Tah geus dirajah ku Kang Dadang
Sok baraya kadinya geura pada ngalalakon
Lalakon naon we kaci

2011/9/17 dadang ustamapraja <[email protected]>

> **
>
>
> Assalamu’alaikum wa’alaikum salam
>
> Bul kukus namaning Rosul kadya menyan Muhammad
> Pang nepikeun hadiah kaula ka :
> - Jasmani rohani ,
>    Hakekatna :
>                       Malaikat Harum Harumanjati
>                       Nabi Adam Holipatulloh AS,
>                       Sayidina Hasan Husen.
>    Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................
>
> - Dua soca, dua cepil,
>   Hakekatna :
>                     Malaikat Jibril
>                    Nabi Ibrahim Kholifatulloh AS,
>                    Sayidina Abu Bakar Sidiq RA.
>   Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................
>
> - Dua panangan, dua sampeyan,
>   Hakekatna :
>                     Malaikat Minkail
>                     Nabi Enoch Habibulloh AS
>                     Sayidina Umar RA
>   Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................
>
> - Dua liang pangambung, hiji baham,
>   Hakekatna :
>                    Malaikat Isropil
>                    Nabi Isa Rochulloh AS
>                   Sayidina Usman RA
>   Syay’ulillahi lahumul Fatihah.....................
>
> - Dada, tonggong, kenca, katuhu,
>   Hakekatna :
>                    Malaikat Ajroil
>                   Nabi Musa Kalamull0h AS
>                   Sayidina ‘Ali  KW
>   Syay’ul lillahi lahumul fatihah.................
>
> Nyerebung kamanggung , nyambuang ka awang-awang
> Kaluhur ka sukma agung, ka handap kalemah putih
> Ka sunan  ibu ka sunan rama
> Ka ibu kapara pohaci, ka rama kapara dewata
> Nyanggakeun menyan bodas sakebulan Sari pangbaktining kaula.
>
> Deudeuh banget anu sahurip sapati, sarasa, sanyawa Tunggalna jadi sahiji
> Alloh hu akbar
> Sri putih cahyaning Alloh
> Nurrasa rasa Muhammad
> Aya rasa, tepung rasa,, rasa suci ti qudratna Alloh
> Aya rasa pangawasaning Alloh
> Hurip ku nabi, waras ku Alloh
> Laa ilaha ilaalloh Muhammadar Rosululloh
>
> Amin Ya Robbal Alamin, mugi Gusti Alloh nangtayungan.
> Amin Ya Robbal 'Alamin...............
>  
>

Kirim email ke