kade ah aya homosex ngalangkung kang. --- On Thu, 8/9/11, Sp Saprudin <[email protected]> wrote:
From: Sp Saprudin <[email protected]> Subject: Bls: [kisunda] Bharata Yudha 78 To: "[email protected]" <[email protected]> Received: Thursday, 8 September, 2011, 2:10 AM jrek..jrek...jrek....nong....... majar..majar...meneng...meneng.....lara.........asaaaaaaaaaaaaaaaaaaaa........anu ngacut bujur kuriiiiiiiiiiiing...... Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Rabu, 7 September 2011 12:41 Judul: [kisunda] Bharata Yudha 78 Salya diangkat Senapati mingpin Nala Kurawa; ti pihak Pandawa Dristadjumna enggal mingpin pasukn megatan Pasukan Kurawa; perang ragot. Nyata Salya oge maher pisan jadi Senapati Astina; pasukan Kurawa maju bari narekad; da nyata ayeuna mah pahlawanna geus ampir seep pisan. Maranehna maju ngaramuk ka Pasukan Pandawa; Utamauyas ngahalang majuna pasukan Astina; teras perang rgot sareng Salya. Teu mangga pulia, Uttamauyas lastari ku Prabu Salya. Pasukan Uttamauyas seueur nu marati disikat ku Pasukan Astina; Yudananyu maju; tapi saparantos lami perang; ieu ge tiwas ku Salya. Salya terus maju dihalangan ku Dristadjumna. Ari Bhima di medan sanes ngmuk ka Pasukan Kurawa nu teu sabaraha kuat deui; Arjuna di na perang poe ieu mah ngan ukur ngawaskeun ti kajauhan, lantaran geus teu aya napsu deui sanggeusna kamari nelasan Karna; anu kabuktian rakana ku anjeun. Nakula sareng Sadewa ngaramuk ka sesa pasukan Kurawa; nu terus2an mundur, masing disumangetan terus ku Maha Senapati Salya. Sadewa nu ti pyun maju akhirna pasanggrok jeung Sakuni; der wae silih panah ragot pisan. Duanana sami2 barorot getih, tanda campuh pisn perangna. Akhirna duanana cul panah teras sami2 luncat ti na kareta der wae silih pedang. Lila2 Sakuni leuleus ku sabab eleh umur; da Sadewa mah ngora keneh; nya atuh sababaraha kali kasabet jeung katojos pedang; nepi ka ngajungkel niban lemah.Teu bisa usik deui . Sadewa laju ninggalkeun Sakuni. Bhima nu keur ngamuk ka para pasukan Astina nempo pisan rubuhna Sakuni; langsung wae nuju ka dinya; teu antaparah deui beungeut SAKUNI dijejekan ku BHIMA. Bhima nyorowok:"Heee Sakuni ! Nya sia nu boga pokal nepi keun ka Para Satriya sadunya kudu ogol jugala pati ! Nya maneh nu ngalantarankeun ieu perang! Jeungna deui sungut maneh Sakuni ! Nu nyababkeun ieu peperangan teh!" Teu antaparah deui Bhima nyoehkeun sungut sakuni; bari ngagakgak !!!! Atuh para prajurit Kurawa malundur bari jeung sieun nempo ketak Bhima saperti kitu. Hanca
