Sakocepat pisan nu ieu mah dongeng na mang.... Sok ah tarik deui

Sent from my iPhone

On Oct 8, 2011, at 12:36, Abbas Amin <[email protected]> wrote:

> Bhima bungangang pisan barang mireng yen Suyudhana milih dirina. Lakadalah
> pejet siah digebug ku aing ieu mangkuluk durjana teh. Kitu Bhima na pikirna.
> Terus wae maju bari ngajingjing Gada RUJAKPOLO; teu loba catur eta dua
> Satriya teh langsung wae bitotama ngagunakeun Gada.
> 
> Ieu tarung dua satriya pinilih, ti Kurawa lan Pandawa teh dimimitian waktu 
> srangenge lingsir ngulon; da perang lekasan samemeh panonpoe surup; lantaran 
> senapatina Salya tos lastari. Duana Bhima ti Pandawa sareng Suyudhana ti 
> Kurawa
> sarua tapisna ngagunakeun gada; duana pinter pisan kumaha maju mundur di na 
> ieu
> tarung. Itu ieu kaciri wani jeung hayang ngelehkeun satru kabuyutanana.
> 
> Nu tarung teh sering papuket padeukeut; tapi kadang kala ngejat saling 
> ngajauhan,
> ngajaga teu kadesek; Bhima rada heran lantaran beda ti nu biasa; Suyudhana 
> ayruna
> kacida wanina; nepi ka Bhima sering kadeseh tapi lantaran Bhima leuwing 
> jangkung
> gede ti batan Suyudhana jeung tanaga leuwih rosa nya sering oge Suyudhana 
> kapangpengkeun
> lantaran panakis Bhima. Tapi batan sieun Suyudhana beuki wani wae.
> 
> Bhima rada pusing oge lantaran teu bisa wae ngelehkeun Suyudhana; da memang 
> Suyudhana
> kesit pisan; Bhima memang meunang tanaga; tapi Suyudhana gesit; tapi na hiji 
> mangsa mah
> gelebuk wae tonggong Suyudhana kakeunaan gada tarik pisan ! Bhima bungah 
> lantaran pasti
> Suyudhana ngajongkeng; tapi nyata Suyudhana kuat pisan; ngan ukur 
> ngabangkieun saeutik terus 
> males, keuna ka na bahu jeri Bhima; Bhima rada mundur; keur kitu hiuk deui 
> sora gada nyerang;
> Bhima luncat ngaleupaskeun diri ti na tekenan Suyudhana; Suyudhana terus 
> ngudag bari
> neunggeul. Bhima geus teu bisa nyingcet deui; supaya ulah rugi teuing terus 
> wae sarua papada
> neunggeul oge. Bhima kakeunaan tonggong; ari Suyudhana sirahna pisan.
> 
> Duanana sarua papada mundur; ngan aneh Suyudhana siga teu ngarasa nyeri sama 
> sakali.
> Bhima beuki heran; tapi terus nuluykeun tarung. Bhima oge sababaraha kali 
> kakeunaan; tapi 
> memang dasarna kuat jasmanina. Atuh ieu dua Satriya teh tarungna geus lila 
> taya nu kasoran.
> Duana sami kuatna. Tapi lila2 Bhima kadesek; lantaran Suyudhana kacirina 
> beuki tanggoh wae.
> Arjuna ngaharewos ka Kresna; Kresna waspada enggal nepak pingping nu kenca; 
> mere kode 
> ka Bhima.
> 
> Bhima enggal wae maju nyerang ka Suyudhana; tariking takdir jeung cilaka; 
> Suyudhana
> luncat nyingcet ti na serangan Bhima; tapi ari jebrod teh pingping kenca 
> Suyudhana katewunggeul;
> Suyudhana ngajerit maratan lngit kungarasa nyeri tapi bari nyorowok :"Eh 
> Bhima licik sampeyan !
> Naha neunggeul handapeun bujal ! Sampeyan lain Bangsa Ksatriya, tapi Sudra 
> Bhima !"
> 
> Bhima nu masih napsu keneh laju luncat beungeut Suyudhana dijejekan jeung 
> diluluh terus
> disogokan ku gada; Suyudhana geus teu mangrupa deui; tapi masih terus 
> cocorowokan nyarekan
> Bhima; Bhima terus ngaleyekn Duryodhana; keur kitu aya nu nyentak tarik pisan 
> :
> 
> "Eh Bhima ! Sampeyan mah lain manusa tapi Bhuta ! Eureun siah ngakakaya nu 
> geus teu walakaya !
> Sampeyan memang kudu dikirim ka naraka ayeuna keneh ku diri KULA !"
> 
> 
> Hanca
> 

Kirim email ke