Milih Pausahaan Anu Ngabimbing Latihan manasik Haji

Beres ngalunasan ongkos naek haji, tanda lunas ti bank disetorkeun ka Kantor 
Agama Kota Depok anu ngurus ibadah Haji. Biasana di kantor agama ditalek naha 
rek ngilua manasik  anu diayakeun ku kantor Agama (mandiri), atawa ka 
pausahaan  Kelompok Bimbingan Ibadah Haji (KBIH). Kuring teu teges ngajawab, 
sabab kuring rek nyoba ngadatangan hiji KBIH di kota Depok   anu dituduhkeun ku 
patugas bank. Harita teh can aya bayangan kumaha bimbingan latihan ibadah haji 
teh. Anu kapikiran teh, nguruskeun surat kasehatan ka puskesmas. Ti Puskesmas 
dibere kartu pikeun mariksakeun kasehatan, utama na mah anu kudu diheulakeun 
kudu di rontgen. Bebas cenah rek dimana wae. Naha di rumah sakit umum atawa di 
klinik swasta. Kuring milih di klinik swasta, gancang beres teu kudu antri. 
Waragadna memang manglipet-lipet upama mariksakeun ka rumah sakit umum (daerah).

Sakumaha anu disarankeun ku patugas Bank, kuring ngadatangan kantor KBIH eta. 
Pausahaan ieu geus 6 tahun boga pangalaman ngabimbing para calon jamaah haji. 
Dipingpin ku saurang ustadz kalahiran Palu (Sulawesi) lulusan Al Azhar Kairo. 
Waktu masih tolab ilmi di Mesir, ari usum haji sok remen babantu panitia haji 
di nagri Arab. Sakapeung mah sok ngabantuan ngalaksanakeun ibadah haji, upama 
aya jamaah haji anu ngabadalkeun kolot-kolotna anu geus almarhum. Tah tina 
pangalaman eta, pa Ustadz dibantuan ku jikanna muka usaha bimbingan ibadah 
haji. Kabeneran tempat latihan manasik haji teh di masjid al Muhajirin Depok 1, 
teu jauh ti tempat dumuk kuring. Nya ahirna mah ngaraso cop, milih KBIH 
Khazanah Mandiri. Latihanana biasana mah wanci bada Isya, saminggu sakali. 
Biasana manasik haji teh dilaksanakeun limabelas kali. Tapi kuring jeung jikan 
mah kurang ti eta, da kakarek dibere nyaho bisa munggah haji sanggeuh latihan 
manasik sababaraha kali. waktu daftar
 ngiluan manasik haji, panitiana kekepehan nolak dibayar tu heula. Tradisi di 
KBIH ieu, bayar manasik hajina teh upama urang geus ngiluan sakabeh manasik anu 
diayakeun ku KBIH. Salian dibere buku, brosur jeung foto copian informasi jeung 
doa doa manasik haji, satiap urang calon jamaah haji dibere handphone haji.  
Ari sajatina mah hp ieu teh mangrupa rekaman anu eusian doa bacaan basa Arab 
anu kudu dibaca waktu ngalaksanakeun ibadah haji. Tapi kusabab wujudna siga hp 
nya dingaranan hp haji. Ceuk cenah hp haji ieu khusus dijieun di Malaysia. 
Kreatif oge.

Pangalaman haji kamari, ari ceuk kuring mah perlu ngiluan manasik haji ka hiji 
KBIH.  Supaya urang boga gambaran jeung dibimbing salila munggah haji di tanah 
Suci. Memang aya ekstra biaya, tapi manfaatna, jadi leuwih husu ngalaksanakeun 
ibadah haji. Aya sababaraha pangalaman anu dibimbing ku instansi kantor agama. 
Di tanah suci sok diantep lurjeunkeun. Salian ti kitu oge, biasana petugas KBIH 
geus nyaho tabiat para panitia urang Arab. aya hiji pangalaman waktu anjog ka 
hotel di Mekah wanci janari, kondisi awak  lesu pisan. Padahal harita teh geus 
make pakean ihram ti awit di Bandara Jedah. koper babawaan masih pating 
solengkrah di lobi hotel anu diturunkeun ku urang Arab.  Gawena lelet pisan, 
jiga anu murukusunu. Ceuk cenah mah, maranehana teh menta bayaran. Mangkaning 
tempat mondok aya di lantei 6. Lamun diangkut ku masing-masing jamaah moal 
sanggup. Pa Ustadz nyamperkeun petugas urang Arab tea. Urang Arab eta 
dibentak-bentak ku Pa Ustadz. kakara weh
 koper-koper diangkut ka lift ku urang Arab. Disangkana jamaah haji Indonesia 
teu ngarti basa Arab jeung bisa "dipalak". Duka tah, mun kitu peta (ngambek) , 
naha ibadah hajina Pa Ustadz batal, atawa heunteu?  (hanca)



________________________________
From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
To: "[email protected]" <[email protected]>
Sent: Saturday, October 8, 2011 7:30 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] PBKS - Mat Sorot Munggah Haji 3


  



________________________________
From: Yuyun Hernawan <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, October 5, 2011 4:30 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] PBKS - Mat Sorot Munggah Haji 2


  
Insya Alloh, Ki
Engke mun tos rada salse
Ayeuna rada pakepuk keneh
 
 
Consider the environment - avoid printing
this document
 

________________________________
 
From:[email protected]
[mailto:[email protected]] On Behalf
Of Ki Hasan
Sent: Wednesday, October 05, 2011
11:01 AM
To: [email protected]
Cc: urangsunda urangsunda; Baraya
Sunda
Subject: [Urang Sunda] Re:
[kisunda] PBKS - Mat Sorot Munggah Haji 2
 
  
Tah
geuning katambahan deui ku Kang Yani. Sok lah Kang Yani teraskeun, tong
hariwang disangka riya sagala. Resep uing macana.
 
Sugan we, baraya sejenna oge ting pucunghul, ngalalakon pangalaman
hirup, sugan bisa jadi pieunteungeun. Hehehe, asa jadi serieus teuing nya.
 
Hayoh Kang Yadi, Kang Yuyun, Kang Tito, Kang Didkdik, sareng Kang-Kang,
Kang-Kang sejenna, geura ngalalakon.
 
2011/10/5 MRachmat Rawyani <[email protected]>
  
Hapunten anu kasuhun, seratan dihandap sanes bade riya. estuning
mung sakadar ngalancarkeun sareng ngalatih kamaheran basa sunda  kuring,
anu kapungkur kantos diajar waktos di SMP (awal 1971-1973). Janten upama aya
basa anu teu merenah, pamugi dima'lum sareng nyuhunkeun dikoreksi.
 
wassalam,
 
mrachmatrawyani
_________________________________________________________________________________________________________________
 
“Jika Allah menghendaki sesuatu terjadi, JADILAH maka terjadilah”
 
Kitu tah salah sahiji ayat anu kaunggel   di bagian ahir
surah Yasin. Kuring haqqul yakin, ayat ieu anu karandapan ku kuring. Salah
sahiji buktina, teu ngimpi-ngimpi acan,  jol bisa weh munggah haji. Sok
sanajan ceuk jikan, manehna mah teu petot-petot ngadu’a  sangkan
 bisa ngalaksanakkeun ibadah haji duaan jeung kuring. Salila nungguan poe
“H”, Alhamdulillah sagala urusan lancar. Atuh rezeki oge dilancarkeun, teu
biasana sok aya wae “panghasilan tambahan” di luar gajih.
 
“Bonus” bisa munggah haji ieu oge, jigana  hasil tina “lulus
ujian” ka  kulawarga kuring. “apakah kamu menyangka ketika menyatakan
beriman Allah tidak akan menguji dengan berbagai ujian?” Alah, poho deui kumaha
persisna ayat al Qur’an eta. Tapi nu jelas mah,  khususna kuring jeung
jikan nandangan ujian anu beurat pisan. Mun teu kuat-kuat teuing mah, iman bisa
soak.
 
Taun 2007, mitoha (bapana jikan) asup rumah sakit Harapan Kita,
kaserang panyakit jantung. Biasana mitoha sok sesek nafas. Hiji mangsa
dipariksa ka rumah sakit harapan kita. Sabada dipariksa, dokter nyaram balik ka
mitoha, poe ata keneh kudu meuting di rumah sakit. Hasil pamariksaan saterusna,
cenah kudu geuwat dioperasi, aya 
“penyumbatan pembuluh darah” anu ngabalukarkeun sok sering sesek
nafas. Operasi “by pass” lancar. Tapi lambat sababarah ajam tina anu
direncanakeun. Sabab aya pembuluh darah anu kudu dikerok/dibersihan heula.
Justru pasca operasi anu leuwih bahaya/kritis, sabab aya komplikasi anu teu
kanyahoan samemehna. Aya kana sabulanna di ICCU. Adi-adina jikan kabagean
ngemitan meuting di ICCU. Kaasup kuring kudu “jaga malem” ngagantian kawajiban
jikan. Nepi ka hiji waktu kulawargi jikan ngumpul di Harapan Kita, sabab
ningali kondisi mitoha aya dina titik kritis pisan. Salian “ngambek” neuteuli
ka dokter anu jaga, harita teh diputuskeun, saupama karandapan kajadian anu teu
dipikahayang, layon rek dibawa kamana jeung dikurebkeun dimana. Jigana adina
jikan anu gawe di Depkes lapor ka Menkes. Ti saprak harita, tim dokter 
Harapan Kita, soson-soson tihothat heunteu tisasari ngarawat mitoha. Urusan
“ngemit mengemit”/jaga malam di rumah sakit the nepi ka ngalaman lebaran di
rumah sakit. Kusabab aya keterlambatan operasi nepi ka dua jamna, hartina
jalanna jantung teh dibantu ku mesin, mitoha ngarandapan “hilang” memori 
jeung “hilang” emosi. Teu inget kajadian-kajadian heubeul jeung teu boga rasa
kasedih atawa kagumbira dina ekspresi beungeutna. Nepi ka ayeuna efek samping
tina operasi anu telat tea, mitoha  jadi rada torek. Pangalaman anu narik
ati salila jaga malem di ICCU teh nyaeta , kamer  ICCU teh lir ibarat
terminal, lamun teu cageur, nya hos paeh. Satiap waktu pan sok ngalongokan
mitoha kajero kamer ICCU. Peuting ieu masih katingali aya pasen deukeut ranjang
mitoha. Isukanana eta tempat teh geus dipake pasen anyar. Kamana pasen nu
heubeul? Nya,  hos paeh. Kajadian siga kitu teh remen pisan.  Nepi ka
apal saha-saha wae kulawarga anu sok ngemitan. Kumaha dina perkara waraga?
Salila dua bulan di rumah sakit, mun diitung dijumlah jambleh teh, logor  nepi
ka 400 juta rupiah mah.  Tapi pan mitoha teh pangsiunan PNS widang
kasehatan golongan IV. Jadi meunang potongan lumayan gede.
 
Ari pangalaman anu karandapan ku kuring pribadi mah lain deui.
Sababaraha taun katukang, panggih jeung sobat dalit waktu jaman mahasiswa. 
Sarua ngiluan bimbingan tes waktu rek asup ka paguron luhur. Atuh waktu
ditarima di FISIP-UI oge, sok indit babarengan waktu acara “diplonco”. Kuring
kenal pisan ka kulawargana anu dumukna di Cideng Barat Jakarta Pusat. Sabada
lulus, manehna gawe di Bank swasta. Ceuk cenah mah kungsi boga jikan, anak
salah sahiji dosen Unpad. Tapi teu lila, terus pipirakan. Waktu panggih deui
jeung kuring, manehna ngajak usaha foto copy di kampus. Kuring kungsi
ngenalkeun jeung dekan hiji fakultas di UI. Malahan mah nepi ka tanda tangan
kontrak sagala. Pikeun modal usaha, manehna ngusulkeun sangkan kuring boga
kartu kredit sababaraha bank. Tina kartu kredit ieu bisa dipake pikeun modal
usaha. Keur mayar cicilan kartu kredit eta, ditanggung ku manehna. Kuring
percaya wae. Maenya sobat jaman mahasiswa jeung kenal kulawargana rek nipu.
Tapi nya kitu tea, jalma mah sok keuna ku owah gingsir. Tagihan kartu kredit
beuki kadieu beuki loba. Malahan mah nepi  bates maksimal. Waktu disasar
dimana cicingna eta batur kuring teh teu jelas. Di telepon teu bisa. Waktu
ditanyakeun ka lanceukna, ari pok teh dijawab. Lain ka batur wae, ka
lanceuk-lanceukna oge wani nipu. Jadi lanceukna oge teu pati mirosea ka sobat
kuring eta teh. Masalahna, eta kartu kredit teh aya di batur kuring. Sedengkeun
tagihan kartu kredit dialamatkeun ka kuring, da kartu kreditna make ngaran
kuring. Jadi kuring repot oge nguruskeun ngablokir kartu kredit eta ka bank
jeung menta karingangan ngeureunkeun bungana. Lamun ngan hiji kartu kredit mah
teu pati masalah. Tapi eta  sobat kuring teh, mawa kabur kartu kredit
kuring aya kana sapuluhna. Bodo pisan kuring teh nya? Enya bodo, sabab teu
nyangka sacongo buuk acan, eta sobat kuring bakal nipu. (hanca)
 
 
 

The information contained in this communication is confidential and may be 
legally privileged. It is intended solely for the use of those to whom it is 
addressed. If you are not the intended recipient, then you are hereby notified 
that any disclosure, copying, distribution or taking action in reliance of the 
contents of this information is strictly prohibited and may be unlawful. BAM 
International bv and its subsidiaries are neither liable for the proper and 
complete transmission of the information contained in this communication nor 
for any delay in its receipt. This e-mail message does not create any 
contractual obligations for BAM International bv and its subsidiaries.



 

Kirim email ke