PBKS - "Sholluu" Siah Pir!
Ku Roni Suarsa

Kahirupan di Saudi, mun ningali tina bagbagan agama, asana teu pati aneh mun
sakirana kuring saeutik nyaruakeun jeung kaayaan dilembur, palebah balatakna
masjid, mun adan nya reang surup kana waktuna, saeutik mereun bedana,
palebah cunduk waktu solat, di urang mah rehe da nu sibuk ibadah mah nya
maranehna nu rajeun datang ka masjid keur nedunan solat, di Saudi mah teu
kitu, solat teh sora imam diasupkeun kana sepeker, jadi ti mimiti cung solat
nepika uluk salam parat para tatangga sabudereun masjid nyaho jeung
ngadenge, utamana ka para awewe nu teu diwenangkeun ka masjid pikeun solat
jamaah.****

** **

Kitu deui dina palebah solat taraweh, matak teu betah kanu tara solat, sora
speaker masjid reang ti unggal juru tilawah qur’an, nu lilana sok nepika
mang jam-jam.****

** **

Tapi sagalarupa, ari ku didasaran ku ageman nu sarua mah geuning teu matak
jadi halangan keur kuring sabalad-balad, samalah ku alpukahna ieu kaayaan
ngajadikeun kuring sabalad-balad saladar, nu asalna remen solat sa hayuna,
jadi rubah ku solat jamaah unggal mangsa, asa ngeunah kacida, tumaninah tiis
ceuli mun tos rengse ngalaksanakeun kawajiban kalayan jamaah mah.****

** **

Ngan sanajan kitu, teu ngabibisani mun dina rap na kahirupan sapopoe
saluareun urusan ageman, geuning rada karasa komo ninggang di urang nu boga
kereutan bengeut asia, katurug ngaran urang Indonesia mah saeutikna rada
kapangaruhan ku kalangkang hibar yen urang Indonesia surupna kasab jadi
jongos, eta ku lantaran eyeubna urang-urang nu ngumbara ka Saudi ngadon
jaradi dengeun jeung supir anu sasatna digawe ngan ukur di Utah etah atawa
dititah wungkul. Eta kaayaan karasa pisan ku kuring sabalad-balad mangsa
karek datang ka Saudi.****

** **

Untungna ku kaparigelan atikan jeung pangalaman dina widang pakasaban, nya
lumayan oge martabat teh rada menyat, komo deui ninggang di urang-urangmah
nu sagoreng-gorengna kalakuan boh mangsa keur gawe atawa saluareun gawe
geuning aya deui nu leuwih rucah jeung bisa disebutkeun leuwih goreng leuwih
males batan urang-urang, sabatae atuh angkatan kuring saparakanca teh aya
onjoyna dina urusan pagawean samalah dipercaya pisan pikeun nyepeng kaluuhan
ngawulang putra pribumi nu marales tea, saeutikna geuning (sanajan teu ngaku
ari kudu jadi alpukahna ku lantaran sikuring wungkul mah) kaayeunakeun
Indonesia teh geus lain wungkul pengekspor pembantu jeung supir, tapi geus
oge kana tahapan ekspor tanaga ahli dina widang teknik sewang-sewangan.****

** **

Apan para ahli Indonesia teh eyeub tibaheula oge? Nyaeta atuh, mereun,
baheula mah urang-urang teh resep ngotok ngowo di lembur, ceuk paribasa deuk
hirup deuk paeh nupentingmah ngumpul ngariung diimah, tah kaayeunakeun mah
rada aya onjoyna make aya kadaek lintar ti lembur, lumayan geuning salian ti
nanjerkeun palakiah oge nanjeurkeun ngaran. Samalah teu pati era teuing mun
dibandikeun jeung nagara tatangga mah ayeuna, sagalana salepel sa propesi,
nuhun Gusti geuning dawuh Anjeun teh nyata kacida, nyaeta, Anjeun teu
samena-mena ngarobah kaayaan hiji kaom lamun teu aya ketak niat deuk
ngarobah ku sorangan mah.****


Sanajan kaitung tinggaleun, tapi nunjukkeun grafik nu ngajaul apung-apungan,
kabukti ayeuna sababaraha nagara mereketkeun maneh neang tanaga ahli khusus
ti urang Indonesia, ieu totonden yen urang Indonesia geus nyimpen
nyambuangkeun hiliwirna kembang kahadean ku alpukahna para lanceuk lanceuk
kuring nu geus tiheula ngumbara.****

** **

Ngan kadangkala sok ngarenyu, lucu, antara hayang seuri, ambek nu nyedek,
mun pareng panggih jeung jalma arab nu anyar, masih keneh tepika ayeuna sok
nyangka ka kuring sabalad-balad teh supir. Kaayaan ieu mangaruhan salah
saurang batur kuring nu nyimpulkeun yen manehna cadu kudu bisa basa Arab
ceunah, mendingan teu bisa weh, kamana mendi teh cukup we ku basa Inggris,
enya eta ge sok aya pangaruhna, da heeuh kalolobaan supir jeung pembantu mah
apanan bisana teh basa Arab da pagaliwota langsung jeung nu jadi dununganna.
Tapi sakuringeunmah nya teu kitu oge, lulumayanan mempeung gaul jeung urang
Arab, nya sabisa-bisa we dijalanan, basa Arab nya kudu, inggris komo deui da
memang pagaulan sapope teh ku basa Inggris, lumayan oge geuning ari rada
caang kana basa Arabmah, dina mangsa keur cacarita ka urang arab rada ngarti
ninggang di urang arab badui nu teu bisa basa sejen iwal ti basa indung
sorangan mah.****

** **

Aya kajadian lucu nu dialaman ku batur kuring, harita kuring saparakanca
jalan-jalan ngurilingan salah sahiji kota, sakumaha ilaharna di arab mun
geus celengkeung adan, pasti kabeh totokoan jeung kagiatan bisnis lainna
pada tutup salila mangsa solat tepika rengsena, saangeusna pasti dibuka
deui, ieu geus jadi aturan nagri Islam siga di Saudi, nu bedegong ngalanggar
aturan pasti keuna hukuman nu kuring teu pati apal nepika ayeuna oge, naha
didenda atawa kumaha.****


Hiji mangsa pas celengkeung adan, batur kuring ngadon dariuk di tolotoar
hiji toko bari arudud ngilu gabung jeung jalma-jalma non muslim, ceuk
angkanan ke we ceunah solatmah di imah da kagok. ****


Di satengahing lalakon, lar liwat pulisi agama (di Saudi mah aya pulisi
agama, tugasna dina urusan agama, salahsaijina ngabuburak urang Islam nu
kulayapan sangkan solat ka masjid) bari cecelengkeungan dina toa speaker,
“Sholluu…sholluu…” ceunah, nu artina, solaat solaat… hartina nitah solat ka
kaum muslim.****


Teu puguh jujutanana si eta pulisi bet curiga ningali bengeut batur kuring
(teuing kumaha caritana), pedah mereun kereutan bengeut batur kuring teu
siga non muslim pedah aya janggotan saeutik kitu? Wallohu a’lam, laju eta
pulisi teh nanya, “sholluu !!!”, diwalon ku batur kuring, “thank you sir”,
si pulisi malik nanya: “inta muslim?” ceunah ka batur kuring, palebah
ngadenge kecap “muslim” mah tangtu ngartieun tah batur kuring teh, terus
ngajawab ku unggeuk. Na atuh teu antaparah deui eta pulisi ngagusur batur
kuring bangun nu ijid pisan (keurmah batur kuring keur udud nu sasatna
diharamkeun ceuk maranehna mah katurug-turug teu solat deuih), bari
diteruskeun ku panitah “lau inta muslim, ya lah sholluu !!!” (lamun maneh
muslim, solaatt kadituh!!!) bari sesentak.****

** **

Batur kuring sasat asa dibentar guludug mereun, dibuburak siga tibum
ngarubuhkeun warung tolotoar, karek ngarti yen hartina *sholuu* teh nyaeta
kecap solat dina wangun kecap parentah, saanggeus kajadian eta kuring
saparakanca pating cakakak seuri, naha bet dijawab “thank you” atuh nya,
marukanna deuk disuguhan dahareun mereun, tah eta balukarna tina teu ngarti
basa dengeun (arab) teh.

Kirim email ke