Tah geuning kaluar infona. Nuhun Kang Yuyun. Eta Cimande Tarikolot teh dimana posisi persisna?
2011/9/26 Yuyun Hernawan <[email protected]> > ** > > > Ki,**** > > Ari di Cimande mah, asa teu manggih tenaga dalam teh, kasaktian teh, umumna > tina wirid, duka mun uing teu apal mah**** > > Paguron aslina anu di Tarikolot [Cimade Tarikolot] teu gaduh ngaran, jaman > harita mah tahun 80 an**** > > ** ** > > Daftar jadi murid oge, lain ngisi formulir kawas jaman ayeuna, tapi > silaturakhmi ka guru anu boga sanad ka guru besar di Cimande.**** > > Ditangtukeun poe jeung waktuna pikeun ritual panarimaan, nyaeta, do’a, > dipeureuh panon ku ramuan cimande, terus leungeun jeung mumuncangan > dipeupeuhan ku tiwu meunang ngagarang**** > > Palebah dipeupeuh mah, meunang ceurik gogowakan oge ari teu eramah, > ha,ha,ha, **** > > Beres titidinya karek ditalek [laranganana] mun teu salah mah, kahiji teu > meunang ninggalkeun Sholat, kadua, teu meunang ngadahar daging atah > [maksudna zinah] katilu, lamun gelut **** > > Teu meunang neunggeul ti heula, jadi tungguan batur nyerang tilu jurus, > karek urang meunang ngabales**** > > Dina poe sejenna sowan/silaturakhmi ka Guru besar [ceuk istilah ayeuna mah] > di Tarikolot, jaman harita mah, turunan langsungna masih jumeneng keneh, > mama H. Kohar, sareng putra**** > > Mama H. Acep, nyungkeun restu rek diajar silat Cimande, terakhir ziarah ka > Makam guru awal Cimande, da didinya astanana oge**** > > ** ** > > Latihan fisikna beurat pisan, tiap balik latihan pasti we leungeun jeung > mumuncangan barareuh, balas diadukeun jeung leungeun/mumuncangan guru atawa > murid senior anu tulangna geus teuas kawas kai**** > > Sabab ukuranana kudu bisa meupeuskeun awi hideung kolot atawa kalapa kolot > ku pigeulang leungeun, ari ubarnya nyaeta dioles make minyak Cimande**** > > ** ** > > Aya jurus tangkisan anu ngarana keprak [seueur jurus tangkisan sejenna, > bangkelid, selup jsb] ieu jurus teh, pikeun nangkis teungeulan batur, lamun > nu geus asak mah pigeulang batur teh kudu peupeus**** > > urat geutih na, ari latihanana kudu meupeuhan daun dina tonggong pigeulang > leungeun nepi ka peupeus nurutkeun garis tangan urang J**** > > Lamun dilenyepan, hebat pisan karuhun urang baheula teh, Uang Sunda anu > boga hak waris kana ieu elmu, wajib ngamumule, kalayan kudu nyongcolang > sebenerna mah.**** > > ** ** > > Lamun baheula mah tiap bulan Mulud teh, para murid / jawara cimande teh > kumpul di Tarikolot, silaturakhmi ka guru, ziarah, jeung ngasakeun deui > elmu, duka ari ayeuna mah >
