PBKS - Lalampahan Penang-Singapur
Ku Eli Jamilah

Dinten Sabtu dua minggon kapengker, kaleresan dilongokan ku budak sareng
bapana ka Penang. hayoh we hayang sindang ka Singapur cenah. ah, milari nu
mirah we.. janten, ti Penang, nganggo beus ka Kuala Lumpur.

perjalanan Penang-Kuala Lumpur lamina satengah poe. Beus na benten siga di
urang da badag pisan tur jangkung. nya talibra we da sapapanjang jalan ka
Kuala Lumpur mah ngan kebon sawit satungtung deuleu. aya soteh anu aneh basa
meuntas ti Penang (pulo) ka daratan semenanjung.. abdi mah can ngasaan
meuntas ka Madura ari pulang anting di dieu mah sering... Panjang rupina
sasak luhur laut teh, tapi teu apal sabaraha kilo meterna..

di Kuala Lumpur, biasa we backpacker. kabedag kenah wisma-wisma acan mah. nu
rada sesah teh ku lantaran si Jalu apik rujit, hese emamna. itu salah ieu
salah, maklum ari di Malaysia mah sanguna bear tur teu aya rasaan, bari
bumbu2 masakan na pan barau kari. cekeng teh, ah dasar we si Jalu medal
Cianjur, jadi rewel kana kualitas sangu. da eta mah kukulutus we '  ini ga
enak itu ga suka, makanan kok ga jelas amat '... ehm, Jalu.. Mamah mah
sapopoe nimu makanan ga jelas teh da ngan ngandelkeun kantin kampus..

Malem minggu nongkrong di Bukit Bintang, duaan jeung budak. Bapana mah kalah
ngajoprak lebet angin, ditinggalkeun we di hotel. Ningali rupa-rupa jalema
pagaliwota, tambah wengi tambah rea,  tur seueur atraksi-atraksin asa-asa
mun di Bandung mah di BIP baheula nya abdi keur ngora...

Enjingnya, ngencarkeun budak di Menara Petronas. LEbet ka Petrosains. atuh
eta sabara  jam  boa teu cape-cape si Aa kukurilingan sagala dicobian.
Petrosains teh taman teknologi, terutama anu aya kaitana sareng petroleum,
tur budak bebas ngayakeun percobaan2 sagala. Abdi nuturkeun bari nalangsa.
Nha, ari bangsa urang nya, pan Pertamina ge teu eleh beunghar.. cing atuh
jieun nu kieu2 wae mah meureun mampuh; malaur anak abdi jadi mengagumi
Malaysia pan..

sadidinten, kukurilingan sabudeureun KL we.Tiket kareta ka Singapur kanggo
engke wengina tos pesen. anu nganggo tempat tidur tiketna 46 ringgit (kinten
138rb rupia), si Aa da masih sapuluh tahun mung di-charge 13 ringgit, tapi
bobona ngiring jeung Mamah atanapi Bapa, cenah. berangkat tabuh 11 wengi,
dugi ka singapur kinten2 tabuh 7 enjing. teu karaos da tibra we sawewengi.
lega tempatna ge.

kareta liren heula di Imigresen Johor Bharu. teu kamamana da petugasna
ngadongkapan tiap korsi atanapi bilik tempat tidur, nge-cop paspor. dugika
 woodstuck atw woodland nya hilap deui nembe turun sadayana, digiring ka
Imigrasi deui. ti dinya, lgsg we ka luar, tos wilayah Singpura. Ayeuna mah
tebih stasion kareta KTM (kereta tanah melayu) teh ti kota, tahun kamari mah
da masih di Tanjung Pagar (?), di kota, ka Little Indian naik taxi mung 4
dollar. ti stasiun nu ayeuna mah aya 20 dollar na ka kota teh.

ti Stasiun ,naik rapid we (beus kota) ka stasiun MRT/LRT dararuka teuing teu
apal kamamana. ari abdi mah kamari da asa carape, naik teksi we ah, langsung
ka Little Indian. Bapana budak keukeuh hayang ka Bugis Junction cenah secara
uber-alles urang Bugis manehna mah. 'Engke' cekeng teh 'kita mandi dulu'.

di Singapura mah werit cai. di jamban-jamban umum, cekap ku keretas tisu we.
Abdi apal di Mustafa Center, Little Indian, aya masjid. Tiasa urang teh ibak
heula tenang dugika wanci sholat lohor. Ari jalan2 mah di dinya we
kukulibekan.. nu penting ibak heula. Meni cepel atuda kesang di Singapur mah
panas hareudang..

beres ibak, nembe ka Bugis Junction. Marukan aya meureun urang Bugis, ah teu
manggih. kalah nu nyarion Sunda nu seueur. Balad-balad urang keur pariknik
nya meureun, balanja angkaribung sagala dibeuli. di dinya maksi alias makan
siang, teras weh ka Suntec rek numpak beus hop on hop off anu hateup beusna
dibuka. eta beus kukurilingan wungkul di sabudeureun Singapura. Dugi ka
Suntec, aya Duck Tour. hayu lah naek, lumayan awis pangaosna tiluan teh 84
dollar. mung satengah jam, nguriligan Singapore Flyer, Merlion jsbn. ti
darat, ngangkleung ka cai.. payus siga entog nya...

uih Duck Tour, naek rapid 36 ka Changi. ongkosna sakitu tebih teh ukur 2
dollar. di dieu rada bingung,turun dimana.  si Aa sareng bapana ka Jakarta
naek Lion, abdi balik ka Penang naek Airasia. turun di Terminal 1, teu aya,
cenah kudu ka Terminal Budget, pan penerbangan murah. tapi teu aya oge.
Ningan Lion sareng Air Asia mah di Terminal 2. Atuh tinggal geleser we naik
Sky Train ka Terminal 2. teu kedah kaluar riweuh milari bus-hub.

Changi teh bandara idaman, raoseun pisan. Cenah salami nungguan pesawat, ka
Jakarta tabuh 10 wengi, Bapana tonggoy dina kursi pijat siga nu di mall-mall
tea. si Aa asik dina komputer. Abdi paturay di Changi, ka Gate C,
penerbangan AirAsia Singapura-Penang tabuh 11.

Tah, kitu Singapur teh Kang Kumi. Ngaliwat we wungkul, pokona tos pernah.
Hoream ka dinya deui ah. mending engke mah naik kareta api teh ka Bangkok we
ti Butterworth, Penang.  Abdi masih di Penang dugika akhir sasih ieu.

Titip we nya Salemba...

Kirim email ke