naha kuring nyieun patarosanna ieu di dieu? bari wani make judul 'urang sunda' di kakaya? sabab gumilar rusliwa somantri kungsi koncara di milis ieu. mun teu salah inget, gumilar mimiti diangkat jadi rektor ui (universitas indonesia) taun 2007, basa pemilu pilpres 2009, kungsi aya wangkongan di ieu milis, saha nu pantes jadi wakil urang sundaa keur ngilu makalangan di eta pagelaran? salahsahiji aran nu remen kasebut nya gumilar rusliwa somantri ieu.
tah ayeuna, urang garut nu bisa jadi rektor ui pangorana teh keur remen asup warta di rea koran, hanjakal wartana henteu alus, goreng. nu jadi pamicu: ui dina bulan agustus 2011 mere pangajen doktor honoris kausa keur raja saudi, abdullah dina widang iptek jeung perdamaian. hal eta jadi polemik jalaran arab saudi ku sabagean masyarakat indonesia ditingali salaku nagara nu biadab ka tki. kasus ruyati nu dihukum pancung salasahijina. malah cek tempo <http://www.tempo.co/hg/kesra/2010/12/03/brk,20101203-296550,id.html>mah, arab saudi teh nagara nu pangtelengesna (paling loba kasus kekerasan) ka tki salian ti malaysia. teu kurang ti emil salim, guru besar ui, kungsi jadi mentri, tanggal 5 september 2011 pidatona di fakultas ekonomi ui dijejeran ku nu matak nyentug: 'sengkarut rektor, raja, dan ruyati'. eusina cek vivanews <http://analisis.vivanews.com/news/read/244356--soal-gelar-raja-abdullah--saya-siap-dialog->mah (kuring teu boga pidato emil, komo maca mah) protes ka rektor, naha make mere pangajen eta ka sang raja. malah cek eta warta ge, sanggeus pidato rengse, rea mahasiswa nu anggeus ngadenge pidato ngabring marawa batu baledogkeuneun ka rektorat. beja sejen nyebutkeun kakuciwaan sababara tokoh, diantarana mendiknas, djoko santoso. masalah nu tumiba ka gumilar beuki ngalegaan. ade armando, alumni oge dosen ui, dina kompas.com<http://edukasi.kompas.com/read/2011/09/12/13025062/Ade.Armando.Ini.Bukti.UI.Salah.Tata.Kelola> nyebut pa rektor teh salah dina nata ngalola kauangan ui. malah ade nyebut di hareupeun sipitas ui yen gumilar ti taun 2010 marab hewan piaraanna make spp, sabulanna sayuta satengah. ade ge dina milis jurnalisme nulis, ti baheula ge manehna geus teu percaya kana kamampuh gumilar mimpin ui. patarosanna, naha gumilar bisa kitu? saterusna, kudu di mana urang nempatkeun 'kasundaan' dina milih hiji pamingpin? saacan atawa saeunggeus kamampuh mingpinna? nuhun, -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
