-jamleh aya 30 urangna. Anu saeutikan
teh lumayan ngawakilan sababaraha komunitas saperti ti milist kisunda/Urang
Sunda. milist Raksa Citarum, Dewan Pemerhati Kehutanan dan Lingkungan Tatar
Sunda (DPKLTS), Distro Sunda, Jaringan Radio Suara Petani (JRSP), Koperasi
Tapak Sarakan Walatra Raharja, Yayasan Nur Hidayah; kalawan dipirig ku
kacapi suling ti Rumentang Siang.

Hatur nuhun ka kanca sadaya anu parantos ngarojong acara HBH. Hatur nuhun k
kang CA anu ngadeudeul pintonan kacapi suling sareng konsumsi eta acara.

Pedara hasil-hasil HBH rupina nyusul dina laporan ti nu sanes.

manar

2011/9/3 Ki Hasan <[email protected]>

> **
>
>
> Baraya, tadi uing ngalongok acara HBH tea.
>
> Alhamdulillah, tepung sareng Kang Oman, Kang Agus Roche sabalad-balad, Kang
> Reza, Bah Abas Amin, Kang Jalak Pakuan, Kang Ilen Kardani, Kang Rahmat
> Rawayani, Kang Ahmad Sahidin, Kang Ahmad Sahmanto, Kaang Sobirin, Kang Iwan,
> Ceu Ida, oge baraya sejenna.
>
> Nuhun baraya tos tiasa tepang.
>
> -mh-
>  
>

Kirim email ke