Caturkeun Raja Mandaraka Salya, nu nuju repot mimpin Pasukan nu tinggal saeutik 
deui;
Salya bingung luak lieuk para Pahlawan Astina ampir ledis; tapi teu galideur 
terus we maju,geus gilig rek bebeakan nepi ka jucungna. Atuh pangmukna Salya 
harita lir Bhatara Yama lungsur ka bumi.

Pasukan Pandawa najan masih gegek,teu aya nu yasa nahan pangamuk Raja Mandaraka;
nu salian ti SaktiMandraguna,oge Senapati nu mumpuni katambah ngusiran nu 
kampiun pisan.Dritadjumna,Srikandhi; kapaksa malundur teu kiat ngalawan Salya ! 
Mundur bari
boborot ku getih.

Satyaki enggalna majeng kapayun, ngahalang ketakna Salya; para prajurit Pandawa 
nyerang Pasukan Kurawa nu nyesa; atuh carem pasukan Kurawa teh harita teu nyesa
sama sakali; nu bisa kabur mah mngpret teu tolih deui ka Salya.

Atuh Salya ngan ukur nyorangan merangan Satyaki teh; ras anjeunna emut ka 
Abimanyu,
nu dikepung ku rebuan paukan; nya ayeuna aing kudu cara Abimanyu teh. Salya 
geus buleud pisan, teu tolih deui aya balad atawa henteu terus wae nyerang ka 
Satyaki.
Ger dua Pahlawan Utama ti dua pihak ngadu karosan.Tapi nyata Enya ge Satyaki 
leuwih
ngora, tapi kadesek terus ku Salya nu geus nekad pisan. Lila2 mah Satyaki 
kapanah,
geus aya duana panah ti Salya nancep dina jasmani Satyaki.

Kapaksa Satyaki mundur;Salya ngudag; untung dihalangn ku Bhimasena.

Atuh ger wae ieu dua jadug teh ragot jurit;Bhima tos garetihantaratu.Amarah 
Bhima
lajeng ngangkat gada tapi dipiheulaan ku Salya,Gada ancur.

Yudhistira ningali ingkang Rai kadesek enggal majeng kapayun,miwarang mundur 
Bhimasena.

Ari Saly ningali Yudhitir mju;duka kumah ngadadak ngaleketey; badan leuleus;
kadya kapuk kaibunan;gaekeur mah eukeur cape perang dikoroyok;nya wajar mun 
leuleus
teh; tapi da tadina oge modalna nekad tea tapi ningali Yudhistira anjeunna 
sapertos
ningal Prabu Pandu Dewanata nu mayunan anjeunna.

Salya emut jaman keur ngora; keur masih Bambang Narasoma; nu adigung adiguna;
lantaran asa aing pang jagona;tapi waktu tarung jeung Pandu Dewanata, nyata 
kasaktenna,eleh sababaraha tikel ti Pandu. NYa Salya taluk ka Pandu,rumas eleh 
jajaten.
Nya ngan ukur ku Pandu Salya sieun teh.Tah ayeuna dipayuneun Salya saperti
ngajanggelekPrabu Pandu Dewanata;jadi Salya ngadadak leuleus ku reuwas jeung 
sieun.

Ari Yudhistira barang Bhima mundur terus wae ngalempagkeun tumbak ! Nya di na 
soal
maen tumbak,Ydhistira teh unggulna ! Salya oge usaha nakis; ngan wae tanaga tos 
suda;
atuh eta tumbak teh terus wae ngabelesur ambles ka na dada Salya ! Salya 
palastra
sapada harita.

HANCA




Kirim email ke