Lamun urang ngalakukeun sholat, bisa katembong ku batur; Sanajan dina jero 
hatena nyanyanyian atawa
mikiran hutang oge, angger we dianggapna keur sholat(ku batur anu ningali).
Saena, sateuacana apal rukun(tiang/wangunan) Islam, kedah apal heula 
rukun(tiang/wangunan) agama.
Tah upami parantos apal, fardu sholat sareng wajibna sholat, tangtos moal 
hare-hare; moal hare-hare, solat jalan korupsi jalan. Ari fardu sholat mah 
sakumaha anu umum aya dina kitab fiqih, ari wajibna solat kudu
apal kanu disembahna. Ari rukun agama aya 4 perkara, syareat, tarekat, hakekat 
sareng ma'rifat.

heup heula ah.
---------------
From: Ki Hasan 
Jigana Kang Ahsa, ieu mah jigana nya. Hehehe.
Shalat teh dijadikeun ikon, imej, nu bisa dijadikeun representasi pikeun
ngabedakeun muslim jeung non-muslim. Apan geuning muslim nu hideng mah, mun
geus apal wancina sholat, umumna mah aktifitas naon wae nu keur diagrap, sok
di-pause heula, ditunda, nyelang heula keur ngalakonan sholat. Ari
kangaranan aktifitas apan ilahar campur gaul jeung rupa-rupa jalma nu tangtu
agemanana oge teu sarua. Tah kulantaran kitu, kalakuan muslim nu konsisten
sok nyelang shalat heula dina kaayaan naon wae, bisa jadi indikator pikeun
jalma sakurilingna yen si eta teh muslim. Jadi we, sholat teh disebut tihang
agama, da dijadikeun pancer eksistensi muslim pikeun nu lianna. Ari rukun nu
lianna mah apan bisa teu katembong.

2011/9/8 Ahmad Sahidin <[email protected]>

> **
>
>
> nya ari ti nash na mah kitu. aya teu alesan nu asup akal.
> pan agama teh aya dimensi rasio na. cobi guar; lain ngan ukur copypaste :-)
>


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke