Kacapirit tea meureun nya Kang? Ari kuring mah babaturan SD ath. Hiji mangsa manehna teh ugat uget kana tembok pangtukangna. Kabeh teu nyangka sugan teh aratel tonggongna, da paribasa ningan arateul tonggong mah sok kana kusen panto atawa tembok, ari pek teh meni melekbek eta sakelas.. Hehehe.. Kacapirit.. Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: "Runa Inawan™" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 12 Sep 2011 13:59:50 To: Millis Urang Sunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: Bls: [kisunda] Bharata Yudha ka79 ;)ђέђέђέ«Ơ̴̴͡.̮Ơ̴̴͡»ђέђέђέ:d busiat. Jadi inget bieu satpam dikantor ngadongeng pangalamana. Manehna beuteungna keur kurang sehat. Basa keur ngatur2 lalin di bus, hayang hitut ari pEk tek kaluar jeung bukur2na. Atuh baseuh calanana keur mah teu di calana jero. Hahahaha Sent from my BlackBerry® powered by | Ki Runa Inawan™ | Twitter: @runainawan Fb: Runa Inawan www.lipi.go.id www.biologi.lipi.go.id -----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 12 Sep 2011 13:17:17 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: Bls: [kisunda] Bharata Yudha ka79 Rada bau nu busiat yeuh; hese tek nulis ge. Cing atuh gancang ombehan ulah lila ditunda kitu ah ? --- On Mon, 12/9/11, Sp Saprudin <[email protected]> wrote: From: Sp Saprudin <[email protected]> Subject: Bls: [kisunda] Bharata Yudha ka79 To: "[email protected]" <[email protected]> Received: Monday, 12 September, 2011, 12:38 AM Jrek..nong....jrek...nong....torok..tok..tok......tok Majar...majar...meneng...lara....atina ...lara............aaaaaaaatiiiinaaa...laraaaaaaa.................... Kacaritakeun.....tiwasna Prabu Salya......sadaya prajurit kurawa ngajerit....maratan langit lantara mules nyeri beuteung harayangeun ngising......... "Tobat....tobat......tobaaaaaaat aladalah....tobaat na kunaon beuteung aing beut jadi mules kieu...tobaaat" kitu ceuk prajurit kurawa ngaroceak bari ngabecir neangan ruyuk pikeun ngarising meureun.... He..he.he.. Mangga diantos carita sambungana ku kuring. Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Sabtu, 10 September 2011 13:32 Judul: [kisunda] Bharata Yudha ka79 Caturkeun Raja Mandaraka Salya, nu nuju repot mimpin Pasukan nu tinggal saeutik deui; Salya bingung luak lieuk para Pahlawan Astina ampir ledis; tapi teu galideur terus we maju,geus gilig rek bebeakan nepi ka jucungna. Atuh pangmukna Salya harita lir Bhatara Yama lungsur ka bumi. Pasukan Pandawa najan masih gegek,teu aya nu yasa nahan pangamuk Raja Mandaraka; nu salian ti SaktiMandraguna,oge Senapati nu mumpuni katambah ngusiran nu kampiun pisan.Dritadjumna,Srikandhi; kapaksa malundur teu kiat ngalawan Salya ! Mundur bari boborot ku getih. Satyaki enggalna majeng kapayun, ngahalang ketakna Salya; para prajurit Pandawa nyerang Pasukan Kurawa nu nyesa; atuh carem pasukan Kurawa teh harita teu nyesa sama sakali; nu bisa kabur mah mngpret teu tolih deui ka Salya. Atuh Salya ngan ukur nyorangan merangan Satyaki teh; ras anjeunna emut ka Abimanyu, nu dikepung ku rebuan paukan; nya ayeuna aing kudu cara Abimanyu teh. Salya geus buleud pisan, teu tolih deui aya balad atawa henteu terus wae nyerang ka Satyaki. Ger dua Pahlawan Utama ti dua pihak ngadu karosan.Tapi nyata Enya ge Satyaki leuwih ngora, tapi kadesek terus ku Salya nu geus nekad pisan. Lila2 mah Satyaki kapanah, geus aya duana panah ti Salya nancep dina jasmani Satyaki. Kapaksa Satyaki mundur;Salya ngudag; untung dihalangn ku Bhimasena. Atuh ger wae ieu dua jadug teh ragot jurit;Bhima tos garetihantaratu.Amarah Bhima lajeng ngangkat gada tapi dipiheulaan ku Salya,Gada ancur. Yudhistira ningali ingkang Rai kadesek enggal majeng kapayun,miwarang mundur Bhimasena. Ari Saly ningali Yudhitir mju;duka kumah ngadadak ngaleketey; badan leuleus; kadya kapuk kaibunan;gaekeur mah eukeur cape perang dikoroyok;nya wajar mun leuleus teh; tapi da tadina oge modalna nekad tea tapi ningali Yudhistira anjeunna sapertos ningal Prabu Pandu Dewanata nu mayunan anjeunna. Salya emut jaman keur ngora; keur masih Bambang Narasoma; nu adigung adiguna; lantaran asa aing pang jagona;tapi waktu tarung jeung Pandu Dewanata, nyata kasaktenna,eleh sababaraha tikel ti Pandu. NYa Salya taluk ka Pandu,rumas eleh jajaten. Nya ngan ukur ku Pandu Salya sieun teh.Tah ayeuna dipayuneun Salya saperti ngajanggelekPrabu Pandu Dewanata;jadi Salya ngadadak leuleus ku reuwas jeung sieun. Ari Yudhistira barang Bhima mundur terus wae ngalempagkeun tumbak ! Nya di na soal maen tumbak,Ydhistira teh unggulna ! Salya oge usaha nakis; ngan wae tanaga tos suda; atuh eta tumbak teh terus wae ngabelesur ambles ka na dada Salya ! Salya palastra sapada harita. HANCA
