Muhun tah margaluyu. saned sinar saluyu ! Hahahah. Soal sisipan; atuh al aya ar aya; naha bade dipupus ku kang dudi nu herlianto ? asal kecap GEDE; lamun dianggo sisipan AR jadi garede; tangtu we teupayus ! Da ti baheula ge GALEDE ! Jadi nu bener sisipan al ! Cek saha nu bener teh ? Cek nu nyipta Nasa Sunda baheula; ari bade dirobih ku kng Dudi mah nya tiasa wae; naha atuh teu ngusul dina mangsa aya pertemuan inohong basa sunda ? nu kakara pisan tutupna ?
--- On Mon, 12/9/11, Dudi Herlianto <[email protected]> wrote: From: Dudi Herlianto <[email protected]> Subject: margaluyu, indung jeung sisipan -ar-/-al-, sarta ngeunaan pulitik basa sunda Re: [kisunda] Sawah 100 Hektare keur Katahanan Pangan? To: [email protected] Received: Monday, 12 September, 2011, 7:26 AM haturan baraya, kumaha daramang? wilujeng damel deui santos mudik kamari/pakansi nya. reueus ningal milis kisunda rempeg ku bahasan kageman. mantap. berekah ramadan. mung ayeuna mah kuring moal deuk ngiring aub kana hal eta. ieu mah rek nyanyahoanan, punten ka bah abas amin bilih sikuring kalebet ka lauk buruk milu mijah, ngajar ngojay ka ricad sambera. mun teu lepat inget mah, wangun nu jiga di handap sanes sisindiran tapi margaluyu dimana tiap engang tungtung hiji padalisan jadi engang mimiti kecap di padalisan saterusna. conto popiler (kecap ieu menang mulung ti mangle) sejenna: bang kalima-lima gobang bangbangkong di tengah sawah wahwahai tukang bajigur gurguru sakola ngaput putputri nu gareulis lislisung kadua halu lu luhur kapal udara raragrag di jakarta tataun dua rebu bubupati ditinggalkeun wakilna nanaha nya? :) saterasna. masih ngeunaan kabasasundaan. kamari kuring kungsi 'pasea' jeung indung perkara sisipan -ar- jeung -al-. nu jadi masalah nyaeta mun eta dua sisipan teh dibebeskeun kana kecap 'gede'. cek kuring nu bener teh 'garede'. tapi indung kalah nyeungseurikeun, pokna salah, nu bener mah 'galede'. 'garede' mah dina dedengean matak getek, cenah. kuring teu narima, kuring mere conto sejen nu miguna -ar-: gareulis, karasep, daramang. indung ge teu eleh geleng, nyebut nu samodel 'galede': laleres (indung nyebut sababara kecap, ngan kuring ayeuna hilap deui). nu inget, ampir kabeh kecap nu ditataan indung boga engang kadua 'er'. ku kituna kuring terus nambalang indung. cekeng, bisa jadi eta kecap-kecap teh kuduna mah make -ar- ngan dasar letah banjarasih (aran lembur kuring) nu hese nyebut dua 'r' nu padeukeut tungtungna kapaksa ngarobah -ar- jadi -al-. tetep, indung kuring angger teu narima, alesanna masih nu tadi: 'garede' teu ngeunah kadengena. tungtungna, sabab teu aya nu daek ngelehan, kuring jeung indung sapuk keur teu sapuk. najan papada tigin dina kayakinan, kuring jeung indung mupakat teu mawa ieu masalah ka tingkat nu leuwih handap: GENGGERONG!. jigana papada rumasa masih kurang elmu. heuheu. ti dinya kuring mikir, meureun ieu pungsi penting ayana lembaga pulitik basa, nu ngatur panyaang ngeunaan kabasan teh. eta lembaga nu kudu bisa ngabengraskeun keur nu bingung nangtukeun nu mana sisindiran, nu mana margaluyu, wawangsalan, rarakitan jsb. kumaha cara mebeskeun sisipan, migunakeun awalan jeung ahiran. ku ayana lembaga eta, diharepkeun, tangtu pabentarpaham samodel ngeunaan undak-usuk basa, basa lulugu geus teu kudu ngayayay gantung dengeeun. ngan nu kabayang oge, jalan ka ngadegna ieu lembaga pasti tarahal. huma nu dipercaya jadi dadasar sunda bisa jadi embe hideung. sabab cenah huma nyababkeun sunda loba nyieun komunal, nu daek teu daek nuwuhkeun ego komunalisme masing masing, cek mitos mah (keun bae nya bari make kategorisasi asal-asalan ge) cirebon, priangan, bogor, jeung banten bakal hese ngahiji. ongkoh lembaga pulitik basa ieu ulah dugi tujuanna keur maksa nu rea jadi hiji. ukur keur pangaping atawa obor ka urang sunda nu bingung ku reana paham. kuring ngan bisa ngabayangkeun, keur lengkah munggaran asa ku hade lembaga pulitik basa sunda teh ngadeg di unggal komunal. hiji di cirebon, hiji di priangan, hiji di bogor, hiji deui di banten. perkara engkena hiji lembaga politik eta masih keneh bisa ngadominasi lembaga sejen, keun engke urang pikiran deui. da cek pikir, satungtung dominasi uteuk nu midang, sanes nu tarung dominasi nu handap model genggerong komo kokod mah, asana masih keneh hade. tos ah, bisi beuki ngayayay. rahulan kuring teh dipungkas wae nepi ka dieu. hapunten matak lieur sareng nuhun tos kersa maca ieu seratan dugi ka tamat. heuheu. dudi 2011/9/11 Abbas Amin <[email protected]> Tah ari masalah warga Bandung pinggir jalan mah; aya sisindiranna; edisi taun 1960an. Majalah WARGA, urusan bubar su Rat Rata unggal Nag Ri Risi Nusa Ja WA Wajib dihartikeun Keuna ku bera Kal Kalakuan So MAH Mahiwal tekad Na Naha da geus buk TI Ti Patrol Ciso Kan Kantun cek Para Ja Jalma enggeus lo Ba Barang teu sura Tan Tanah PARIANGAN Ngan teu diparak Sa Sa bab enggeus ya KIN Kinten akhir zaman Matak salaluker Kereteg ing hate Tereh ganti da MEL melang ku PRIBUMI -- d-: dudi herlianto :-qpaciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
