Wilujeng Boboran Siam,  1 Syawal 1432 H, bilih aya kantos kasisit kebit kana 
ati, kapancah kalangkah ucap, cariosan nu pondok nyogok, nu panjang nyugak, 
ticengklak manah, tisoledat basa, neda dihapunten kana samudaya kalepatan 
sareng kaluputan! Hayu urang palidkeun kapeurih ka sagara asih, urang lokat 
kalepatan ku tirta ning rahmat, urang sulam kembang kanyaah ku sutra hampura.

Sok sanaos mung diluuhan ku tilupuluhan urang, asana teh HBH ayeuna aya 
kamajengan batan HBH sateuacanna. Hiji lengkah maju teh nyaeta bade ngawangun 
hiji yayasan pikeun mayungan  sagala anu aya pakaitna sareng kasundaan  ti 
milis urangsunda/kisunda dina basa tulisan (buku). Ieu teh salah sahiji jalan  
(strategi kabudayaan, ceuk istilah kuring mah) dina ngajegkeun kisunda di 
bhuwana. implengan kuring mah ieu teh neraskeun lalampahan naon anu tos 
dipilampah ku Pangeran... ti Karaton kasepuhan anu ngadata sajarah karajaan 
Nusantara. Jaman harita teknolgi cetak masih sederhana. Atuh jaman kiwari anu 
tos maju dina widang teknologi informasi, kedah langkung maju deui. Sumanget 
siga kitu saleresna mah anu kedah digedurkeun di kalangan kisunda. Sok sanaos 
peryogi puluhan/ratusan taun. tapi sumanget pikeun nanjeurkeun kisunda entong 
pareum.
Kuring jadi emut sajarah penaklukan Bizantium Timur (Turki ayeuna) ku pasukan 
Islam tina kakawasaan tentara kristen. Pan Aya hadisna anu netelakeun, hiji 
mangsa pasukan Islam bakal naklukan kota Bizantium. Dalapan ratus taun sabada 
hadis eta disaurkeun ku Nabi Muhammad SAW, Muhammad Al Fatih katut pasukanana 
anu pinilih ngajorag ka Bizantium, anu ayeuna janten salah sahiji pusat 
kebudayaan Islam.

Kamari oge dipedarkeun perkawis benua atlantis, hiji peradaban   adiluhung dina 
jamanna, sababaraha ahli netelakeun benua eta ayana di wewengkon Nusantara 
(hususna di dataran Sunda Besar). naha Ieu teh ciciren kebangkitan kisunda? 
Tiasa janten nembe tiasa kalakonan sapuluh atanapi saratus tan kapayun. Tapi 
tanpa sumanget anu ngagedur, moal kalaksanakeun cita-cita eta. Hiji mangsa dua 
tilu generasi kapayun bakal aya kisunda anu micinta/mikadeudeuh budaya Sunda. 
Tas tugas urang ayeuna, nyayagikeun 'pupuk' pikeun generasi Sunda kapayun. 
Insya Allah.

baktos,

mrachmatrawyani




________________________________
From: oman abdurahman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Sunday, September 4, 2011 5:47 PM
Subject: Re: [kisunda] HBH 2011 - Tepung jeung Baraya


  
Baraya, 

Wilujeng boboran shiam, neda hapunten samudaya kalepatan. Dina sababaraha poe 
anu masih dina mingguan lebaran ieu mugia urang kenging ampunan Alloh, 
salawasna ngagungkeun AnjeunNa oge tos napak nyorang jalan kataqwaan ka 
AnjeunNa.

Hatur nuhun Mh, laporan acara HBH - na. Enya, sok sanajan riung mungpulung 
saeutikan, Alhamdulillah HBH anu rencanana ngadadak teh tos lumangsung. Anu 
hadir sakumaha ditataan ku MH, jumlah-jamleh aya 30 urangna. Anu saeutikan teh 
lumayan ngawakilan sababaraha komunitas saperti ti milist kisunda/Urang Sunda. 
milist Raksa Citarum, Dewan Pemerhati Kehutanan dan Lingkungan Tatar Sunda 
(DPKLTS), Distro Sunda, Jaringan Radio Suara Petani (JRSP), Koperasi Tapak 
Sarakan Walatra Raharja, Yayasan Nur Hidayah; kalawan dipirig ku kacapi suling 
ti Rumentang Siang.

Hatur nuhun ka kanca sadaya anu parantos ngarojong acara HBH. Hatur nuhun k 
kang CA anu ngadeudeul pintonan kacapi suling sareng konsumsi eta acara.

Pedara hasil-hasil HBH rupina nyusul dina laporan ti nu sanes.

manar    


2011/9/3 Ki Hasan <[email protected]>

 
>  
>Baraya, tadi uing ngalongok acara HBH tea.
>
>Alhamdulillah, tepung sareng Kang Oman, Kang Agus Roche sabalad-balad, Kang 
>Reza, Bah Abas Amin, Kang Jalak Pakuan, Kang Ilen Kardani, Kang Rahmat 
>Rawayani, Kang Ahmad Sahidin, Kang Ahmad Sahmanto, Kaang Sobirin, Kang Iwan, 
>Ceu Ida, oge baraya sejenna.
>
>Nuhun baraya tos tiasa tepang.
>
>-mh-  
>

 

Kirim email ke