alesan nu ieu mah, teu aya pakaitna jeung masa *lalu *milis cara tulisan
kuring ngeunaan gumilar rusliwa somantri. da rarasaan mah meunangna dicky
chandra jeung aceng m fikri jadi wakil bupati jeung bupati garut ti jalur nu
arang meunang: independen! teu jadi jejer haneut di ieu milis.padahal calon
independen nu menang dina pilkada teh masih bisa diitung ku ramo. di milis
kisunda aya 14 posting nu eusina aya 'dicky chandra'-an. 13 diantarana
dimimitian ku jejer nu make judul rada nyindir: 'seleb deui'. sedengkeun di
milis urangsunda 'dicky chandra' sanggeus taun 2008 teu kungsi ngawenehan
deui.

bulan ieu dicky ngagenjleungkeun dunya pulitik indonesia, manehna
ngalakukeun hiji hal nu arang kajadian: manehna menta nangtung/turun/mundur
tina korsi wakil bupatina! alesanna geus teu cocog jeung bupatina.

satungtung kanyaho deet kuring henteu loba pajabat publik di indonesia nu
wani mundur tina jabatanna sabab ngarasa gagal. budaya mundurkeun maneh di
tengah jalan sanes budaya urang indonesia. beda jeung, misalkeun, urang
jepang nu wani mundur gara-gara gagal miara 'receh'. seiji meihara, menlu
jepang, maret 2011 mundur gara-gara nampa duit keur kampanye ti luar negeri
gedena 250 rewu yen (teu leuwih ti 30 juta rupiah). coba bandingkeun jeung
nazaruddin nu basa geus jadi buronan di luar nagri sabab geus korupsi
miliaran mangbulan-bulan masih digajih. jepang memang kakoncara ku sering
mundurna pajabat publik gara-gara ngarasa gagal, teu sanggup neruskeun
gawena. perdana menteri jepang nu mundurkeun maneh teu kurang ti dua.

dina sajarah indonesia, diantara saeutik tokoh publik nu mundurkeun maneh
diantarana abdul malik karim amrullah (buya hamka), nu mundur ti ketua mui;
oge hoegeng imam santoso, nu mundur ti kapala polri, duanana ngarasa teu
sajalan jeung kawijakan orde baru. duanana, hamka oge hoegeng jadi legenda,
dipikaemut jadi *orang baik* nu sakedik ayana di indonesia.

tah naha mundurna kang dicky teh bakal kawas buya hamka jeung jendral
hoegeng nu ngajadi eunteung? jigana ukur wanci nu bisa ngatarakeun...

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke