Cenah ceuk beja, agama teh hartosna aturan garapeun manusa nuhirup didunya. 
                           Sakabeh manusa anu sehat akalna sakuduna ngahirupan 
agama ku tekad, ucap, lampah nu bener,
                           saumur-umur timimiti terbit akalna dugika ahir 
hayatna.
                           Make jalan silih asah, silih asih, silih asuh, silih 
babagi wawangi anu sajati jeung sasama mahluk hirup, 
                           utamina jeung anu papada anu "ngaji" ngajirim 
manusa, ngajisim manusa, ngajinis manusa, maka ngajadi manunggaling manusa 
kalawan manusa.
                          Anu disebut rukun agama, sare'at ulah diliwat - 
tarekat kudu digugat - hakekat kudu dirawat - ma'ripat kudu dijungkat.
Sakitu heula anan, cenah ceuk beja. Wawlohu alam.

Kirim email ke