hatur nuhun kang asep, geuning djoko santoso teh mung dirjen dikti. punten
lepat maca

2011/9/12 <[email protected]>

> **
>
>
> ** Kang, sakedik koreksian, Mendiknaas mah Muh. Nuh sanes Djoko Santoso.
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Dudi Herlianto <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Mon, 12 Sep 2011 17:03:57 +0700
> *To: *Urangsunda<[email protected]>; <[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *[kisunda] Re: di ui 'urang sunda' keur di kakaya?
>
>
>
> koreksi sakedik, sanes 'di kakaya' (di-na dipisah), tapi 'dikakaya'. sanes
> 'sundaa' tapi 'sunda'. nu sanesna mah bilih aya kalepatan deui neda
> hapuntenna wae...
>
> 2011/9/12 Dudi Herlianto <[email protected]>
>
>> naha kuring nyieun patarosanna ieu di dieu? bari wani make judul 'urang
>> sunda' di kakaya? sabab gumilar rusliwa somantri kungsi koncara di milis
>> ieu. mun teu salah inget, gumilar mimiti diangkat jadi rektor ui
>> (universitas indonesia) taun 2007, basa pemilu pilpres 2009, kungsi aya
>> wangkongan di ieu milis, saha nu pantes jadi wakil urang sundaa keur ngilu
>> makalangan di eta pagelaran? salahsahiji aran nu remen kasebut nya gumilar
>> rusliwa somantri ieu.
>>
>> tah ayeuna, urang garut nu bisa jadi rektor ui pangorana teh keur remen
>> asup warta di rea koran, hanjakal wartana henteu alus, goreng. nu jadi
>> pamicu: ui dina bulan agustus 2011 mere pangajen doktor honoris kausa keur
>> raja saudi, abdullah dina widang iptek jeung perdamaian. hal eta jadi
>> polemik jalaran arab saudi ku sabagean masyarakat indonesia ditingali salaku
>> nagara nu biadab ka tki. kasus ruyati nu dihukum pancung salasahijina. malah
>> cek tempo
>> <http://www.tempo.co/hg/kesra/2010/12/03/brk,20101203-296550,id.html>mah,
>> arab saudi teh nagara nu pangtelengesna (paling loba kasus kekerasan) ka tki
>> salian ti malaysia.
>>
>> teu kurang ti emil salim, guru besar ui, kungsi jadi mentri, tanggal 5
>> september 2011 pidatona di fakultas ekonomi ui dijejeran ku nu matak
>> nyentug: 'sengkarut rektor, raja, dan ruyati'. eusina cek vivanews
>> <http://analisis.vivanews.com/news/read/244356--soal-gelar-raja-abdullah--saya-siap-dialog->mah
>> (kuring teu boga pidato emil, komo maca mah) protes ka rektor, naha make
>> mere pangajen eta ka sang raja. malah cek eta warta ge, sanggeus pidato
>> rengse, rea mahasiswa nu anggeus ngadenge pidato ngabring marawa batu
>> baledogkeuneun ka rektorat. beja sejen nyebutkeun kakuciwaan sababara tokoh,
>> diantarana mendiknas, djoko santoso.
>>
>> masalah nu tumiba ka gumilar beuki ngalegaan. ade armando, alumni oge
>> dosen ui, dina 
>> kompas.com<http://edukasi.kompas.com/read/2011/09/12/13025062/Ade.Armando.Ini.Bukti.UI.Salah.Tata.Kelola>
>>  nyebut
>> pa rektor teh salah dina nata ngalola kauangan ui. malah ade nyebut di
>> hareupeun sipitas ui yen gumilar ti taun 2010 marab hewan piaraanna make
>> spp, sabulanna sayuta satengah. ade ge dina milis jurnalisme nulis, ti
>> baheula ge manehna geus teu percaya kana kamampuh gumilar mimpin ui.
>>
>> patarosanna, naha gumilar bisa kitu? saterusna, kudu di mana urang
>> nempatkeun 'kasundaan' dina milih hiji pamingpin? saacan atawa saeunggeus
>> kamampuh mingpinna?
>>
>> nuhun,
>>
>> --
>> d-: dudi herlianto :-q
>> paciringan.wordpress.com
>> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>>
>>
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> paciringan.wordpress.com
> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
>
>   __
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke