sanggeus bulan kamari, 22 agustus 2011, bupati teu-aktip subang, eep
hidayat, nu divonis bebas ku pangadilan tindak pidana korupsi (tipikor)
bandung, bulan ieu, september 2011, giliran wakil walikota teu-aktip bogor,
ahmad ru'yat nu meunang berekah sarupa, divonis bebas ku pangadilan nu
sarua.

dua pupucuk kabupaten/kota di jawa barat, nu salawasna diklaim salaku tatar
sunda tea teh didakwa ku tuduhan nu sarupa: KORUPSI. eep didakwa ku kasus
korupsi *biaya pemungutan pajak bumi dan bangunan* (sundana kira-kira: beya
mulung pajeg lemah jeung wangun. heuheu) taun 2005-2008 sedengkeun ahmad
didakwa kasus korupsi dana apbd taun 2002.

tah dua vonis bebas nu dikaluarkeun ku pangadilan tipikor teh disababkeun,
cek hakim, teu aya bukti nu nuduhkeun yen eep ngalakukeun hal nu ngarugikeun
nagara. atawa ahmad nu teu kabukti ngilu ngalakukeun langsung eta korupsi.

kasus korupsi ahmad ru'yat oge ti mimiti kaungkab di tungtung 2010 henteu
nyieun bogor harengheng, ukur tinggelentis saeutik, sesana hare-hare. aya
eta ge demo ngan ti bobotoh ahmad ru'yatna sorangan. jigana kasus nu tumiba
ka pa wakil teh eleh ku warta nu dijieun ku walikotana. kawin deuina diani
budiarto di bulan juni 2011 jeung riceuwna pangadegan gareja di wilayah kota
bogor bisa nyilep kasus ahmad ka handap. beritana eleh saing jeung berita
ngeunaan pa walikota sorangan.

beda jeung nu tumiba ka eep hidayat. pa bupati nu resep make iket sunda teh
hasil nyieun subang harengheng. diantara nu pangpalingna nyaeta basa manehna
di awal taun 2011 ngajak pupuhu dprd subang, wakil bupati subang, pns eselon
2 jeung tilu malah staf jeung guru ge kawartakeun ngilu keur ngademo
ditetepkeunna eep jadi kadakwa korupsi ku pangadilan. malah basa vonis bebas
ge aya rarancang keur ngarak eep numpak sisingaan ngurilingan kota subang.
cek pupuhu humas kabupaten subang, rarancang eta teh kahayang masarakat keur
manjatkeun sukur. duh, bupati nu luar biasa hebat nya?

--

vonis bebas tina dakwaan korupsi memang lain wae jadi berekah dua pupuhu
wilayah sunda eta. masih di tatar nu sarua, dina bulan agustus 2011,
pangadilan tipikor bandung ge geus ngetok palu bebas keur kapala dinas
budaya jeung pariwisata kota bandung, priatna wirasaputra, nu kalibet kasus
korupsi relokasi padagang emperan.

jeung lamun urang ngasupkeun kecap konci '*terdakwa korupsi bebas*' ka mesin
panyusud google, di kaca hareup urang bakal manggihan, di luar tilu kasus nu
geus disebut, sahenteuna hiji kasus bebasna kadakwa korupsi di bulan
september 2011, dua kasus di bulan agustus 2011, jeung aya warta nu
nyebutkeun di pangadilan tipikor surabaya, ti mimiti ngadeg, aya 16 kasus nu
sarupa kitu.

data-data di luhur nuduhkeun yen kasus korupsi teh kasus hese. ku kaayaan
indonesia cara ayeuna bakal kacida susahna keur ngabuktikeun korupsina para
mahamaling jeung megarampog ieu di pangadilan. hal ieu teu lepas ti sistem
hukum jeung politik di indonesia. hukum nu teu seukeut jeung politik nu
riweuh ngurus sorangan. jadina mahamalingmegarampog leuwih palinceng dina
susulumputan jeung luak-leok nyingkahan panggetok hukuman. pakakas hukum
(polisi jeung jaksa) mintul, teu sanggup leuwih rohaka dina nyiar bukti.
kitu deui politikus nu ukur rame riceuw di media koncara.

rea nu mere jalan kaluar keur ieu kaayaan. ti mimiti ngarobah istilah keur
rampog duit rahayat ieu, ulah deui koruptor nu kareungeuna hade, sabab
ahiran -tor cenah ngeunaheun persis cara mun urang ngadenge kecap editor
atawa aktor. ganti we cenah ku ahiran -pret, korupret ngarang karengeuna
goreng cara kampret.

aya oge nu ngusahakeun sangkan komisi pemberantasan korupsi (kpk) dikuatan
deui. sabab sanggeus dicehcer ku kasus pupuhuna, antasari azhar taun 2009
alatan dituduh maehan nu dijerona aya carita salingkuh, kpk ditiley
kakuatanna nyirorot. beuki rea jalma nu wani nambalang malah hayang mareuman
ka lembaga nu dijieun sabab rohakana korupsi di indonesia teh.

teu hilap rea nu hayang sangkan undang-undang ngeunaan korupsi dirobah.
hukuman keur rampog ieu ditambahan, metode ngabuktikeunna dibalik, lain deui
jaksa nu kudu ngabuktikeun aya henteuna korupsi, tapi nu didakwa nu kudu
ngabuktikeun duit eta meunang ti mana jeung rea-rea deui.

tah ayeuna, kuring kalah bingung mikiran tungtungna. kudu dikumahakeun tah
si korupsi teh atuh?

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke