Salya diangkat Senapati mingpin Nala Kurawa; ti pihak Pandawa Dristadjumna 
enggal mingpin pasukn megatan Pasukan Kurawa; perang ragot. Nyata Salya oge 
maher pisan jadi Senapati Astina; pasukan Kurawa maju bari narekad; da nyata 
ayeuna mah pahlawanna geus ampir seep pisan. Maranehna maju ngaramuk ka Pasukan 
Pandawa; 

Utamauyas ngahalang majuna pasukan Astina; teras perang rgot sareng Salya. Teu 
mangga pulia, Uttamauyas lastari ku Prabu Salya.

Pasukan Uttamauyas seueur nu marati disikat ku Pasukan Astina; Yudananyu maju;
tapi saparantos lami perang; ieu ge tiwas ku Salya. Salya terus maju dihalangan 
ku
Dristadjumna.

Ari Bhima di medan sanes ngmuk ka Pasukan Kurawa nu teu sabaraha kuat deui;
Arjuna di na perang poe ieu mah ngan ukur ngawaskeun ti kajauhan, lantaran geus 
teu 
aya napsu deui sanggeusna kamari nelasan Karna; anu kabuktian rakana ku anjeun.

Nakula sareng Sadewa ngaramuk ka sesa pasukan Kurawa; nu terus2an mundur,
masing disumangetan terus ku Maha Senapati Salya. Sadewa nu ti pyun maju
akhirna pasanggrok jeung Sakuni; der wae silih panah ragot pisan. Duanana sami2 
barorot getih, tanda campuh pisn perangna. Akhirna duanana cul panah teras 
sami2 luncat
ti na kareta der wae silih pedang. Lila2 Sakuni leuleus ku sabab eleh umur; da 
Sadewa mah ngora keneh; nya atuh sababaraha kali kasabet jeung katojos pedang; 
nepi ka
ngajungkel niban lemah.Teu bisa usik deui . Sadewa laju ninggalkeun Sakuni.

Bhima nu keur ngamuk ka para pasukan Astina nempo pisan rubuhna Sakuni; langsung
wae nuju ka dinya; teu antaparah deui beungeut SAKUNI dijejekan ku BHIMA.
Bhima nyorowok:"Heee Sakuni ! Nya sia nu boga pokal nepi keun ka Para Satriya
sadunya kudu ogol jugala pati ! Nya maneh nu ngalantarankeun ieu perang! 
Jeungna deui sungut maneh Sakuni ! Nu nyababkeun ieu peperangan teh!"

Teu antaparah deui Bhima nyoehkeun sungut sakuni; bari ngagakgak !!!!
Atuh para prajurit Kurawa malundur bari jeung sieun nempo ketak Bhima saperti 
kitu.

Hanca

Kirim email ke