Kang teraskeun yeuh abdi nembe terang aya Rukun Agama, nu apal diajarkeun ti budak keneh ngan rukun iman jeung rukun islam. Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Gus Maman <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 9 Sep 2011 10:40:29 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: katembong Re: [kisunda] Islam diwangun dina lima perkara Lamun urang ngalakukeun sholat, bisa katembong ku batur; Sanajan dina jero hatena nyanyanyian atawa mikiran hutang oge, angger we dianggapna keur sholat(ku batur anu ningali). Saena, sateuacana apal rukun(tiang/wangunan) Islam, kedah apal heula rukun(tiang/wangunan) agama. Tah upami parantos apal, fardu sholat sareng wajibna sholat, tangtos moal hare-hare; moal hare-hare, solat jalan korupsi jalan. Ari fardu sholat mah sakumaha anu umum aya dina kitab fiqih, ari wajibna solat kudu apal kanu disembahna. Ari rukun agama aya 4 perkara, syareat, tarekat, hakekat sareng ma'rifat. heup heula ah. --------------- From: Ki Hasan Jigana Kang Ahsa, ieu mah jigana nya. Hehehe. Shalat teh dijadikeun ikon, imej, nu bisa dijadikeun representasi pikeun ngabedakeun muslim jeung non-muslim. Apan geuning muslim nu hideng mah, mun geus apal wancina sholat, umumna mah aktifitas naon wae nu keur diagrap, sok di-pause heula, ditunda, nyelang heula keur ngalakonan sholat. Ari kangaranan aktifitas apan ilahar campur gaul jeung rupa-rupa jalma nu tangtu agemanana oge teu sarua. Tah kulantaran kitu, kalakuan muslim nu konsisten sok nyelang shalat heula dina kaayaan naon wae, bisa jadi indikator pikeun jalma sakurilingna yen si eta teh muslim. Jadi we, sholat teh disebut tihang agama, da dijadikeun pancer eksistensi muslim pikeun nu lianna. Ari rukun nu lianna mah apan bisa teu katembong. 2011/9/8 Ahmad Sahidin <[email protected]> > ** > > > nya ari ti nash na mah kitu. aya teu alesan nu asup akal. > pan agama teh aya dimensi rasio na. cobi guar; lain ngan ukur copypaste :-) >
