urusan anggaran ge muncul jadi hiji alesan. tapi nu pangseringna mah nya
geus teu cocog, saentos aceng pindah cai pindah pileumpangan, ti independen
ka golkar.

raydonyzar moenek ti kemendagri di
okezone<http://news.okezone.com/read/2011/09/12/339/501820/kemendagri-ada-tiga-alasan-dicky-chandra-mundur>nyebut
sahenteuna aya tilu alesan dicky menta mundur.

kuring mah panasaran, kumaha paningal baraya 3rut nya? samodel kang kumi,
kang agus paku, kang irpan, kang deny nu sahenteuna gaduh cepil jeung soca
langkung caket.

2011/9/12 <[email protected]>

> **
>
>
> ** Lamun dijentrekeun naon wae nu jadi alesan bisa jadi eunteung. Tapi
> lamun ngan teu cocog (masing loba nu nyangka urusan proyek) sigana mah ngan
> ukur jermpol moal nepi ka eunteung.
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Dudi Herlianto <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Mon, 12 Sep 2011 18:52:28 +0700
> *To: *Urangsunda<[email protected]>; <[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *[kisunda] di garut 'urang sunda' ngajadi eunteung?
>
>
>
> alesan nu ieu mah, teu aya pakaitna jeung masa *lalu *milis cara tulisan
> kuring ngeunaan gumilar rusliwa somantri. da rarasaan mah meunangna dicky
> chandra jeung aceng m fikri jadi wakil bupati jeung bupati garut ti jalur nu
> arang meunang: independen! teu jadi jejer haneut di ieu milis.padahal calon
> independen nu menang dina pilkada teh masih bisa diitung ku ramo. di milis
> kisunda aya 14 posting nu eusina aya 'dicky chandra'-an. 13 diantarana
> dimimitian ku jejer nu make judul rada nyindir: 'seleb deui'. sedengkeun di
> milis urangsunda 'dicky chandra' sanggeus taun 2008 teu kungsi ngawenehan
> deui.
>
> bulan ieu dicky ngagenjleungkeun dunya pulitik indonesia, manehna
> ngalakukeun hiji hal nu arang kajadian: manehna menta nangtung/turun/mundur
> tina korsi wakil bupatina! alesanna geus teu cocog jeung bupatina.
>
> satungtung kanyaho deet kuring henteu loba pajabat publik di indonesia nu
> wani mundur tina jabatanna sabab ngarasa gagal. budaya mundurkeun maneh di
> tengah jalan sanes budaya urang indonesia. beda jeung, misalkeun, urang
> jepang nu wani mundur gara-gara gagal miara 'receh'. seiji meihara, menlu
> jepang, maret 2011 mundur gara-gara nampa duit keur kampanye ti luar negeri
> gedena 250 rewu yen (teu leuwih ti 30 juta rupiah). coba bandingkeun jeung
> nazaruddin nu basa geus jadi buronan di luar nagri sabab geus korupsi
> miliaran mangbulan-bulan masih digajih. jepang memang kakoncara ku sering
> mundurna pajabat publik gara-gara ngarasa gagal, teu sanggup neruskeun
> gawena. perdana menteri jepang nu mundurkeun maneh teu kurang ti dua.
>
> dina sajarah indonesia, diantara saeutik tokoh publik nu mundurkeun maneh
> diantarana abdul malik karim amrullah (buya hamka), nu mundur ti ketua mui;
> oge hoegeng imam santoso, nu mundur ti kapala polri, duanana ngarasa teu
> sajalan jeung kawijakan orde baru. duanana, hamka oge hoegeng jadi legenda,
> dipikaemut jadi *orang baik* nu sakedik ayana di indonesia.
>
> tah naha mundurna kang dicky teh bakal kawas buya hamka jeung jendral
> hoegeng nu ngajadi eunteung? jigana ukur wanci nu bisa ngatarakeun...
>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke