Alhamdulillah. Kang Yani, hatur nuhun parantos nyaritakeun deui pangalaman
zaroh katanah suci Mekkah; oge ka Mh, anu parantos mairan. Lalakon kang Yani
jadi nyaimbangkeun beja-beja samemehna ngeunaan kajadian-kajadian nalika
keur di Mekkah nedunan kawajiban naik haji anu matak pikahariwangeun, malah
matak mikir dua kali dina mutuskeun indit munggah haji. Lalakon kang Yani
oge nambahan carita-carita ngeunaan barokah anu naek haji.

Jadi, lamun dicokot tungtung-tungtungna, aya dua pangalaman nalika keur
nedunan kawajiban haji anu paadu hareupan. Pangalaman kahiji ngeunaan
kasusah atawa karerepet atawa cobaan mangrupa kagorengan. Upamana wae,
carita jama'ah anu pamajikanana dibawa kabur ku supir taksi. Aya deui, malah
teu saeutik lalakon jama'ah haji anu kaleungitan harta banda, boh duitna
atawa perhiasanana; oge carita anu kasasar atawa kasarung nepi ka kudu
diteangan ku jama'ah sejenna;  jrrd versi anu matak pikasediheun utamana
keur anu ngarandapanana.

Pangalaman anu kadua, sabalikna ti nu kahiji, nyaeta lalakon-lalakon meunang
kabagjaan atawa kabungah atawa kasugema salila ngalaksanakeun ibadah haji,
utamana keur anu ngalamanana, pon kitu deui, pikabungaheun keur anu
ngupingkeunana (utamana keur anu tatan-tatan rek indit zaroh mangsa-mangsa
ka hareup). Upamana wae, nya lalakon kang Yani anu sasatna kagunturan madu
meunangkeun hotel jeung servisna anu haratis, malah keur 300 urangeun. Aya
oge pangalaman salah saurang jama'ah, sebut wae bp X, anu salila di tanah
sucina teh mindeng didatangan ku jelema / jam'ah sejenna bari anu datang teh
mere duit ka si bp X, jst, jst.

Umumna, aya hiji katerangan, anu ngajelaskeun dua versi kajadian anu
patojaiyah sakuma ditataan di luhur. Ieu katerangan teh malahan mah geus
jadi hiji "common sense" atawa kayakinan umum ampir satiap muslim, boh anu
geus zaroh atawa anu tacan. Yen cenah, momen naik haji teh eta hiji miniatur
tina poean pangadilan atawa mangsa-mangsa amal urang diwales. Sabaraha dosa
atawa kasalahan urang nalika hirup di dunya ieu samemeh naik haji atawa
nalika keur naek haji pisan diebrehkeun atawa ditingalikeun atawa
diingetkeun nepi ka hiji dua diwales ku ganjaran anu satimpal dina mangsa
keur naek haji keneh. Upamana wae, anu kaleungitan barang cenah ku sabab
inyana sombong ngarasa bebekelan samakta jeung rada ngahina ka batur
sarombonganana anu bekelna samporet. Anu pada ngarubung bari sawer ku
pamerean cenah keur di lemah caina teh anjeunnna, bp X tea, eta hiji jalmi
anu berehan, salah sahiji kabiasaanana nyaeta unggal bulan ngumpulkeun budak
yatim laju maparin sidekah ka eta budak yatim sadayana.

"Hukum" anu ditarik tina pangalaman masyarakat salila ngalaksanakeun ibadah
haji sakumaha "common sense" di luhur hade wae, tapi henteu bisa disebut
larap sagemblengna. Hadena, sangkan urang salawasna ngaronjatkeun kualitas
tingkah laku urang, hirup kudu apik, ulah nganyeyeri nu lian sok sanajan teu
karasa ku urang; ukuran hirup ulah museur kana kasugema diri, tapi kudu
ngaragangan anu lian; kudu remen amal jariah mere maweh kasasama, jst,
jst,...pikeun nyinglar kagorengan jeung sangkan meunang wawales anu hade
salila ibadah haji di tanah suci.

Henteu larap segemblengna, jeung memang ulah dianggap segemblengna sahih eta
"hukum" tehu, kusabab sababaraha hal. Kahiji, teu salawasna amal-amalan
urang salila di lemah cai, boh anu gorengna atawa anu hadena, aya wawalesna
salila di tanah suci. Upama kitu, atuh keur naon engke aya poe akhir (poe
Qiyamah/ Akherat); jeung deui, di dunya mah tempat beramal, mangsana
pepelakan keur teangan engke jaganing geto. Kaduana, teu salawasna oge hiji
kajadian teh kusabab hal atawa pagaweana nu, minimal, sarua. Upamana wae,
jalmi anu ngalaman pamajikanana dibawa kabur eta lain pedah anjeunna nalika
di lemah cai kungsi mawa kabur pamajikan batur, upamana, ieu mah. Jadi,
relasina teh henteu kudi hiji fungsi wawales anu satimpal. Aya hikmah anu
sakapeung urang hese ngemutanana dina satiap kajadian.

Naon atuh anu tiasa dicekel minangka patokan? Mangga, dihaturanan ka
sadayana kanggo nyimpulkeunana. Keur kuring, sawatara ieu, nya zaroh ka
tanah suci teh kudu diniatan ku seja ngalaksanakeun salah sahiji parentah
Gusti Alloh, kudu datang kalawan mawa hate anu wening beresih (biqolbin
salim), masrahkeun sagala rupana ka Gusti Alloh kalawan tetep ikhtiar dina
prak-prakanana, jst, jst sakumaha dina risalah Al Huquq oge dina
pedaran-pedaran hikmah ibadah haji, upamana wae "Haj" na ti Ali Syari'ati,
jsb.

Cag heula.

manar







2011/10/9 Ki Hasan <[email protected]>

> Hehehe. Tuh pan ku ayana lalakon Kang Yani munggah haji, uing jadi meunang
> info pangimbang negunaan urang Arab. Numatak teu aneh nya, najan beja
> dikoran loba nu matak pikahariwangeun. Eh keukeuh we loba baraya nu harayang
> ka Arab pikeun nyiar kipayah.
>
>
> Dua wanoja Sunda nu gagah perkasa, nu kapaksa nyiar kipayah sorangan, najan
> kudu nepi ka tungtung dunya. Nu ukur nandonkeun kaluas jeung kaludeung.
> Salakina mah teuing kamarana, boa-boa ukur bisa nyalindung ka gelung. Nu
> sakuduna kawajiban manehna nganpkahan kulawarga.
>
>
> 2011/10/8 <[email protected]>
>
> **
>>
>>
>> **
>>
>> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>> ------------------------------
>> *From: * [email protected]
>> *Date: *Sat, 8 Oct 2011 14:56:06 +0000
>> *To: *urangsunda urangsunda<[email protected]>
>> *ReplyTo: * [email protected]
>> *Subject: *Re: [Urang Sunda] PBKS - Mat Sorot Munggah Haji 4
>>
>> Manfaat gabung ka KBIH
>>
>> Seueur mangpaat ngiringan sareng KBIH. Utamana mah dina nguruskeun sagala
>> persiapan di lemah cai sareng waktos di Tanah Suci. Taun 2008 nguruskeun
>> paspor haji diurus ku KBIH. Teu jiga ayeuna diurus sacara pribadi. Kitu oge
>> pamariksaan kasehatan. Tim dokter tiasa dipanggil sacara khusus, marios
>> kasehatan calhaj rombongan KBIH.
>>
>> Jadi ngengingkeun tempat mondok teh mimilikan oge. Milikna rombongan
>> jamaah haji kuring jarak ti hotel ka masjidil haram jarakna ngan aya sakilo
>> saparapat km. Rezekina rombongan KBIH kuring, mondok di hiji hotel, dimana
>> anu gaduh hotel teh gaduh nazar. Lamun hotelna katempatan ku jamaah haji
>> Indonesia, bade diharatiskeun alias teu bayar makan pagi, siang sareng
>> malam. Jadi salami 25 dinten di Mekah teh, makan gratis. Mangkaning jamaah
>> haji anu aya di hotel eta teh aya kana 300 an urang. Barang diusut-usut teh,
>> eh.. Pa Ustad kapala rombongan KBIH kuring, kenal pisan sareng boss hotel
>> eta. Sering ka Indonesia, balanja kanggo kabutuhan hotelna. Malihan mah
>> kantos gaduh istri urang Cianjur. Eta panginten nu jadi matak bageur ka
>> jamaah haji Indonesia. Jadi saur saha Urang Arab telenges, pelit,
>> pikasieuneun?(Hanca)
>>
>> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>>
>
>

Kirim email ke