Kang Haji Yani: "Jadi ngengingkeun tempat mondok teh mimilikan oge. Milikna
rombongan jamaah haji kuring jarak ti hotel ka masjidil haram jarakna ngan
aya sakilo saparapat km. Rezekina rombongan KBIH kuring, mondok di hiji
hotel, dimana anu gaduh hotel teh gaduh nazar. Lamun hotelna katempatan ku
jamaah haji Indonesia, bade diharatiskeun alias teu bayar makan pagi, siang
sareng malam. Jadi salami 25 dinten di Mekah teh, makan gratis. Mangkaning
jamaah haji anu aya di hotel eta teh aya kana 300 an urang. Barang
diusut-usut teh, eh.. Pa Ustad kapala rombongan KBIH kuring, kenal pisan
sareng boss hotel eta. Sering ka Indonesia, balanja kanggo kabutuhan
hotelna. Malihan mah kantos gaduh istri urang Cianjur. Eta panginten nu jadi
matak bageur ka jamaah haji Indonesia. Jadi saur saha Urang Arab telenges,
pelit, pikasieuneun?"
===

Hehehe. Tuh pan ku ayana lalakon Kang Yani munggah haji, uing jadi meunang
info pangimbang negunaan urang Arab. Numatak teu aneh nya, najan beja
dikoran loba nu matak pikahariwangeun. Eh keukeuh we loba baraya nu harayang
ka Arab pikeun nyiar kipayah.

Bulan kamari, uing kapaksa sapoe jeput luntang-lantung teu puguh cabak di
bandara Cengkareng. Geus bosen ngurilingan ngukur bandara, ngadon reureuh
dina bangku ruang tunggu. Didenge-denge teh aya dua wanoja keur guntreng
ngilingan tiket. Nu hiji jiga geus rada aya umuran, nu hiji deui mah ngora
keneh. Didengekeun teh asa apal logat nyaritana. Ku uing ditanya, "Aya
naon?" "Can I help You?" cekeng teh. Hehehe. Sihoreng duanana urang Sunda,
nu rada kolot urang Sumedang, ari hiji deui nu rada ngora keneh mah urang
Ciamis, asana mah. Si Ibu Sumedang cenah rek indit ka Oman, manehna geus
tilu taun gawe jadi diditu. Ari Si Euceu Ciamis mah cenah rek ka Bahrain
asana mah. Duanana ngarasa betah digawe di Arab, nya rek baralik deui ka
ditu.

Naon nu diguntrengkeun ku si Ibu jeung si Euceu teh, taya lian manehna
bingung maca tiket. Kudu naek pesawat nu mana, jeung wayah kumaha miangna.
Pedah tiket tulisanana eueuh nu make basa Sunda meureun, da puguh make basa
Inggris wae. Ku uing diilikan tiketna. Nya dibejaan yen si Ibu kudu naek
pesawat bogana maskapai pangapungan Thailand. Sarta manehna bakal transit
heula di Bangkok.

Dua wanoja Sunda nu gagah perkasa, nu kapaksa nyiar kipayah sorangan, najan
kudu nepi ka tungtung dunya. Nu ukur nandonkeun kaluas jeung kaludeung.
Salakina mah teuing kamarana, boa-boa ukur bisa nyalindung ka gelung. Nu
sakuduna kawajiban manehna nganpkahan kulawarga.


2011/10/8 <[email protected]>

> **
>
>
> **
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * [email protected]
> *Date: *Sat, 8 Oct 2011 14:56:06 +0000
> *To: *urangsunda urangsunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [Urang Sunda] PBKS - Mat Sorot Munggah Haji 4
>
> Manfaat gabung ka KBIH
>
> Seueur mangpaat ngiringan sareng KBIH. Utamana mah dina nguruskeun sagala
> persiapan di lemah cai sareng waktos di Tanah Suci. Taun 2008 nguruskeun
> paspor haji diurus ku KBIH. Teu jiga ayeuna diurus sacara pribadi. Kitu oge
> pamariksaan kasehatan. Tim dokter tiasa dipanggil sacara khusus, marios
> kasehatan calhaj rombongan KBIH.
>
> Nya kitu oge dina perkara persiapan naon wae cacandakan nu kedah dicandak.
> Contona kaperyogian sadidinten di tanah suci. Kayaning tambang, paku,
> jepitan pakean. Kaperluan pribadi eta mah hiji kawajiban anu kedah dicandak
> sacara pribadi. Tapi palu paragi mageuhan paku cekap sarombongan nyandak
> hiji diangge sasarengan. Masalah sapele, tapi urang teh teu terang kenging
> tempat mondok dimana. Kadang di hotel oge tempat jemuran terbatas. Kaleresan
> tempat kuring mondok teh kengingkeun hotel anu caket ka toko/pasar. Atuh
> sagala kaperyogian nyampak sadaya. Ti ngawitan tambang, sabun cuci dugi ka
> katuangeun. Ari batur pun bojo kenging tempat mondok di hiji bumi nu agreng,
> masih enggal keneh, tapi tebih kaditu kadieu. Eta oge aya kendaraan beus
> husus ngangkut jamaah ka masigit haram, tapi ngan ngalangkung dua jam
> sakali. Repot pisan. Teu aya toko/padagang klontong caket bumi eta.
>
> Jadi ngengingkeun tempat mondok teh mimilikan oge. Milikna rombongan jamaah
> haji kuring jarak ti hotel ka masjidil haram jarakna ngan aya sakilo
> saparapat km. Rezekina rombongan KBIH kuring, mondok di hiji hotel, dimana
> anu gaduh hotel teh gaduh nazar. Lamun hotelna katempatan ku jamaah haji
> Indonesia, bade diharatiskeun alias teu bayar makan pagi, siang sareng
> malam. Jadi salami 25 dinten di Mekah teh, makan gratis. Mangkaning jamaah
> haji anu aya di hotel eta teh aya kana 300 an urang. Barang diusut-usut teh,
> eh.. Pa Ustad kapala rombongan KBIH kuring, kenal pisan sareng boss hotel
> eta. Sering ka Indonesia, balanja kanggo kabutuhan hotelna. Malihan mah
> kantos gaduh istri urang Cianjur. Eta panginten nu jadi matak bageur ka
> jamaah haji Indonesia. Jadi saur saha Urang Arab telenges, pelit,
> pikasieuneun?(Hanca)
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>

Kirim email ke