PBKS - Urang Sunda Munggah Haji 2 Ku Roni Suarsa Carita lucu mangsa hajian.****
** ** Sarengsena jumroh dina poenan awal jeung thowaf (ifadah) sakumna jamaah lalaki kudu ditekteuk buukna, nya boh dibotakan boh henteu, tapi sakumaha ilaharna di arab mah (urang arab sorangan) ampir kabeh dibotakan, atuh kuring sabalad-balad ge diherangkeun sirah teh, kabeneran batur kuring haat make jeung mawa mesin cukur nu batre na dieusian ku listrik (charge), atuh gentian antara kuring jeung balad sejenna, genah ngan sakocepat da lain fesyen, ukur ngababad buuk, blas hiji dua tilu jalma hasil dibotakan, ngan orokaya nu boga mesin bet hayang jadi panungtungan, palebah manehna, eta mesin bet ereun, heeuh mereun da beakeun batre na, mangkaning karek kababad sirah manehna saparapatna, atuh runga ringeu deuk ceurik da manehna poho teu mawa kabel charger na. bengeut bereum bakat ku era.**** Sakur jalma nu ngaliwat nyengseurikeun sirah si eta, ngan untunga aya nu haat disamperkeun ku urang Pakistan, ditulungan di kerik tah sirah batur kuring ku silet, tungtungna parat oge manehna jadi bolenang sanajan leuwih herang kusabab manehna mah dikerik, ari kuring jeung nu lian mah semu hideung da ditekteuk na ku mesin tea.**** ** ** Kuring boga kawawuhan anyar, manehna supir urang Cianjur, kabeneran panggih teh di kemah di Mina, poho deui ngaranna ngan ceunah manehna aya di kemah eta lain hajian, tapi ngadon nganteur dununganana nu jadi patugas haji. **** Harita meneran can dimimitian poenan haji teh (tanggal 7 Dzulhijjah), ku kuring dinaha-naha, naha teu menta widi ka dunungan supaya hajian, pira oge’ ngan sababaraha watara waktu dina sapoe geus kitu prung ngawulaan dunungan, dipikir kumanehna aya benerna mereun, laju menta idin ka dunungan jeung kabeneran dunungan manehna teh bageur make jeung ngidinan sagala. Atuh antukna manehna ngilu rombongan kuring.**** ** ** Dina palebah thowaf mah nu tujuh kuliling manehna anteb da dibejaan ku kuring yen sakuriling teh itunganana mun urang geus nepi kana wates juru batu hajar aswad, saterusna kitu nepika tujuh kuriling, manehna nurut.**** Satutasna thowaf di Ka’bah, diteruskeun ku Sa’i di Shafa-Marwah, ngan hanjakal palebah dieu kuring teu panggih jeung manehna da pagaliwota jeung jutaan jalma nepika papisahna, saberesna kuring ngalakukeun Sa’i, kuring cicing lila naker leuwih ti sajam-na nungguan manehna, dina prok na panggih manehna siga nu cape nakeranan, kesang laat leet, nya ditanya ku kuring teh: **** ** ** “*Kunaon kang, meni siga nu ripuh kitu?”,* Tanya kuring.**** “*Lumayan kang geuning sa’i mah rada cape, kudu ngurilingan nepika tujuh kuriling kieu ning*”, walon manehna.**** “*Maksud akang? Tujuh kuriling kumaha?”,* ceuk kuring panasaran.**** “*Enya, apan tujuh kuriling teh ngitung ti bukit Shafa ka Marwah terus balik deui ka Shafa itunganna sakuriling pan?”,* ceuk manehna bangun nu bingung.** ** ** ** Atuh antara hayang seuri jeung karunya, da geus kagok mereun, kuring alon-alon nyarita ka manehna, yen sa’i teh carana lain kitu, nu disebut tujuh kali teh lain tujuh kuriling ti Shafa-Marwah-Shafa, tapi cukup ti Shafa ka Marwah eta geus kaitung sakali, saterusna ti malik ti Marwah ka Shafa geus itungan ka dua kali, atuh si akang urang Cianjur teh ngalakukeun sa’i nepika opatwelas kali, beu karunya teuing mangkaning sakitu jauhna, tanwande atuh beres ngadobel teh siga nu lunges.**** Tapi tungtungna manehna seuri koneng, seuri antara era (ku can nyaho tea aturan haji) jeung seuri ku kacape mereun.**** ** ** Tisaprak eta manehna geus silih anggap dulur pet ku hinis, sanajan mangkuk di lemah Arab teh pajauh, teu weleh silih takon najan ngan ukur nanya kaayaan, ngan ti saprak beak kontrak gawe terus mulang ka lemah cai, manehna ngiles teu aya kabarna deui, jadi sono.**** ** ** Hanca~**** **
