Assalamu’alaikum wa’alaikum salam Bul kukus namaning Rosul kadya menyan Muhammad Pang nepikeun hadiah kaula ka : - Jasmani rohani , Hakekatna : Malaikat Harum Harumanjati Nabi Adam Holipatulloh AS, Sayidina Hasan Husen. Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................
- Dua soca, dua cepil, Hakekatna : Malaikat Jibril Nabi Ibrahim Kholifatulloh AS, Sayidina Abu Bakar Sidiq RA. Syay’ulillahi lahumul Fatihah..................... - Dua panangan, dua sampeyan, Hakekatna : Malaikat Minkail Nabi Enoch Habibulloh AS Sayidina Umar RA Syay’ulillahi lahumul Fatihah..................... - Dua liang pangambung, hiji baham, Hakekatna : Malaikat Isropil Nabi Isa Rochulloh AS Sayidina Usman RA Syay’ulillahi lahumul Fatihah..................... - Dada, tonggong, kenca, katuhu, Hakekatna : Malaikat Ajroil Nabi Musa Kalamull0h AS Sayidina ‘Ali KW Syay’ul lillahi lahumul fatihah................. Nyerebung kamanggung , nyambuang ka awang-awang Kaluhur ka sukma agung, ka handap kalemah putih Ka sunan ibu ka sunan rama Ka ibu kapara pohaci, ka rama kapara dewata Nyanggakeun menyan bodas sakebulan Sari pangbaktining kaula. Deudeuh banget anu sahurip sapati, sarasa, sanyawa Tunggalna jadi sahiji Alloh hu akbar Sri putih cahyaning Alloh Nurrasa rasa Muhammad Aya rasa, tepung rasa,, rasa suci ti qudratna Alloh Aya rasa pangawasaning Alloh Hurip ku nabi, waras ku Alloh Laa ilaha ilaalloh Muhammadar Rosululloh Amin Ya Robbal Alamin, mugi Gusti Alloh nangtayungan. Amin Ya Robbal 'Alamin...............
